30+ Adat Istiadat Sunda Ciri Khas Rupa-Rupa Tradisi di Pilemburan

Adat istiadat sunda – Jika dilihat dari kamus besar indonesia, arti dari kata Adat istiadat adalah tata cara atau kelakuan yang sering di lakukan oleh masyarakat di suatu daerah tertentu yang sifatnya turun temurun dari generasi ke generasi lainnya sebagai warisan dari nenek moyang terdahulu, sehingga integrasinya kuat dengan pola-pola perilaku masyarakat.

Dalam adat istiadat yang ada pada suku sunda tentu saja menjadi perilaku budaya dan aturan-aturan yang sudah diterapkan dalam lingkungan masyarakat di jawa barat. Adat istiadat juga sekaligus menjadi ciri khas suatu daerah yang sudah melekat sejak dahulu kala, dan telah menjadi kebiasaan atau tradisi yang ada dalam diri masyarakat di daerah tersebut.

Adat Istiadat Sunda Tradisi Masyarakat Pasundan di Jawa barat

Adat Istiadat Sunda Tradisi Masyarakat di Pasundan Jawa barat

Adat Istiadat Sunda

Lantas bagaimana dengan adat istiadat dalam budaya yang ada di tatar sunda sendiri? yang sekaligus menjadi ciri khas dari masyarakat di jawa barat? Nah, oleh karena itu berikut ini adalah penjelasan mengenai adat istiadat yang ada dimasyarakat sunda dengan judul: “Rupa-rupa adat dipelemburan” yang akan dibahas dengan menggunakan bahasa sunda, artikel ini diambil berdasarkan dari salah satu materi bahasa sunda.

Rupa rupa adat tradisi sunda

Adat Istiadat Mangsa Kakandungan Tradisi Sunda

Adat Istiadat Mangsa Kakandungan Tradisi Sunda

1. Tradisi Opat Bulanan

Di masarakat di Jawa Barat baheula mah nganggap awéwé anu keur kakandungan 2 atawa tilu 3 bulan mah ngan saukur nyiram. Saenggeus liwat ti 3 bulan karék bisa di sebut hamil. Tradisi opat Bulanan téh nyaéta ngabogaan tujuan méré béja ka tatangga atawa baraya yén awéwé éta téh bener-bener keur hamil.

Masarakat sunda ogé percaya yén dina opat bulanan téh waktuna roh di tiupkeun kana janin di jéro kandungan. Opat bulanan biasana sok di ayakeun ku acara pangajian, pangajian téh tujuanna keur ngadoakeun kasampurnaan fisik, kaséhatan, jeung kasalametan si éta orok.

Baca juga: Contoh Uleman Tasyakur Binni’mat Lahirna Sareng Aqiqah Anak

2. Tradisi Nujuh Bulanan (Tingkeban)

Tradisi Nujuh Bulanan atawa Tingkeban dilaksanakeun waktu keur kakandungan tujuh bulan. Tujuan tina tradisi tingkeban nyaéta supaya orok jeung indungna salamet keur mayunan poé ngajuru. Dingaranan Tingkeban, sabab “tingkep” nu hartina tutup. Tutup ngabogaan harti yén awéwé hamil nu geus 7 bulan teu meunang ngalakukeun hubungan suami istri. Salain ti éta, teu meunang barang gawé anu beurat-beurat sabab kakandungan na geus ngagedéan.

Dina acara tingkeban biasana sok ngayakeun pangajian nu macakeun ayat suci Al-Quran, misalna surat Yusuf, Maryam, jeung surat Lukman. Salain éta, aya sababaraha urang deui nu sok ngalaksanakeun tradisi ngabersihan awéwé hamil ku cai kembang tujuh rupa, di mandikeun ku baraya sacara piligenti. Pas di guyurken anu ka tujuh, belut di asupken nepi ka beuteng éta awéwé hamil, anu tujuanna supaya pas ngalahirkeun orokna leueur kos belut jeung babari kaluar.

3. Tradisi Salapan Bulanan

Adat salapan bulanan ieu di lakukeun pas umur kandungan geus nincak kana salapan bulan. Dina acara adat ieu biasana sok diayakeun pangajian anu tujuanna supaya orokna bisa buru-buru lahir ka dunya tur salamet.

4. Reneuh Munding

Upacara adat reneuh munding ieu bakal di laksanakeun mun ceunah umur kandungan geus salapan bulan, tapi can ngajuru keneh.

Adat Istiadat Babaran jeung Mangsa Orok di Tatar Sunda

Adat Istiadat Babaran jeung Mangsa Orok (Bayi) Tradisi Sunda

5. Tradisi Miara Tembini

Adat tradisi sunda ieu dilakukeun maksudna keur ngahormatan tali ari-ari. Upacara adat ieu dilakukan sabab masyarakat percaya yén ari-ari téh dianggap bagean ti kaluarga orok, tah pas miceun tali ari-ari ogé ulah papaduan miceun baé, biasana sok di kubur atawa di tendeun dina para hawu.

6. Tradisi Nenjrag Bumi

Upacara adat ieu dilakukeun ku cara nembrak ku palu, tujuanna supaya orok henteu téréh rewasan mun ceunah ngadengé sora.

7. Tradisi Puput Puser

Adat sunda ieu di lakonan mun tali ari-ari na geus lepas, kudu ngayakeun acara salametan.

Baca juga: Conto Sambutan Kalahiran Anak Bahasa Sunda

8. Tradisi Ékah

Adat istiadat ieu dilakukeun sakumaha nu diajarkeun ku agama islam, tujuana ucap sukur ka anugrah ti Allah, nyaéta anak. Adat ieu Biasana dilaksanakeun mun umur orokna geus tujuh poé, opat belas poé, atawa bisa ogé dua puluh hiji poéna. Ilaharna kolot budak sok meuncit embé (domba). Dua siki lamun budakna lalaki, hiji mun budakna awéwé.

9. Tradisi Nurunkeun

Adat ieu dilakukeun pas orok geus mimiti nincak buruan imah, tujuanna supaya orok gampang nyesuaikeun dirina jeung méré nyaho ka tatangga jeung baraya, yén orokna geus bisa diajak ka luar imah.

10. Tradisi Upacara Cukuran (Marhaba’an)

Adat upacara cukuran dimaksudkeun keur ngabersihkeun bu’uk orok tina sagala macam najis. Upacara marhaba’an ieu mangrupakeun rasa sukur ka Allah S.W.T, Upacara cukuran atawa marhaba’an ieu dilaksanakeun pas umur orok geus nincak 40 po’éna.

Adat Upacara Mangsa Murangkalih (Masa Kanak-kanak)

Adat Upacara Mangsa Murangkalih (Masa Kanak-kanak)

11. Tradisi Upacara Gusaran

Gusaran nya éta ngaratakeun huntu budak awéwé, maksudna téh méh huntu budak éta rata tur tambah geulis. Adat istiadat Gusaran di budaya sunda ieu dilaksanakeun lamun budak awéwé umurna geus 7 taun.

Upacara dimimitian ku didandanan, terus ngabacakeun pidu’a sareng solawat nabi Muhammad SAW, sageus kitu karék ngalaksanakeun gusaran, lamun tos beres disawer. Biasana mah dina upacara gusaran ieu sok dilaksanakeun tindikan, nyaeléta ngabolongan cepil keur masang anting budak awéwé.

12. Tradisi Upacara Sepitan (Sunatan)

Upacara sunatan dilakukeun supaya beresih tina najis. Budak nu tos ngalakukeun upacara sepitan atawa sunatan ieu dianggapna geus ngalaksanakeun salah sahiji syarat islam. Upacara sepitan keur budak awéwé mah keur orok kénéh, sedengkeun mun budak lalaki biasana mun geus nincak umur 6 taunan.

Upacara mimitina budak dimandian atawa dikeueum dina kolem heula, terus dipangku keur disunatan ku bengkong. Hayam jago dipencit, petasan disunut, sabari tatabeuhan. Tidinya tamu uleman nyecep ka budak nu disunatan. Dina upacara ieu, sok aya hiburana ogé saperti wayang golek, sisingaan, atau tatarian.

Salengkepna: Adat Tradisi Kabudayaan Nyunatan (Khitanan) di Tatar Sunda

Adat Istiadat Samémeh Akad Nikah

13. Tradisi Nendeun Omong

Nendeun omong nya éta datangna pihak lalaki ka imah pihak awéwé keur silaturahmi jeung ngadeukeutkeun.

14. Tradisi Ngalamar

Ngalamar nya éta datangna pihak lalaki ka imah pihak awéwé keur ngalamar. Biasana sok bari ngabahas poé nu alus keur ngawinkeuna.

15. Tradisi Seserahan

Seserahan nya éta pihak lalaki nyerahkeun ka pihak awewe. Biasana sok mawa duit, persiasan, kosmetik, kué, bolu jeung sajabana sasuai jeung kamampuhan ti pihak lalaki.

16. Tradisi Ngeuyeuk Seureuh

Ngeuyeuk seureuh hartina babarengan ngurus atawa migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hadé. Ngeuyeuk seureuh saenyana mah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna boh batina.

Adat Saenggeus Akad Nikah

17. Tradisi  Munjungan (Sungkeman)

Adat istiadat ieu dilaksanakeun sabada akad nikah, yén dina ngawangun rumah tangga téh urang moal bisa leupas tina pangjurung sareng doana ti indung bapa, indung tunggulna rahayu, bapa catang nu darajat, nyaah jeung deudeuh moal pegat najan tos katalian ku beungkeutan raki rabi.

18. Tradisi Sawer

Sawer dilakukeun ku cara ngawurkeun duit récéh, duit kertas, kembang, béas konéng, jeung dua siku tékték jeung permén terus di awurkeun ka pangantén terus dipulung ku tamu ondangan.

19. Tradisi Nincak Endog

Nincak endog biasana sok dilaksanakeun saenggeus di sawer. Dina palaksanaanna, pangantén awéwé ngabeleum tungtung harupat terus dipiceun. Tidinya panganten lalaki nincak endog terus sukuna diberesihan ku cai tina kendi ku panganten awéwelé sarta kendina dipiceun nepi ancur.

20. Tradisi Muka Panto (Buka Pintu)

Adat muka panto biasana sok dilaksanakeun sageus Nincak endog. Panganten awéwé asup ka jéro imah sedengkeun panganten lalaki nungguan di luar, sanggeus panganten lalaki maca sahadat panto dibuka sarta panganten lalaki dihaturan linggih ka jéro.

21. Tradisi Huap Lingkung

Nyaéta upacara anu dimaksudkeun keur pangantén supaya bisa méré rido, iklas, teu aya batas.

22. Tradisi Seserahan

Seserahan éta sabenerna mangrupa simbolisasi ti pihak lalaki minangka wangun tanggung jawab ka pihak kalawarga awéwé. Pikeun adat istiadat Jawa, seserahan biasana dibikeun peutingna, sedengkeun dina adat istiadat Sunda seserahan biasana dibikeun dina waktu ngeuyeuk seureuh. Tapi teu jarang aya anu méré seserahan dina waktu akad nikah.

Selengkapnya baca: Pernikahan Adat Sunda Tradisional dan Prosési Akadnya

Tradisi Adat Istiadat Upacara Tani

Tradisi Adat Upacara Tani

23. Tradisi Seren Taun

Adat ieu di lakukeun pas ngangkut paré ti sawah ka leuit (tempat nyimpeun paré) maké alat husus anu disebut rengkong. Ilaharna sok maké iringan musik tradisional nu di tabeuh.

24. Tradisi Kawin Tiwu

Upacara adat Kawin tiwu nyaéta sabatang tiwu dikawinkeun jeung tiwu séjénna, tujuanna nya éta ngungkapkeun rasa sukur ka Gusti alloh kana naon anu geus di panenkeun jeung menta supaya hasil tatanen kaharepna lewih alus.

25. Tradisi Ampih Paré

Adat ieu di lakukeun pas nendeun paré ti sawah ka leuit. Leuit hartina nyaeta tempat neundeun pare. Aya dua rupa leuit, nyaeta leuit ageung jeung leuit alit. Leuit ageung nya éta tempat anu biasa digunakeun pikeun nyimpeun paré keur masarakat sa-dusun. Sedengkeun leuit alit nyaeta tempat anu digunakeun pikeun nyimpeun parelé keur hiji kulawarga.

26. Tradisi Ngarot

Ngarot nya éta upacara adat nu dilakukeuna pas wanci ngamimitian melak paré di sawah.

27. Tradisi Sedekah Bumi

Sedekah bumi téh nya éta wujud rasa sukur ka Gusti alloh nnu tos masihan hasil bumi nu ngalimpah ka masyarakat.

28. Tradisi Pesta Laut

Pesta laut nya éta mangrupa wujud rasa sukur ka Gusti anu tos masihan hasil lautna jeung sakaligus pidu’a supaya nalayan dibéré ka salametan jeung kaséhatan.

29. Tradisi Mapag hujan

Mapag Hujan mangrupa sala sahiji adat kasenian anu geus dilaksanakeun ti saprak 100 taun ka tukang. Sabenerna kasenian ieu dipaké lain ngan pikeun usum hujan baé, tapi dilaksanakeun keur talari ngocorkeun cai ti walungan ka sérang atawa ngabeungkat, melak paré atawa Mapag Dewi sri, panén, sarta syukuran di désa.

Adat Tradisi Upacara Adat Kapapaitan (ka Maotan)

Tata Cara Adat Istiadat kamaotan budaya sunda

30. Tradisi Tahlil

Aya sababaraha ritual adat istiadat di Jawa Barat keur jelema anu geus tilar dunya. Conto adatna nyaéta tina tradisi ngamandikeun mayit, ngakafanan mayit, nyolatkeun, nguburkeun, nyusur taneuh, jeung tahlil.

Baca: Contoh Surat Uleman Tahlil 40/100 Hari Bahasa Sunda Doc

Tahlil biasana sok dilakukeun dina poé ka hiji, nu sok disebut poénan atawa nyusur taneuh, poé katilu disebut tiluna, poé ka tujuh disebut tujuhna, poé ka opat puluh di sebut matang piluh, poé ka saratus disebut natus, sataun disebut mendak taun jeung poé ka sarébu disebut newu.

Unsur Adat Istiadat dalam Tradisi budaya di Masyarakat Sunda

Dilihat dari kebudayaan Adat istiadat sunda diatas, dapat diketahui bahwa sebenarnya makna dalam adat istiadat dqri masyarakat sunda ini memiliki empat unsur: yakni nilai-nilai budaya, sistem norma, sistem hukum serta aturan-aturan yang khusus.

  • Nilai-nilai budaya
Nilai budaya merupakan gagasan-gagasan mengenai hal-hal yang dipandang paling bernilai oleh suatu masyarakat. Contohnya; rukun dengan sesama, hormat kepada orang tua, bekerja sama dan lain-lain.
  • Sistem norma
Sistem norma adalah berbagai aturan atau ketentuan yang mengikat warga, kelompok di masyarakat.
  • Sistem hukum
Sistem hukum adalah berbagai aturan atau ketentuan yang mengikat warga masyarakat.
  • Aturan khusus
Aturan khusus adalah aturan atau ketentuan yang mengikat warga kelompok di masyarakat mengenai kegiatan tertentu dan berlaku terbatas atau khusus.

Adat istiadat, kekerabatan, kesenian, bahasa, maupun segala bentuk fisik yang dimiliki oleh suku-suku bangsa yang ada di Indonesia memang berbeda-beda, namun tetap memiliki persamaan yaitu hukum, hak milik, dan kehidupan sosialnya yang berasaskan kekeluargaan. Misalnya pada Upacara selamatan yang menandai tahapan hidup seseorang dalam masyarakat Sunda.

Kesimpulan

Budaya Sunda sunda yang dimiliki orang sunda. kesadaran sejarah orang sunda sudah ada dari jaman dahulu dari keterangan diatas,  dapat diambil kesimpulan bahwa masyarakat sunda kaya dengan adat istiadat dan tradisi yang berupa upacara-upacara adat istiadat yang biasa dilakukan oleh masyarakat dalam memperingati suatu moment, juga bisa sebagai rasa syukur terhadap Tuhan atas karunia dan nikmatNya.

Karena, kebanyakan dari masyarakat sunda mereka percaya bahwa jika tidak mengadakan tradisi atau upacara-upacara diats maka akan dikatakan pamali atau segala sesuatu yang dianggap kurang baik bila tidak dilaksanakan.

Baca juga: Babasan Atau Istilah Larangan “Pamali” Kata Orang Sunda

Jadi, selaku orang sunda sudah tentunya kita harus menjaga dan melestarikan segala sesuatu yang berhubungan dengan adat istiadat tradisi dari kebudayaan sunda. Karna siapa lagi yang akan melestarikannya kalau bukan kita semua sebagai garis keturunannya. Apalagi kita semua sebagai generasi muda yang akan memperkenalkan kepada generasi-generasi selanjutnya.

Sejalan dengan progam penting, yang sekarang harus terus diperkenalkan, bahwa budaya sunda harus tetap lestari (langgeng) jangan sampai tergeser oleh budaya lain, jangan sampai hingga akhirnya orang sunda tidak mempunyai budaya. Kamana Atuh Ari Urang Sunda?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *