Adat, Tradisi dan Budaya

Puisi Sungkeman Bahasa Sunda Kepada Orang Tua Pengantin

×

Puisi Sungkeman Bahasa Sunda Kepada Orang Tua Pengantin

Sebarkan artikel ini

Puisi sungkeman ini ditunjukan untuk orang tua yang dapat diucapkan ketika seorang anak atau pasangan pengantin kepada ibu bapaknya. Sebenarnya sungkeman ini juga dapat digunakan oleh anak atau siswa disekolah baik untuk acara perpisahan atau acara lainnya, karena sungkeman ini merupakan suatu kegiatan sebagai perwujudan rasa saling menghormati terutama untuk seorang anak terhadap orang yang lebih tua atau ibu bapaknya.

Berikut dibawah ini adalah kata-kata atau puisi ucapan sungkeman dalam bahasa sunda yang dapat diucapkan seorang anak kepada orang tuanya, silahkan di khayati dengan penuh nikmat.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Teks Sungkeman Bahasa Sunda Acara Perpisahan Sedih!

Puisi Sungkeman Bahasa Sunda Kepada Orang Tua

Puisi Sungkeman Pengantin Bahasa Sunda Kepada Orang Tua

Ngawitan bismillahir rahmanir rahim.
Kalayan nyebat asma pangeran, dzat anu maha welas tur maha asih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi gusti nu maha suci ngalangkungan jalan jatukrami.

Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridho lillahi ta’ala.  Ngagebregkeun ji’ad pidu’aka kedua mempelai ngalangkungan du’ana Rasulullah SAW. Mangga urang aos sasarengan…

Bismillahir rahmanir rahim Barakallahu laka wabaraka alaika wajama’a bainakuma fi khair. (mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan allah tumeteup enteup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut kahideup duaan, sareng pamudah-mudahan hideup duaan dikumpulkeunana ku allah teh sinanding jeung kasaean. amiin)

(Salajengna budak nyu’uh kana pangkunana ibuna sewang-sewangan)

Duh Ibu hapunten Abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)

Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtilwalidain…” Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng ramana. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng ramana. Du’a ibu nyarengan hideup pikeun lunta.

(Salajengna panganten nyuuh kana pangkonana ramana sewang-sewangan)

Duh Bapa sungkemeun Abdi
Bpa nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka nu janteun putra
Bapa parantos ngatik ngadidik abdi ti leuleutik
Bapa parantos ngaraksa abdi ti bubudak
Hirup abdi helas teu aya paedahna
Saupami abdi ingkar tina du’a sareng panghampunteun ti apa.
Bapa hapunteun abdi, duakeun abdi
Du’a Bapa di dama-dama ku Abdi.

(Salajengna waler ku ramana cepengan mastaka putrana sarengan ku manah nu ikhlas manteng ka nu maha suci)

Ujang nyai anaking anak Bapa. Bral anaking du’a jeung panghampura bapa marengan hideup lunta ngambah sagara rumah tangga. Anaking Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtil walidain” Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama.

Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama. Allah moal ngahampura kana dosa eta jalma saumpama indung bapana teu acan ngahampura kana dosana eta jalma. Ujang nyai anaking anak apa, Allah ngadauh dina alqur’an.

Wallahu ahrajakum min buthuni ummahatikum la ta’lamuna syaian. Allah ges ngaluarkeun aranjeun tina patuangan indung2 aranjeun bari dina kaayaan henteu nyaho naon naon ku pangatik pangdidik sepuh hideup nepi ka dewasa. Bral anaking, geura ambah sagara rumah tangga bari mawa iman jeung takwa layeut geugeut pinuh ku kadeudeuh silih asah, silih asih, doa bapa mareungan hideup duaan.

(Salajengna panganten nyuuh ka ibu mertuana sewang sewangan)

Ibu Nyanggakeun sungkem pangbakti
Ka salira nu mihemanMageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apaAbdi tiasa laksana
Pidu’a anu kasuhun Enggoning ngalakirabi (2X)

(Mangga walon ku ibu mertuana, cepengan mastaka putra sarengan ku manah nu ikhlas manteng kanu maha suci)

Nyaah teuing anaking Indung jeung Bapa yakin tamah umat tamah nikmat anjeun lahir batin. Du’a Indung nyarengan lumampahna hidep. Mugia anjeun janteun kulawargi anu sakinah mawadah warahmah.

(Salajengna panganten nyuuh ka pangkonan apa mertuana sewang sewangan)

Bapa anu mikaasih
Abdi neda pidu’ana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka nu janten putra
Sapapait samamanis Sasarengan silih tuyun
Ngahontal kana rido pangeran (2X)

(Du’a anak sholeh)

Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, kitu kalepatan sepuh Abdi. Sareng gusti mikanyaah mika asih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit. Salajeungna urang sami sami pangkas ieu sungkeuman kalayan do’a rabbana hablana min ajwajina wadurriyyatina qurrata ayuni waj’alna lilmuttaqina imama.

Baca juga: Teks Kidung Sawer Panganten Adat Sunda Lucu dan Sholawat

Nah mungkin itu saja, saya mohon maaf apabila terdapat beberapa ungkapan atau kesalahan dalam penulisan kata kata dalam ucapan sungkeman diatas. Demikian puisi atau naskah ungkapan yang dapat diucapkan oleh seorang anak atau untuk calon pengantin, pasangan kepada orang tuanya dan begitupula sebaliknya. Semoga bisa dijadikan sebagai bahan referensi.