Puisi dan sajak

8+ Puisi Bahasa Sunda Tentang Ibu, Sajak Pilihan Terimakasih Ibu!

×

8+ Puisi Bahasa Sunda Tentang Ibu, Sajak Pilihan Terimakasih Ibu!

Sebarkan artikel ini

Puisi Bahasa Sunda Tentang Ibu – Puisi dalam bahasa inggris biasa disebut dengan istilah poetry. Puisi ini merupakan penyampaikan pesan atau gambaran dari suasana hati, baik berupa fisik ataupun batin lewat kata-kata. Dan puisi biasanya lebih terikat di bandingkan dengan sajak bahasa sunda, meskipun sajak adalah bentuk puisi juga dalam bahasa sunda.

PUISI DO’A IBU (DU’A INDUNG)

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

PUISI DO'A IBU (DU'A INDUNG)

Berbicara tentang ibu, ibu memang orang yang nomer satu yang ada di dalam kehidupan kita sebelum ayah. Puisi bahasa sunda tentang ibu ini menceritakan mengenai ungkapan terimakasih kepada ibu tercinta, yaitu sesosok orang orang yang paling mulia.

Tong poho, dibaca oge nya? Kumpulan Contoh Puisi Bahasa Sunda Tentang Keindahan Alam

“Tanpa ibu kita ini tidak akan ada di dunia ini, sembilan tahun mengandung, dari kita kecil hingga sampai kita dewasa sekarang ini, semuanya berkat jasa beliau. Derajat ibu tiga tingkat dibanding ayah. Beliau mengandung, melahirkan, dan menyusui.”

Puisi Bahasa Sunda Tentang Ibu

Nah, dibawah ini merupakan contoh sajak atau puisi bahasa sunda tentang ibu (indung) yang sudah dilengkapi beserta dengan artinya, silahkan klik pada tulisan artinya yang ada dibagian bawah puisi tersebut.

Puisi Kanya’ah Indung :

"Terimakasih Ibu" Puisi Bahasa Sunda Tentang Ibu

Indung (ku Afrillia Noerdiawan)

 

Indung..
Ti jagjag nepika bengkung
Tapi indung tara pundung
Sanajan tisuksuk tidungdung
Tara pisan udar gelung

Indung..
Sanajan cape tapi tara humaregung
Pinter nyumputkeun kapeurihna
Cimata anu remen nyalangkrung
Lamun anakna meunang kabingung

Indung..
Laér aisan lega pangampura
Lahunan Indung pikeun anakna
Kanya’ah Indung teu tepung tungtung
Ka deudeuh Indung ngaleuwihan tangtungan gunung

Indung..
Sanajan teu kantos lami terang ka Indung
Sanajan sakolebat apal kana raray indung
Sanajan sakedap kenging kanya’ah Indung
Tapi kuring terang kumaha kanya’ahna Indung

Indung..
Sanajan kuring can jadi Indung
Tapi kuring Tos jadi hiji Indung
Nu matak apal kanya’ah tur kamelangna
Nu jadi Indung ka Anakna.

Hatur Nuhun Ema.. (Oleh: Kustian)

 

Ema, gede pisan rasa pikanya’ah nu ema pasihkeun ka abdi..
Teu pernah ema ngarasa cape piken ngabimbing abdi..

Ema sagalana pikeun abdi..
Ema, malaikat nu pernah aya dina hirup abdi..
Ema pasihan abdi cinta anu nyata..

Ema, abdi menta hampura..
Can bisa ngagapai impian jeung harapan pikeun ngabahagiakeun ema
Abdi hoyong ceurik, nangkeup kenceng, di pangkuan ema.
Kadang, abdi osok inget basa keur letik bahela nu calik di pangkuan ema..

Hampura abdi ema..
Nu sering nyien ema ceurik karna tingkah laku abdi..
Mungkin sering oge abdi nye-nyerikeun hate ema..

Hampurakeun abdi pisan ema..
Abdi alim durhaka ka ema..
Ema, izinkeun abdi nyium pean ema..
jeung ngabahagia keun, ngajagaan ema terus salamina.

Memang. nu abdi lakukeun ieu moal pernah bisa..
Bisa ngabales kabeh kasih sayang nu pernah ema pasihan ka abdi..

Nuhun pisan ema, entos ngajaga’an abdi ti leutik nepi ka gede kieu
Nuhun oge tos masihan kasih sayang, nu moal mungkin bisa abdi boga selain ti ema..
Abdi nya’ah pisan ka ema salamina..!

Ema Sagalana Pikeun Abdi.. (Oleh: Kustian)

 

Ema pikeun sagala-galana pikeun abdi..
Bahkeun gusti allah oge ngajamin surga teh aya di telapak pean ema..

Ema terus peduli ka abdi, basa abdi keur ngarasa kasepian..
Ema oge pasti ceurik mun nuingali abdi keur ngarasa ngaderita..

Ema memang sosok nu teu pernah bisa kagantian sapanjang hirup..
Warsih-warsih lamina, ema tos ngasuh abdi..
Warsih-warsih lamina oge mungkin abdi teh poho ngucapkeun nuhun ka ema.

Abdi mungkin loba dosa ka ema..
Hampurakeun abdi nya ema..??
Nu tos hilaf sakabeh dosa abdi ka ema salami ieu..

Salapan sasih lamina ema berjuang demi abdi..
Ema naruhkeun nyawa pikeun ngalahirkeun abdi..

Perjuangan ema memang ageng pisan..
Hampurakeun abdi ema, abdi teu pernah ngucapkeun nuhun ka ema..

Teu aya sutera anu paling lembut kos belaian ema..
Teu aya tempat anu paling nyaman selain pangkuan ema..

Teu aya kembang nu paling alus selain ningali seuri ema..
Teu aya jalan anu lurus selain tapak pean ema..

Ema jadi alasan abdi bisa hirup di dunya ieu ayena..
Nyaeta hiji awewe anu tos masihan cinta, jeung pengorbanan anu nyata.

Ema, ka-asih nya’ah ku abdi.. (Oleh: Kustian)

 

Di peuting anu karasa tiis ieu..
Abdi lir ibarat sorangan

Abdi gugah tina sare..
Teras langsung emut ka sosok ema..

Ema, harita anu sok nyarengan abdi..
Nyaksian bulan jeung béntang basa peuting datang..

Namun, ayeuna teu tiasa abdi rasakeun deui..
Lantaran abdi tos hirup misah jeung anjeuna

Ema, Abdi nyaah pisan ka ema..
Abdi hoyong ngarasakeun lembutna dei hate ema
Ema, anjeun tetep aya dina hirup abdi salamina..

Ema.. (Oleh: Kustian)

 

Ema…

Anjeun nyaeta jalmi anu atos ngalahirkeun kuring
Ngandung kuring salila salapan sasih..

Ema…
Anjeun anu ngagedekeun kuring,
Ngarawat kuring dugi sagede ieu..

Ema…
Anjeun anu mamagahan kuring bisa papah..
Anjeun deui anu mamagahan kuring ngartos..

Ema…
Mun lain anjeun, abdi teu aya..
Mun lain do’a ti ema abdi henteu sukses..

Ema…
Anjeun nyaeta jiwa sarta awak kuring..
Anjeun oge malaikat anu nyata di dunya

Nuhun Ema…
Pikeun kaasih pikanyaah ema salami ieu ka kuring..

Ema salamina (Oleh: Kustian)

 

Ema.. sapopoé teu aya seuri ti ema,
Kawas wengi teu aya sasih

Sapopoé teu ningali lengkah ema,
Kawas langit teu aya bentang ..

Sapopoé teu aya diri anjeun,
Sapertos hirup kuring teu aya hartina

Ema, abdi hoyong anjeun aya di dieu, Di sisi kuring
Sabab detik, menit sarta tabuh,

Abdi teu sanggup mun teu aya anjeun ..
Dinten, sasih, warsih,..

Abdi ngan hoyong ngabahagiakeun anjeun
Abdi hoyong anjeun sareng kuring salamina ema..

KEUR UMI DI BANDUNG

 

Umi…!
Geuning umur Abah teh poe ieu geus nambahan
Mun diitung ku ramo leungeun jumlahna leuwih ti lima kalieun
Sigana geus manjing reureuh tina pakeukueh keukeuh
Isuk mah urang pakeukeup keukeup
Diharudum ku simbut haneut

Geura pek tah dengekeun
Keteg jajantung Abah
Itung hiji hiji sing taliti
Ray poe ray poe beuki ngerepan

Umi..!, geus kolot Abah teh.
Isuk mah urang buka lalangse hate
Dipelakan ku kembang ligar
Dipisieup ku kadeudeuh

Umi..!
Poe ieu Abah hayang diusapan.

Poekna wengi (Oleh: Kustian)

 

Di poek na wengi ieu abdi mikirkeun anjeun
Abdi tinggali ka langit, mani poek teu aya bentang.

Kos kawas abdi nu sorangan dina kasunyian peuting ieu.
Dina pikiran abdi, teras kaingetan sosok diri anjeun

Abdi inget basa harita ema anu maturan, jeung ngabimbing abdi
Dina dinten dinten wengi nu endah.

Ema, hapunten.. Mun abdi terus midamel ema ceurik,
Teu terang sabaraha se’eur cipanon anu tos abdi jien..

Ema, hampura keun anak anjeun ieu..
Karna teu acan sempet midamel anjeun jadi bungah.

Baca juga: Kumpulan Ucapan Selamat Hari Ibu Bahasa Sunda dan Gambarnya

Peranan dari seorang ibu di dalam kehidupan seorang anak tentulah sangatlah besar sekali, mulai dari mengurus  hingga berbagai hal agar anaknya menjadi anak yang baik, itulah salah satu dari tanggung jawab seorang ibu. Memang, peran seorang ibu berbeda dari tugas seorang ayah yang selalu bekerja keras membanting tulang demi terpenuhinya kebutuhan finansial keluarga, namun peranan seorang ibu rumah-tangga juga tidak bisa kita sepelekan.

LENYEPANEUN (Oleh: Tangtingtung)

 
Pek tamplokeun kanyaah ka indung bapa
meungpeung masih keneh aya juntrungna,

mun indung geus ditulis di padung,
mun bapa geus taya raga badagna,

kaduhung tos moal manggih tungtung,
cimata tos moal bisa mayar tunggara.

Kanyaah ka indung ulah di engke-engke,
mulang kaasih ka bapa entong talangke,

taya nu weruh iraha indung dipundut,
moal aya beja iraha bapa rek mulang

Du’a Indung (Oleh: Kang Adhe)

 
Du’a indung nu ngakandung
Bisa jadi panangtayung
Teu kudu di suprih
Sabab moal pilih kasih

Satungtung hatena bagja
Gerentesna jadi du’a
abalikna nganyerikeun
Cilaka terus nuturkeun

Untung lamun masih aya
Boga waktu mulang tarima
Lamun geus taya dikieuna
Hanjakal ge moal guna

Ningali anakna bagja
Indung bapa leuwih bagja
Dina waktuna kudu mulang
Moal boga kahariwang

Mengingat jasa ibu yang sangat besar, maka apapun yang kita lakukan tidak dapat membayar jasa seorang ibu dalam membesarkan kita. Dan yang perlu digarisbawahi bahwa keinginan terbesar seorang ibu adalah melihat kita sebagai buah hatinya hidup dengan baik dan berbahagia.

Puisi ibu diatas adalah ungkapan rasa terimakasih dan apresiasi akan jasa dan kasih sayang tanpa pahrih dari seorang ibu untuk kita semua. Nah, mudah-mudahan puisi basa sunda tentang ibu ini dapat mengingatkan kita akan kasih sayang dari seorang ibu yang tidak akan dapat kita balas seumur hidup.