Bahasa & LainnyaPidato, Biantara

Pidato Tentang Memelihara & Melestarikan Budaya Sunda, Singkat!

×

Pidato Tentang Memelihara & Melestarikan Budaya Sunda, Singkat!

Sebarkan artikel ini

Sebagai masyarakat yang tinggal dijawa barat, tentunya kita harus memelihara, menjaga, melestarikan dan mencintai atau mikaresep dengan kebudayaan sunda itu sendiri. Dan salah satu tugas sekolah yang sering ditemui yaitu siswa kerap mendapati tugas untuk membuat pidato yang berkaitan dengan memelihara dan melestarikan budaya sunda.

Baca juga: Contoh Wawancara Dengan Guru Tentang Budaya, Bahasa Sunda

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Oleh karena itu, pada label pidato bahasa sunda kali ini, basasunda.com akan share dua contoh hasil kerja siswa mengenai biantara tentang kelestarian dan perkembangan seni budaya dengan menggunakan bahasa sunda yang singkat dan juga sudah dilengkapi pula beserta dengan terjemahannya, langsung saja berikut adalah contohnya.

Pidato Tentang Memelihara Seni Budaya Sunda Singkat

Pidato Tentang Memelihara Seni Budaya Sunda Singkat

Assalamualaikum wr. wb..

Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah Ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut. Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka Dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana.

Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng mangfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan.

Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan.

Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih wawuh, silih hormat, jeung silih ajenan. Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!

Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa-bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.

Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina.

Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah, hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.


Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?

Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadaya sing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain.

Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan.

Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.

Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan. Wabillahi Taufik Wal Hidayah, Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Contoh Pidato Tentang Perkembangan Seni Budaya Sunda di Jawa Barat Singkat

Contoh Pidato Tentang Perkembangan Seni Budaya Sunda di Jawa Barat Singkat

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh…

Sateuacana, tepangkeun wasta abdi Amanda widya, wawakil ti SMP pajajaran 58 Bogor, bade mintonkeun pidato bahasa sunda ngeunaan kana “Perkembangan Budaya Daerah di Jawa Barat”.

Para hadirin nu ku simkuring dipikahormat. Langkung tipayun, mangga urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Illahi Robbi, numana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat, kalwan dina kaayaan sehat wal’afiat, Amin.

Para hadirin anu dipikahormat, dina waktos ieu simkuring bade ngahaturkeun biantara dina raraga mieling kana “Perkembangan Budaya Daerah Jawa Barat”. Dimana urang sadaya tos terang, yen perkembangan Budaya Daerah Jawa Barat atanapi perkembangan Budaya Sunda teh rupa-rupa, diantawisna aya Seni Tari, Seni Wayang Golek, Seni Angklung, sareng anu sanesna.

Budaya Sunda oge gaduh senjata tradisional anu namina “Kujang”, Cobi, saha anu terang Visi sareng Misi di Jawa Barat? Tah bilih aya anu teu terang, ku simkuring bade dipijelas. Visi Jawa Barat teh nyaeta sorana “Iman sareng taqwa Propinsi Jawa Barat pinunjul di Indonesia”, upami Misi Jawa Barat diantawisna :

1. Ngawujudkeun kualitas kahirupan masyarakat ku budaya teknologi produktif sareng daya saing

2. Ngawujudkeun lingkungan nu asri sareng lestari

3. Ngawujudkeun pamarentahan anu sae

4. Ngawujudkeun pemerataan pembangunan sareng kaadilan

5. Ningkatkeun ekonomi sareng daya saing berbasis potensi budaya daerah

Para hadirin nu ku simkuring dipikahormat, tah eta Visi sareng Misi Jawa Barat teh. Ari perkembangan Budaya Sunda oge tos aya anu terkenal ka sagala mancanagara, janten hayu urang tingkatkeun Budaya Sunda sangkan leuwih kawentar ka sagala mancanagara.

Para hadirin anu mulya, cekap sakitu pidato singket nu ku simkuring sanggemkeun, bilih aya basa anu kirang eunteup seureuh, mugi kersa ngahapunten, Wabilahitaufik walhidayah, Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarokatuh.

Pidato terkait laina: Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan, Budaya Basa Sunda!

Mungkin itu saja beberapa contoh pidato tentang memelihara dan melestarikan budaya sunda atau kebudayaan jawa barat semoga bermanfaat dan menjadi referensi dalam membuat tugas pidato bahasa sunda. Jangan lupa, baca juga contoh-contoh pidato bahasa sunda yang lainnya, karena sudah banyak sekali contoh untuk tema lainnya disini.