Pidato, Biantara

Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan, Budaya Basa Sunda!

×

Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan, Budaya Basa Sunda!

Sebarkan artikel ini

Basasunda.com Sekilas dalam contoh pidato bahasa sunda tentang kebudayaan kali ini akan menjelaskan tentang pentingnya bagi kita dalam melestarikan kebudayaan bahasa sunda di jawa barat, khususnya dalam penggunaan bahasa sunda dikalangan anak muda atau remaja.

Biantara ini semata-mata untuk upaya dalam melestarikan bahasa sunda yang sangat penting sekali, sebab bahasa sunda merupakan salah satu budaya sunda yang harus kita lestarikan dan harus kita jaga, khususnya untuk kita warga yang tinggal di daerah jawa barat, indonesia.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Agar bahasa sunda dapat terus digunakan dalam pergaulan sehari-hari, khususnya dalam pergaulan sehari-hari dikalangan remaja, yang belakangan ini mulai jarang digunakan didalam percakapan di usia tersebut.

Biantara (Pidato) Bahasa Sunda tentang kebudayaan, budaya basa sunda!

Nah, berikut dibawah ini merupakan contoh biantara atau pidato bahasa sunda tentang kebudayaan dengan judul pentingnya melestarikan dalam penggunaan bahasa sunda khususnya dikalangan remaja atau anak muda.

Biantara Bahasa Sunda Tentang Pentingnya Melestarikan Kebudayaan Bahasa Sunda Dikalangan Remaja


Assalamu’alaikum wr wb..
Puji sareng syukur ti payun mangga urang dihaturkeun ka hadirat allah swt, anu parantos maparin nikmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa urang ngariung dina tempat ieu ngajalin silaturahim.

Solawat sareng salam mangga urang panjatkeun ka jungjunan alam nabi panungtung anu parantos masihan cahya kaimanan ka para umatna, nyaeta nabi panutan urang sadaya, habibana wanabiyana nabi Muhammad S.A.W.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora dijawa barat”.

Nanging sateuacan simabdi ngadugikeun ieu biantara, simabdi bade nyuhunkeun heula hapunten bilih engkina aya cariosan ti simabdi anu mungkin kirang saluyu sareng harepan urang sadayana.

Para wargi anu kusimabdi dipikahormat, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya, dijaman sapertos ayena, dimana loba rupa-rupa budaya asing anu datangna tiluar nu asup ka lingkungan masyarakat urang, ulah nyampe ngajadikeun budaya sunda jadi semah di lemburna sorangan nyaeta di jawa barat.

Ku kituna urang sadayana utamina nu aya dijawa barat kanggo tiasa terus ngalestarikeun budaya sunda khususna bahasa sundana. Urang kedah saluyu pikeun mikadeudeuh kana budaya sunda, guyub akur sauyunan, ngahiji sapamadegan, pikeun ngamumule budaya bahasa sunda.

Tujuana tangtu wae supardos ngahontal hiji tujuan, supardos budaya sunda teh ulah nyampe leungit, nah ku ie riungan mudah-mudahan tiasa ngingetan urang sadaya pikeun nambah mikareseup kana budaya sorangan numana ayena mulai dipopoho nyaeta kana bahasa sundana.

Upami urang parantos sapanyawangan kana jentulna masalah soal budaya sunda, anu gaduh kawajiban milarian tarekah kanggo ngungkulan masalah eta aya 3 pihak diantawisnya nyaeta teh:

1. Masyarakat Jawa Barat

Kahiji ku urang sorangan salaku masyarakat anu cicing dijawa barat, Jadi urang salaku masyarakat teh ulah nepi ka poho kana bahasa sundana. Nu ngan saukur ngan bisana ngagul-ngagul kana budaya batur hungkul, ari kana budaya sorangan mani teu di ingeut-ingeut saeutik-eutik acan.

Urang sadaya kedah ngarobah pandangan anu ngarasa era lamun nyarita ku basa sunda. Nganggap dirina maju jeung modern lamun nyarita ku basa nu deungeun. Nepi ka loba kolot anu henteu ngarasa perlu ngajarkeun basa jeung budaya Sunda ka turunanana..

2. Ka Para Seniman

Kitu oge ka para seniman anu ngagaduhan kagungan kaparigelan dina widang seni sunda, krdah gaduh kawajiban kanggo ngawanohkeun budaya sunda ka para nonoman.

3. Pamarentah Jawa Barat

Pamarentah anu ngagaduhan kakawasaan kedah ngarojong kana rupi-rupi kagiatan anu aya patalina sareng budaya sunda, boh sacara materil oge sacara moril.

Janten eta pandangan teh kacida pisan salahna tur kudu dilelempeng ku para seniman, pamarentah, tur masarakat urang sunda sorangan. Nah, para hadirin hormateun simabdi mugia basa jeung budaya sunda titinggal karuhun urang teh, tiasa sirungan deui, tandang makalangan, ngigelan jaman.

Rupina sakitu nu kapisanggem, neda hapunten ka sadayana bilih dina cariosan simabdi anu nembe didugikeun se’eur kakirangan nana. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh..


Demikian Contoh mengenai contoh biantara atau pidato bahasa sunda tentang kebudayaan akan pentingnya melestarikan penggunaan bahasa sunda dengan pidato ini Semoga kita lebih dapat mencintai serta menjaga dan melestarikan budaya bahasa sunda ini.

Baca juga contoh pidato yang berkaitan tentang kebudayaan atau budaya bahasa sunda yang lainnya dibawah ini:

• Pidato, Biantara Singkat Bahasa Sunda Tentang Kebersihan!
• Contoh Susunan Acara Ulang Tahun Dina Bahasa Sunda!
• Contoh Teks MC Pembawa Acara Ulang Tahun Anak Bahasa Sunda!