Pidato, Biantara

Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda Tentang Menuntut Ilmu

×

Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda Tentang Menuntut Ilmu

Sebarkan artikel ini

Menuntut ilmu atau nyiar elmu dalam bahasa sunda sangat penting sekali dalam kehidupan kita. Jika diibaratkan, ilmu bagaikan cahaya, karna ilmu merupakan kunci untuk menyelesaikan setiap masalah yang ada dalam kehidupan sehari-hari.

Didalam alqur’an sendiri banyak ayat yang mengarahkan kita agar mau menuntut ilmu, selain itu juga banyak hadist dari nabi yang menyerukan agar kita hendaknya mau menuntut ilmu.

Nah, ternyata begitu sangat penting sekali yah menuntut ilmu itu? Oke, berkaitan dengan ilmu, dibawah ini sudah saya siapkan contoh pidato singkat bahasa sunda yang berkaitan tentang pentingnya kita dalam menuntut ilmu terutama disekolah.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Contoh Pidato singkat Bahasa Sunda Tentang Menuntut Ilmu (Pentingna Nyiar Élmu)

Contoh pidato singkat bahasa sunda tentang menuntut ilmu

Pidato Kautamaan Pentingna Nungtut Jeung Nyiar Elmu

 

( Assalamualaikum wr. wb. )

Puji sinareng syukur kahadirat gusti allah S.W.T kanggo sagala limpahan rahmat sarta hidayahna. Tina kasempatan iéu urang tiasa patepung pa’ampok jongok sasarengan dina iéu acara. Sabab, lamun teu aya nikmatna mah, urang moal tiasa patepung sareng ngadéngékeun ieu pidato nu badé ku simabdi dugikeun.


Nah hadirin, anu ku simabdi dipikahormat.. Tina élmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina élmu ogé kabagjaan alam akhérat tiasa urang rasakeun. Sapertos tina hadis nabi anu ngabogaan harti “barang saha anu ngahoyongan kahirupan dunyana, mangka wajib bagina ngabogaan élmu”.



Nah, makin loba élmu nu ku urang dipiboga insya allah kabutuhan sareng kabagjaan dunya tiasa urang hontal. Kitu ogé sami, panghareupan urang kana kabagjaan akhirerat ogé insya allah tiasa urang rasakeun.



Ku kituna para hadirin sakalian, janten nungtut élmu téh kedah diutamakeun. Komo deui pikeun siswa-siswi anu calik dibangku sakola, teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar.



Sabab, diajar atawa nungtut élmu téh nyaéta hiji kawajiban pikeun urang saréréa. Rék kumaha ogé, mangsa kaharepna bangsa ieu téh aya dipundak urang salaku “generasi ngora”. Ku kituna, urang kudu bener-bener diajar pikeun neangan ilmu nepi ka sajero-jerona.



Nah, para hadirin anu kusimabdi pikahormat, sakitu waé pidato singket dina judul kautamaan nungtut élmu anu tiasa di dugikeun tina kasempatan iéu. Mugi-mugi urang sadaya tiasa terus diajar sarta ulah ngarasa males, supados urang tiasa ngarasakeun naon éta nikmatna ngabogaan élmu.



Panutup ti simabdi, mugia ulasan singket ieu tiasa ngingetkeun urang sadaya pikeun pentingna urang kana nungtut élmu téh. Haturnuhun kana sadaya waktosna, hapunten bilih aya kalepatan tina cariosan sim abdi.
( Wassalamualaikum wr. wb. )


Baca:  32+ Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema Full

Demikianlah pidato singkat bahasa sunda tentang menuntut ilmu dengan judul pentingna nungtut jeung nyiar elmu ini. Semoga bisa bermanfaat, dan terimakasih atas waktunya. Jangan lupa baca juga pidato bahasa sunda yang berkaitan lainya dibawah ini.