Pepeling, Kata Mutiara Sunda

Pepeling Sunda Buhun Tentang Kahirupan, Islami, Sedih Bikin Merinding

×

Pepeling Sunda Buhun Tentang Kahirupan, Islami, Sedih Bikin Merinding

Sebarkan artikel ini
Kumpulan Pepeling Bahasa Sunda Sedih Bikin Merinding!

Pepeling sunda dalam bahasa indonesia artinya adalah nasehat. Dalam kamus besar arti dari nasehat ini sendiri merupakan satu ajaran atau petunjuk yang dapat kita dijadikan sebagai acuan atau yang dapat dijadika sebagai bahan referensi untuk melakukan suatu hal atau perbuatan yang baik.

Nah, dalam bahasa sunda sendiri kata-kata nasehat yang lebih ke arah mengingatkan seperti ini dinamakan dengan pepeling, namun bisa juga disebut dengan papatah atau piwuruk, piwuruk sendiri merupakan kata halusnya dari papatah.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Artikel terkait: Kumpulan Nadoman Sunda Kumpulan Pupujian, Sholawat, Pepeling dll

Ada banyak sekali nasehat dalam bentuk pepeling ini tentunya yang berguna bagi kehidupan kita seperti pepeling tentang kahirupan, papatah kolot baheula, pepeling diri, pepeling keur indung, dan nasihat berupa pepeling sunda yang bertemakan agama atau islami.

Pepeling Bahasa Sunda Buhun

Pepeling berasal dari kata peling yang artinya adalah sama dengan tanda agar tidak lupa. Sedangkan peling juga bisa berasal dari kata eling. Eling artinya sama dengan sadar atau mengingatkan. Sedangkan mieling artinya sama dengan mengenang atau memperingati.

Nah, dibawah ini basasunda.com sudah merangkum pepeling bahasa sunda buhun yang diambil dari beberapa sumber untuk mempercepat penyebaran informasi untuk menjaga atau raraga ngamumule sastra basa sunda agar tetap terjaga dan tidak terbawa arus oleh bangsa asing.

Baca juga: Kumpulan 20+ Contoh Ucapan Ulang Tahun Tepang Tahun Bahasa Sunda Pilihan!

Pepeling Sunda Islami (Agama)

Pepeling bahasa sunda islami (agama)
@Pinterest

Berikut kumpulan pepeling sunda buhun tentang agama atau islami yang bisa dijadikan sekedar bahan renungan untuk diri kita sendiri ataupun untuk sekedar pengingat dalam upaya memperbaiki diri agar lebih baik kedepannya dalam hal agama.

Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya ka bungah.

Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu
kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.

Sanajan urang paanggang, hate mah paanjang-anjang. Sanajan urang
papisah, kanu maha kawasa mah urang sumerah kudu ibadah.

Miindung ka waktu, mibapa ka zaman, niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.

Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah. Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa.

Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.

Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung
sukur

Nyaur kudu diukur, nyabda kudu di unggang. Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina

Ngaji jeung ngejo kudu saimbang, Ngejo parab awak, Ngaji parab ahlak. Ngejo te ngaji pasti sasar. Ngaji te ngejo pasti lapar. Teu ngaji te ngejo pasti modar. Jadi tong ngeluh ku karipuh, Tong asa ka kateuluh ku kaayaan anu ngaluluh. Pasrah kanu kawasa, ngaku salah menta pitunjuk arah ameh teu salah lengkah!

Pepeling Sunda Keur Kahirupan

Pepeling Keur Kahirupan
Foto @Pixabay.com

Dibawah ini ada sebagian kecil dari contoh pepeling sunda untuk kehidupan atau keur kahirupan. Pepeling atau nasehat untuk diri ini mungkin bisa dijadikan sebagai nasehat untuk memperbaiki diri kita, misalnya dari tingkah laku yang kurang baik sebelumnya.

Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.

Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman!

Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi.

Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna.

Baca juga:
Kumpulan contoh mamanis basa, kalimat pembuka dan penutup biantara.

Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan.

Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.

Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.

Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel.

Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur. Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling.

Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan.

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Leukeunan ngeunaan hiji hal, da sagalana oge bisa ku lantaran geus biasa!

Pepeling Indung Sedih

Pepeling Keur indung Sedih
@ images by: idntimes

Pepeling sunda di bawah ini nyaitu tentang ibu atau indung, mudah-mudahan dapat dijadikan sebagai referensi untuk dijadikan sebagai bahan renungan atas kebaikan ibu dan ayah kita tercinta. Khususnya untuk kita semua baik itu orang sunda sendiri yang tinggal di tatar sunda jawa barat ataupun di daerah lainnya.

Baca Juga: Babasan Bahasa Sunda, Arti dan Contoh Kalimatnya

Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.

Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna.

Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.

Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.

Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat (indung bapa kudu dipikahormat)

Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.

Miyuni Tunggul ka huru, Mirupa catang karerab. Kaluhur moal sirungan, Kahandap moal akaran. Lir ibarat kayu apkiran!

Mun di lembur kayu randu, Mun di Leuweung kayu Dangdeur. Di pake tihang nyungkedang, Dipake pamikul beungkung, Dipake pangeret bingkeung. Dipake usuk ambruk, Dipake galadag bobo, Dipake suluh teu hurung, Di pake pancer teu ruhay.

Kitu gambaran jalma nu cucungah ka indung bapa, Salawasna hirup riged nete semplek nincak semplak. Doa nu saciduh metu saucap nyata, Doa karamat nu janten indung bapa bakal nyata!

Ulah tatapa ka nu teu nyata, Ulah seumedi di tempat nu buni. Prak geura tembrakeun di payuneun indung bapa. Sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang ka alam dunya.

Sumsum balung urat Lamat daging geutih kulit bulu kesang Jeung daki, nu di angge tatapa ka indung bapa nu bakal nyalametkeun hirup di dunia dugi ka Ahir. Sabab nu kawasa dugi ka ngelehna, Sakumaha jangjiNa

Kami moal ngaridoan ka eta jalama lamun indung bapa na teu Rido ka eta jalma. Ibadah ulah samar, Saur Semar!

Pepeling Keur Anak

Pepeling Keur Anaking

Pepeling sunda dibawah ini merupakan pepeling dari orang tua untuk anaknya yang di pikanyaah atau disayangi dan di bangga-banggakan. Selain itu pepeling ucapan ini juga bisa sekaligus sebagai do’a kepada yang diatas supaya anak menjadi baik dan soleh. Silahkan ucapkan kepada anak dangan tutur bahasa yang baik.

Anaking jimat Awaking..

Hidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun.

Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu matak raheut kana manah batur. Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung salembur. Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya teh pikeun diropea estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na.

Anaking jimat Awaking..

Hidep sing sadar, ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh heunteu gampang. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salawasna eling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking, pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah.

Anaking jimat Awaking..

Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya kukadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka papaseaan.

Anaking jimat Awaking..

Omat, ieu peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa Unggul.

Baca Juga: 15+ Ngaran Kekembangan Jeung Conto Kalimahna Lengkap!

Anaking ieu Pepeling keur Hidep

Anaking..  Benerkeun hideup tina wanci ka wanci, jaga hate hideup tina mangpirang-pirang nu teu munasabah, jeung cobi kango teras nitenan tina sakabeh kajadian, jalaran pangalaman mangrupakeun guru nu utami nu baris ngajadikeun hideup hiji jalmi nu kiat.

Tancebkeun kasobaran dina jero hate hideup sababeta mangrupakeun kakuatan nu teu bisa di itung ku harga, cukcruk tuluy ngarah kaasah pangaweruh tur nambihan pangabisa.

Anaking.. Kudu reueus hideup ngajadi diri sorangan! yen yaktos hideup sakabeh bakal tiasa ngahontal mangsa kahareup,turta geus ka waris kasumangetan hirup.

Deudeul teras kapercayaan diri hideup, estu jaga bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, jaga jeng raksa amarah hideup sabab eta bakal ngabalukarkeun kaduhung teu mangih tungtung, angerkeun hideup depe-depe (handap asor) ka papada jalma,

Tur kudu di jaga jeung di riksa rengkah paripolah tina hal anu matak ngajaheut keun kana hate batur ngarah hirup hideup loba dulur jaga ucap, lampah, tekad jeung tabeat ngarah pinangih bagja salamet dunya akherat

Anaking.. Singlarkeun sakabeh nu jadi halangan harungan ku kakuatan jasad jeung pikiran katut beubeuneran, dijien ugeran tina rengkah paripolah jeung ucap lampah.

Pohokeun sakabeh nu mika ceuceub ngarah jauh tina rasa panas barannan, hiri dengki, jail kaniyaya ka sasama nu baris ngabalukarkeun leungit na beubeuneuran. Angerkeun hideup panceg sanajan mindeung gebis margi eta nubaris ngajadikeun diri hideup lewih kuat timanan nu kuat

Anaking.. Janteun keun kabeh sakuliling bungking, ngarasakeun di ajenan ngarah manah hideup tingtrim tur salawas na tangung jawab kana rengkah paripolah. Teungeutkeun yen hirup teh ngarupakeun jalan nu pinuh ku halangan harungan.

Nganhideup kudu anger pengkuh ngajalankeun kahirupan, jadikeun raga hideup nulewih kuat, lewih hade estu jembar hate. Omat diri hideup sing ngajalma deuheus ka ulama, dalit sareng para kiai ngarah hirup hideup aya nu mepelingan dina nalika rengkah ninggang salah

Anaking.. jimat awaking. Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, jeung moal salawasna cicing dinu datar, tangtuna ge bakal pinangih wanci mudun jeung tanjakan, kudu sabar hideup nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar, adigung adiguna, asa aing uyah kidul, agul kupayung butut!

“mangkade” Omat hideup bisi kupur, eling kudu kanu Maha Agung, nyembah kanu Maha Kawasa, turut kana papagon agama nyumponan parentahna ngajauhan larangan nana,

Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah. Omat.. Anaking iyeu peupeujeu keur hideup

Anaking jimat awaking..  Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar DU’A anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibeukeuleun dina engoning ngambah sagara kahirupan di alam dunya.

Omat anaking hideup kudu silihasah, silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih silih simbeuhnya kukadeudeuh. Deheus keun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka kukucrutan .

Omat.. Anaking iyeu pepeling..!

Baca juga: Papatah kolot baheula bahasa sunda dan artinya!

Anaking ieu Pepeling keur Kabogoh

Pepeling keur Kabogoh
@Youthmanual

Kajeun weh ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa.

Dimana-mana hurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. Teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina.

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.

Mungkin itu dulu untuk pepeling bahasa sunda yang dapat dituliskan, artikel ini saya rangkum dari berbagai media di internet terutama saya ucapkan banyak terimakasih kepada kang aswan (aswan blog) untuk pepeling bahasa sundanya.

Dengan banyaknya pepeling sunda ini kita tentunya harus bangga dan bisa melestarikan budaya sunda dengan bahasa dan tutur kata berupa nasihat yang bersifat baik bagi kehidupan dan agama seperti ini. Sebenarnya, masih banyak lagi pepeling bahasa sunda lainnya diluaran sana, sedangkan ini hanyalah sebagai sedikit contoh saja dari pepeling tersebut.