Wawancara sunda

Contoh Wawancara Bahasa Sunda Dengan Pedagang Nasi Goreng Singkat!

×

Contoh Wawancara Bahasa Sunda Dengan Pedagang Nasi Goreng Singkat!

Sebarkan artikel ini

Wawancara bahasa sunda dengan pedagang nasi goreng ini sebenarnya dapat digunakan juga untuk mewawancarai pedagang lainnya, seperti tukang kue, pedagang es buah, ataupun lainnya. Jadi tinggal diubah bagian nama dagangannya saja, serta menambahkan pertanyaan lainnya yang berhubungan dengan daganganya.

Untuk itu, silahkan dilihat beberapa contoh pertanyaan lainya yang sudah pernah dituliskan sebelumnya yang berhubungan dengan pedagang, seperti misalnya:

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Wawancara Dengan Pedagang Nasi Goreng Bahasa Sunda

Contoh wawancara bahasa sunda dengan pedagang nasi goreng singkat
Baiklah, dibawah ini adalah hasil wawancara dengan tukang nasi goreng dengan menggunakan bahasa sunda, Dan jika dilihat dari pertanyaannya saya rasa cukup singkat dan mudah untuk dijawab oleh sang narasumber. Jadi langsung saja berikut adalah contohnya.

Dinten : Minggu
Kaping : 20 Februari 2018
Tabuh : 11.00
Tempat : Jln. Raya pemda bogor
Pewawancara : Basasunda.com
Narasumber : Mang jumadi (enjum)

HASIL WAWANCARA SINGKAT BAHASA SUNDA DENGAN PEDAGANG NASI GORENG


Pewawancara : “Asalamualaikum mang?”
Mang jumadi : “Wa’alaikumsallam ?”

Pewawancara : “Mang sateuacana punten bilih abdi ngaganggu waktosna sakedap, ieu abdi dipasihan pancen bahasa sunda ti sakola, saurna kedah ngawawancara ka nu ngical sangu goreng. Tiasa abdi ngawawancara mamang sakedap?”
Mang jumadi : “Oh, mangga sok bae atuh lamun kitu mah”

Pewawancara :”Di kawitan nya mang? Tah ari nami mamang teh saha, sareng aslina ti mana?”
Mang jumadi : “Nami mamang jumaedi, tiasa disebut oge mang enjum, abdi aslina ti garut.”

Pewawancara : “Atos sabaraha lami mamang icalan nasi goreng teh?”
Mang jumadi : “Kirang langkung atos aya kana 3 sasih mah, ti saprak ngalih kadieu weh.”

Pewawancara : “Dupi Mamang ngical sangu goreng teh ngawitan ti tabuh sabaraha? Teras sareng dugi ka tabuh sabaraha wae?
Mang jumadi : “Ngawitan kaluar ti rorompok mah ti tabuh 5 sonten, teras uihna tabuh 12 wengi. Mung kadang mah tabuh 10, 11 oge lamun parantos seep mah, mamang tos uih.

Pewawancara : “Mang sok kengeng saberaha artos tina icalan sangu goreng teh?”
Mang jumadi : “Ah teu tangtos, yah namina oge jalmi icalan kadang nuju ageng kadang mah alit panghasilana.”

Pewawancara : “Salila icalan nasi goreng apa aya suka dukana mang?”
Mang jumadi : “Nya biasalah namina oge icalan, lamun dukana mah paling oge ngan ukur lamun sepi hungkul nu meserna, sukana nya lamun tiasa seueup icalana.”

Pewawancara : “Apa aya tips mang supaya urang teteup rajin tina ngajalankeun hiji usaha sapertos icalan kieu?”
Mang jumadi : “Nya intina mah urang kedah lakonan wae usaha nanaon oge, sarta kudu daek getol tina usaha, insya allah engke pasti aya jalana.”

Pewawancara : “Hatur nuhun mang, cekap sakitu wae wawancara singkat ti abdi, hatur nuhun oge kana waktos sareng jawabanna, mugia usahana mamang makin pajeung/lancar. Amin..
Mang jumadi :”Oh nya amin, sami-sami”

Pewawancara : “Wassalamualaikum wr.wb”
Mang jumadi : “Waalaikumsalam”

Baca Juga: √ Contoh Percakapan Bahasa Sunda Dengan Pedagang Buah dan Sayur

Demikian contoh wawancara singkat kepada pedang nasi goreng dengan menggunakan basa sunda, wawancara diatas pernah dilakukan oleh siswa/siswi dalam melaksanakan tugas wawancara basa sunda disekolah. Semoga bermaanfaat untuk bahan referensi, silahkan baca juga contoh-contoh wawancara bahasa sunda lainya, untuk mencari jenis pertanyaan wawancara yang sesuai.