Wawancara sunda

Contoh hasil wawancara bahasa sunda dengan penjual baju

×

Contoh hasil wawancara bahasa sunda dengan penjual baju

Sebarkan artikel ini

Dibawah ini merupakan contoh hasil wawancara proses tanya jawab menggunakan bahasa sunda dengan salah seorang ibu yang bernama rina penjual baju disalah satu toko yang cukup besar. Kegiatan wawancara ini dilakukan berkelompok oleh beberapa orang siswa.

Laporan Wawancara Bahasa Sunda Dengan Seorang Ibu Penjual Baju

Contoh hasil wawancara bahasa sunda dengan penjual baju

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense
Hasil Wawancara :

Abdi : “Assalamualaikum”
Bu rina : “Waalaikum salam.”

Abdi : “Punten ibu, sateuacana abdi sareng rerencangan ti sakola … Bade nyuhunkeun waktosna sakedap tiasa bu?
Bu rina : “Oh mangga, emangna bade aya peryogi naon nya?”

Abdi : “Iyeu ibu, abdi teh aya tugas basa sunda disakola, saurna teh dipiwarang nga wawancara salah saurang pangusaha.”
Bu rina : “Oh kitu, mangga..”
Abdi : “Jadi abdi sareng rerencangan bade nyuhunkeun waktosna kanggo ngawawancara ibu sakedap, tiasa bu?”

Bu rina : “Mangga, tiasa..”
Abdi : “Dimulai nya bu wawancarana..”
Bu rina : “Sok mangga.”
Abdi : “Punteun, upami nami ibu teh saha?
Bu rina : “Nami ibu teh rina.”

Abdi : “Asalna timana bu?”
Bu rina : “Ibu mah asalna ti bogor.”
Abdi : “Ari ibu tos sabaraha lami icalan acuk di dieu teh?”
Bu rina : “Numayan tos lami, ibu icalan ti taun 2007 nya tos aya 10 tahun mah di dieu.”

Abdi : “Modal awal ibu icalan acuk saberaha?”
Bu rina : “Awalna mah sakedik-sakedik eta ge menang nambutan baheula, nya kurang lewih 5 juta terus nambih deui-nambih deui, nya alhamdulilah ayena teh ibu atos boga toko sorangan.”

Abdi : “Awalna kumaha bu tiasa icalan baju didieu?”
Bu rina : “Awalna mah ibu teh jualana dikaki lima, lila kalilaan teras ngontrak, alhamdullilah ayena tos boga toko sorangan.”

Abdi : “Bu, Biasana jenis acuk naon wae bu anu laris seeur di ical didieu?”
Bu rina:  “Nya macem-macem, tapi biasana mah baju batik anu seeur di peser didie.”
Abdi : “sok di icalan saberaha hargana bu?”
Bu rina : “nya kumaha batikna, aya anu 40 60 jeung lain-lain.”

Abdi : “ibu ari hambatana tina icalan acuk ieu naon bae?”
Bu rina : “nya ari hambatana mah nya kadang rame kadang sepi, nya ngaranage icalan jadi hente tentu.”
Abdi : “kauntungana tiasa saberaha ibu sapoena?”
Bu rina : “nya tergantung, tiasa kurang lewih 500 nyampe 1juta.”

Abdi : “ari ibu gaduh cabang anu sanes deui salian di dieu?”
Bu rina : “aya, hiji dijakarta sareng didieu.”
Abdi : “oh, ari acukna ibu nyandak timana ibu?”
Bu rina : nyandak langsung ti bandung.”

Abdi : “ieu bu kanggo pertanyaan terakhirnya bu.”
Bu rina : “mangga..”
Abdi : “naon wae bu tips atanapi saran kanggo siswa/siswi anu hoyong bade jadi pengusaha sapertos ibu kieu?”

Bu rina : “nya lamun hayang usaha mah kahiji niatna kudu kuat heula sarta fokus da modal mah tiasa ngumpulkeun sakedik-kedik engkina nu pentingmah niat usahana hela kuatkeun. Upami modal tos kumpul, nah tiasa milarian barang anu sae keur dijual.”

Abdi : “haturnuhun bu, sakitu wae wawancara singket ti abdi sareng rerencangan sakali deui hatur nuhun kanggo waktosna.”
Bu rina : “sami-sami”

Abdi : “wassalamualaikum bu”
Bu rina :  “wa’alaikum salam”

Kesimpulan :


Bu rina salah sahiji pangusaha anu tos sukses di bidangna nyaeta ngaical baju, Bu rina teh asalna ti bogor. Nilik dina caritana Bu rina Jadi pengusaha teh bangga saking awalna hese. Tapi ayena tina hasil usahana ageung pisan, ti mimiti icalan di kaki lima, ayena tos boga toko sorangan.

Tina hasil wawancara diluhur aya hal-hal anu tiasa diconto “lamun hayang usaha mah kahiji niatna kudu kuat heula sarta fokus da modal mah tiasa ngumpulkeun sakedik-kedik engkina nu pentingmah niat usahana hela kuatkeun.

Upami modal tos kumpul, nah tiasa milarian barang anu sae keur dijual deui. upami bade jadi pengusaha misalna acuk, dina ngicalna urang kedah ramah tur kata-katana kanu meser sabar sarta ulah gampang nyerah.”

 
Nah demikianlah hasil contoh wawancara bahasa sunda dengan salah seorang ibu penjual baju yang merupakan pengusaha yang sukses, semoga dapat bermanfaat.

Baca Juga: Contoh wawancara bahasa sunda tentang tukang baso!