Bahasa Sunda Kelas 3 Semester 1 & Semester 2 Materi Pelajaran

Diposting pada

Mengenai materi pelajaran bahasa sunda kelas 3 sd semester 1 dan 2 ini terdiri dari sembilan bahan materi pembelajaran, seperti misalnya tentang menjaga lingkungan alam, mencintai hewan dan tumbuhan, menceritakan pengalaman pribadi, mengenal nama-nama musim, gotong royong, permainan dan olah raga, persahabatan, energi, menghormati orang tua, serta tentang memelihara lingkungan.

Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 3 SD/MI Semester 1

Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 3

Pangajaran 1: Alam Sabudeureun Urang (Mikanyaah Sasatoan jeung Tatangkalan
Pangajaran 2: Pangalaman anu Matak Nineung
Pangajaran 3: Usum-Usuman
Pangajaran 4: Gotong Royong
Pangajaran 5: Kaulinan Jeung Olahraga
Pangajaran 6: Éndahna Sosobatan
Pangajaran 7: Hémat Énergi
Pangajaran 8: Hormat ka Kolot jeung Ngajén Sasama
Pangajaran 9: Miara Lingkungan

Untuk mempermudah pengajaran guru-maupun siswa khususnya untuk kelas 3 SD atau MI ini, basasunda.com sudah menyiapkan buku pelajaran bahasa sunda yakni pamekar diajar basa sunda tentang materi-materi yang sudah disebutkan tersebut dengan menggunakan kurikulum 2013 yang dapat diunduh pada link dibawah ini.

Download Buku Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 3

Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 3

Buku Pelajaran Basa Sunda (Untuk siswa)

Download Silabus:

Silabus Bahasa Sunda

Nah, selain materi buku siswa dari pelajaran bahasa sunda kelas 3 SD atas, dibawah ini akan dituliskan pula dengan rangkuman mengenai pelajaran yang akan dibahas dalam buku tersebut, berikut adalah rangkuman materinya.

Materi Pelajaran 1 : Mikanyaah Sasatoan jeung Tatangkalan

Pelajaran materi 1 Mikanyaah Sasatoan jeung Tatangkalan

Ngalentongkeun kalimah

Lentong nyaéta luhur handapna nada lamun urang keur nyarita (intonasi).(Lentong yaitu tinggi rendahnya suatu nada pada saat kita berbicara) Ngalentongkeun kalimah nyaéta ngucapkeun kalimah maké lentong (nada atawa intonasi) anu bener.

Contoh kalimahna:

1. Euleuh, itu uncal tandukna mani ranggaék, nya!
2. Wah, piraku aya ucing sieun ku beurit!
3. Ih, dina dongéng mah gajah téh éléh ku sireum.
4. Héy, kadieu! ieu aya monyét maké payung!
5. Duh, itu kelenci buluna mani lalucu, nya!
6. Ēy, éta dina rambut Dami aya hileud!
7. Lah, ulah hayang tumpak gajah, inggis ragrag.
8. Iy, itu oray matana sagedé kaléci!
9. Uluh, itu jarapah beuheungna mani panjang, nya!
10.Ēh, ari dinosaurus kumaha disadana, nya?
11.Leuh, deudeuh teuing itu ucing paéh kagéléng mobil.
12.Horé, abdi dipasihan japati sajodo ku Mang Dadi!
13.Ih, duka nu saha éta kelenci téh?

> Ngapalkeun Harti Kecap

– Ranggaék = bentuk tanduk yang bercabang – cabang.
– Piraku = masa, mana boleh, tak mungkin
– Ēléh = kalah
– Sireum = semut
– Beurit = tikus
– Inggis = khawatir
– Ragrag = murag (jatuh)
– Beuheung = leher
– Disadana = bunyinya, suaranya
– Deudeuh = menyayangkan
– Kageleng = terlindas
– Dipasihan = dibéré (dikasih)
– Sajodo = sejodoh

> Sora Sasatoan

Pelajaran 2 mengenal nama dan suara hewan dalam bahasa sunda

Baca juga: Ngaran Anak Sasatoan Lengkap Jeung Ngaran Kandangna

Ngalarapkeun Rarangkén Hareup -di

– Rarangkén hareup -di gunana pikeun ngawangun kecap pagawéan. Nulisna kudu dihijikeun jeung kecap anu dituturkeunana. Conto misalna saperti dihandap ieu:

1. bawa + di = Mida dibawa piknik ku Mang Dadi.
2. ajar + di = Dami keur diajar ngagambar uncal.
3. bere + di = Mida dibéré surabi ku Bi Encum.
4. jual + di = Domba Mang Dadi anu jalu geus dijual.
5. dahar + di = Sampeu téh didahar ku uncal.

Pangajaran 2 : Pangalaman anu matak nineung

Ngaregepkeun Pedaran Ngeunaan Carita Pangalaman: Pangalaman téh nyaéta kajadian anu karandapan ku sorangan. Jadi upama urang nyaritakeun pangalaman téh sarua jeung nyaritakeun kajadian anu kaalaman atawa karandapan ku sorangan. Unggal jalma miboga pangalaman séwang-séwangan. Ēta pangalaman téh aya anu pikabungaheun, pikasediheun, pikasieuneun, jsb.

Conto :

1. Pangalaman anu Pikabungaheun

Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi nyaéta waktos abdi naék ka kelas tilu. Waktos badé dibagi raport téh abdi degdegan sieun teu naék. Mangkaning anu nampina ogé Ibu abdi. Abdi bingah pisan waktos diwartosan ku Ibu, yén abdi naék ka kelas tilu.

2. Pangalaman anu Pikasediheun

Pangalaman anu pikasediheun kanggo abdi nyaéta waktos pun nini maot. Abdi sedih pisan waktos nini maot téh. Nini téh nyaaheun pisan ka abdi. Upami aya ka rorompok, anu pangpayuna ditaroskeun téh abdi.

3. Pangalaman anu pikasieuneun

Pangalaman anu pikasieuneun kanggo abdi nyaéta waktos ngiringan jurit malam. Abdi sareng réréncangan saregu kedah ngalangkung ka kuburan. Jaba poék deuih, teu aya lampu. Abdi mani sieun pisan.

4. Pangalaman anu Pikaseurieun

Pangalaman anu pikaseurieun nyaéta waktos abi nganggo sapatu sisirangan. Ku margi rusuh sieun kasiangan sakola, abdi henteu taliti nganggo sapatu. Ari dongkap ka sakola, abdi diseungseurikeun ku réréncangan ku margi nganggo sapatu sisirangan. Abdi ogé nya ngiring seuri wé da rumaos heunteu tarapti.

Baca oge: 8+ Contoh Pengalaman (Pangalaman) Pribadi Bahasa Sunda!

# Ngapalkeun Harti Kecap

– Karandapan = mengalami, dialami
– Séwang – séwangan = masing –masing
– Pikabungaheun = hal yang menyenangkan
– Pikasediheun = hal yang menyedihkan
– Pikaseurieun = hal yang membuat tertawa
– Pikasieuneun = hal yang menakutkan
– Bingah = senang
– Diwartosan = diberi tahu
– Maot = meninggal
– Rorompok = rumah
– Pangpayuna = paling depan
– Ditaroskeun = ditanyakan
– Ngiringan = ikutan
– Ngalangkung = melewati (ngaliwat)
– Sieun = takut
– Sisirangan = memakai sendal/sepatu tidak dengan pasangannya
– Rusuh = buru – buru
– Dongkap = datang
– Diseungseurikeun = ditertawakan
– Rumaos = rumasa (merasa)
– Tarapti = teliti

# Ngalarapkeun rarangkén hareup ka-

Rarangkén hareup ka- nulisna dihijikeun jeung kecap anu nuturkeunana. Gunana pikeun ngawangun kecap pagawéan anu ngandung harti “teu dihaja”. Contohna aperti dihandap ieu :

1. Bawa + ka- = kabawa (Buku Mida kabawa ku Dami)
2. Tincak + ka- = katincak (Suku Ujang katincak ku Yayan)
3. Tabrak + ka-= katabrak (Pager runtuh katabrak ku mobil)
4. Géléng + ka-= kagéléng (Hayam paéh kagéléng motor)
5. Tajong + ka- = katajong (Gelas peupeus katajong ku Bi Anah)

# Ngalarapkeun Kecap Pangantét ka-

Kecap pangantét ka- gunana pikeun nuduhkeun tempat atawa jelema anu dituju. Cara nulisna dipisahkeun jeung kecap anu dituturkeun. Conto saperti dihandap ieu :

1. ka + mana = ka mana (Badé angkat ka mana, Bu?)
2. ka + dieu = ka dieu (Teu kénging ameng ka dieu aya nu ujian!)
3. ka + sakola = ka sakola (Tabuh tujuh Dami tos dugi ka sakola)
4. ka + Banjaran = ka Banjaran (Entin unggal dinten sok ngalangkung ka Banjaran)
5. ka + lembur = ka lembur (Upami libur Mida badé ka lembur apana)

Pangajaran 3 : Usum-Usuman

Pelajaran 3 Materi Usum-Usuman Bahasa Sunda Kelas 3

Maca jero hate:

Usum Ngijih

Ayeuna téh bulan Januari. Ampir unggal poé hujan ngecrek ti isuk isuk nepi ka peuting. Disebutna usum usum hujan atawa usum ngijih. Biasana usum ngijih téh dimimitian ti bulan Séptember. Anu matak aya anu nyebutkeun, mun geus asup bulan berberan, geus pasti wé loba hujan. Eureun-euren engké bulan Maret.

Anu matak sok disebutkeun, bulan Maret mah ret wé hujan téh eureun. Ditéma ku usum halodo. Ayeuna mah henteu kitu. Aya kalana bulan Maret ogé masih kénéh ngayer hujan. Cuaca téh geus hésé diteguhna. Ēta téh lantaran aya parobahan iklim anu dilantarankeun ku beuki panas, lantaran pangeusina beuki gegek.

Usum hujan dianggap mawa berekah pikeun patani. Utamana mah anu marelak paré di sawah. Sawahna moal kakurangan cai. Hasil panénna ogé mucekil. Tapi sakapeung usum hujan ogé sok jadi musibat. Loba wewengkon anu kacaahan. Lamun geus kitu, sawah teu kaala hasilna, balong loba anu bedah, malah imah ogé loba anu kakeueum ku cai.

#Harti Kecap

– Ngecrek = taya ereunna (hujan)
– Ngijih = usum hujan
– Halodo = usum eweuh hujan
– Iklim = kaayaan hawa jeung cuaca
– Gegek = padet, loba pangeusina
– Berekah = mangpaat keur saréréa
– Mucekil = loba, matak nyugemakeun (hasil usaha)
– Musibat = kacilakaan, papait
– Bedah = jebol, dobol
– Cileuncang = cai hujan anu nyangkrung dina taneuh, jalan, dsb

# Mikawanoh istilah anu aya Patalina jeung Usum-usuman

– Tiis = hawa anu karasana tiis.
– Hujan = cai nu ragrag ti langit.
– Panas = hawa anu suhuna luhur, sabalikna tiis.
– Hareudang = ngarasa panas kulantaran hawa anu suhuna luhur
– Ngelekeb = panas lantaran rék hujan eweuh angin atawa di jero rohangan
– Ceudeum = angkeb, langit poek lantaran rék hujan.
– Cangra = langit béngras, taya pihujaneun.
– Girimis = hujan leutik, miripis, ngeprul.
– Gelap = gélédég, sora hawa anu dibeulah ku kilat.
– Guludug = guruh, aweuhan sora gélédég.

Ngalarapkeun kecap pangantét di

Kecap pangantét di téh pikeun nuduhkeun tempat ayana. Cara nuliskeunana dipisahkeun jeung kecap anu dituturkeunana. Conto :

1. Di + imah = di imah Opi keur diajar kelompok di imah Mida
2. Di + ditu = di ditu Di Ranca Upas ogé aya uncal, ngan di ditu mah lain uncal totol
3. Di + dieu = di dieu Mun hayang ningali uncal mah di dieu ogé aya
4. Di + dinya= di dinya Ulah diuk di dinya, bisi ngahalangan batur
5. Di + sakola = di sakola Ari maca buku téh ulah ngan di sakola wungkul.

Pangajaran 4 : Gotong Royong

Pelajaran 4 materi bahasa sunda Gotong Royong Untuk kelas 3 sd

Maca paguneman

SABILULUNGAN

Bada Isa, Mida jeung Dami ngariung dipatengahan jeung bapana, Pa Upa. Mida : “Pa ari sabilulungan téh naon?” Pa Upa : “Sabilulungan téh sami sareng gotong royong. Aya naon Mida naroskeun sabilulungan?” Mida : “Abdi téh badé ngiringan rampak sekar, ari laguna ‘Sabilulungan’. Saur Bu Téti, abdi kedah apal maksadna éta lagu.

Disawalakeun sareng réréncangan.” Dami : “Gotong royong téh sami sareng kerja sama, nya, Pa?” Pa Upa : “Sami. Sabilulungan, gotong royong, kerja sama, dina intina mah ampir teu aya béntenna. Ēta téh saé, asal ulah sabilulungan dina kaawonan. Sabilulungan dina padamelan anu saé, hasilna ogé tangtos saé.

Malah biasana mah langkung saé dibandingkeun sareng dipidamel ku sorangan.” Mida : “Ari hubunganana sareng persatuan kumaha, Pa?” Pa Upa : “Raket pisan. Apan disebatkeun dina laguna ogé, sabilulungan téh némbongkeun ayana persatuan. Ku ayana sabilulungan sareng persatuan, urang tiasa angkung kiat, langkung tohaga.

Contona baé ramo. Ramo téh aya lima. Upama dianggona hiji – hiji mah, moal sabaraha gunana, sareng moal kiat deuih. Tapi upami dianggo sareng limaanana, tiasa dianggo sagala rupi. Sok geura ku Mida sareng Dami émutan.” Dami : “Muhun nya.”

Baca juga: Contoh Paguneman Bahasa Sunda 2 3 4 5 Orang, Lengkap!

# Harti Kecap

– Ngariung = ngumpul (berkumpul)
– Patengahan = tengah imah (tengah rumah)
– Sabilulungan = gotong royong, kerja sama, sasarengan (barengbareng)
– Rampak sekar = ngawih babarengan (seperti paduan suara)
– Disawalakeun = didiskusikeun (didiskusikan)
– Bénten = béda (berbeda)
– Kaawonan = kagoréngan (kejelekan)
– Padamelan = pagawéan (pekerjaan)
– Genténg = leutik bagian tengahna (kecil bagian tengahnya)
– Pasalingsingan = papaliwat, teu amprok lantaran béda jalan (tidak ketemu)
– Santosa = kuat, tohaga
– Samakta = lengkep, kumplit (lengkap)
– Teuneung = wanian, ludeung (berani)
– Saihwan = batur sapaham, sapamadegan (satu pemikiran)

# Ngucapkeun punten jeung wilujeung

– Ngucapkeun punten

1. Punten, kapayunan!
2. Punten, ngiring ngalangkung!
3. Punten, Bu, abdi badé tumaros!
4. Punten, Pa, abdi badé wangsul tipayun!
5. Punten, Bu, abdi badé ka pengker sakedap!
6. Punten, Kang, abdi badé tumaros dupi bumina Pa Dani palih mana?

– Ngucapkeun Wilujeung

1. Wilujeung énjing, Bu!
2. Wilujeung énjing, Pa!
3. Wilujeung sumping ka sadayana!
4. Wilujeung siang, wilujeung patépang deui sareng simkuring!
5. Wilujeung angkat, mugia salamet di jalanna!
6. Wilujeung, saurna Akang janten juara kahiji biantara!

Pelajaran Bahasa Sunda SD/MI Lainnya:

Nah, mungkin itu saja beberapa rangkuman dari materi pelajaran bahasa sunda untuk kelas 3 SD atau Mi semester 1. Mohon maaf apabila tidak semua materi dibahas ecara menyeluruh. Semoga bermanfaat untuk belajar di sekolah mapun sebagai bahan referensi belajar di dirumah.