Materi Drama Bahasa Sunda Kelas 12 Lengkap!

Dalam materi bahasa sunda kelas 12 kali ini kita akan belajar bersama-sama mengenal bentuk drama sunda serta diharapkan kita mampu mengapresiasikan dan mementaskan sebuah drama, materi drama basa sunda ini akan dirtuliskan dalam bahasa sunda dibawah ini.

Materi Drama Bahasa Sunda Kelas 12

Materi Drama Bahasa Sunda Kelas 12

Di masyarakat (Sunda) nyampak rupa-rupa kasenian anu geus lila mekar, tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi. Éta kasenian téh rupa-rupa wandana, salah sahijina wanda seni pintonan anu geus dipikawanoh tur dipikaresep ku masarakatna nyaéta, longsér.

Dina kamekaran nu saterusna, wanda pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara rakyat (tunil), nu kiwari mah leuwih dipikawanoh istilah drama. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae carita pantun jeung dongéng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Di Kusuma“, jeung “Si Kabayan“.

Medar Drama Sunda

Medar Drama Sunda

1. Pintonan Drama

Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa.

Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara.

Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor. Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna.

Lamun maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar, nyaéta pangaruh opera anu jolna ti Éropa. Tapi, dina gending karesmén mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda.

Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipgalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan. Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya, “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung “Si Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.

Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modérn. Wangunanana lancaran, teu maké tembang siga dina gending karesmén. Ieu gé maké naskah, malah pintonanana gé diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Maké dékor keur séting panggung, maké tata lampu (éfék cahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran téknologi nu beuki canggih, pagelaran drama téh dipapaés ku unsur-unsur multimédia.

Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun éfék gerak mékanik. Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta:

“Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin Aéhar, jeung réa-réa deui.

Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriungriung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional.

Proses Mintonkeun Drama

Dina pangajaran saméméhna urang geus latihan maca drama. Ayuena urang latihan mintonkeun drama. Hartina lain sakadar dibaca, tapi dialog-dialogna kudu diapalkeun nepi ka apal cangkem, diragakeun paripolah tokohna, sarta dipintonkeun mangrupa pagelaran dina panggung. Saméméh mintonkeun drama urang kudu apal heula kumaha nataharkeunana.

Proses Mintonkeun Drama

Dina pintonan drama téh ngalibetkeun rupa-rupa unsur. Upamana, urang perlu naskah drama nu rék dipintonkeun. Sanggeus aya naskah, perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur pintonanana. Keur mintonkeun éta drama sutradara butuh pamaén (aktor jeung aktris). Lian ti éta sutradara butuh dibantuan ku panata panata kostum (papakéan), panata panggung/artistik, panata musik, atawa panata gerak/tari.

Saméméh manggung, perlu latihan heula. Latihan tangtuna teu cukup ku sakali. Dina latihan sutradara babarengan ku panata gerak, panata kostum, panata lampu, atawa panata musik, mikiran kumaha carana sangkan éta drama mun dipintonkeun bisa alus jeung resep dilalajoanana.

Upamana baé kumaha ngagali poténsi aktor/aktris sangkan dina merankeun hiji tokoh téh ngetrukkeun sakabéh kamampuanana, boh jiwana boh ragana. Nepi ka aktingna engké dina panggung enya-enya ngajanggélékkeun sipat jeung kalakuan tokoh sakumaha anu dipikahayang jeung diperedih dina naskahna.

Sanggeus asak latihan, kakara dipintonkeun dina panggung. Tah geus di panggung mah hasil sakabéh upaya sutradara téh bakal katémbong dina akting pamaén nu dirojong ku rupa-rupa unsur téa. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun waktu urang jadi aktor/aktris, waktu merankeun hiji karakter/tokoh. Di antarana:

1. Urang kudu bisa neuleuman pasipatan/karakter tokoh nu diperankeun. Cara neuleumanana téh bisa rupa-rupa, bisa ku cara “penghayatan”, nyaéta nyiptakeun rasa émpati atawa ngararasakeun dirina jadi tokoh nu diperankeun, ngarasa sanasib, atawa ngarasa boga pasipatan nu sarua. Bisa ogé ku cara observasi, nyaéta ngimeutan kanyataan anu saenyana. Upamana lamun rék merankeun musapir, urang ngahaja ngimeutan heula pasipatan musapir, tingkah polahna, kabiasaanana sapopoé, jeung sajabana.

2. Ngimeutan pituduh anu kaunggel dina naskah. Upamana dina naskah “Démonstran” aya dialog kieu:

Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan!
Anén : (luak-lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon?

Di dinya aya katerangan yén Ato téh nyaritana kudu ngaharéwos. Pon kitu deui Anén, lian ti kudu ngaharéwos, manéhna kudu bari luak-lieuk.

Cara membawakan akting drama yang baik

3. Gunakeun éksprési jeung remen latihan silih témpas, nepi ka dialog téh jadi hirup siga nu ngobrol enyaan. Upamana aya dialog kieu:

Sekwilmat : Tenang-tenang! Ké aya naon ieu téh sadérék?
Anén : Bapa téh camat?
Sekwilmat : Lain kuring mah. Eueu…..
Ato : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh!.
Sekwilmat : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah.
Acid : Ah, bohong! Sok, daék naon?

Kacipta pan ku urang kumaha silih témpasna. Kumaha patorongtorongna. Basa Sékwilmat nyebut “Eueu….” kuduna mah ulah aya jéda atawa ulah ngarandeg, tapi langsung ditémpas ku omongan Ato anu semu napsu, “Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh!”

4. Maén drama mah lain ngobrol biasa. Sok sanajan obrolanana siga urang ngobrol sapopoé, tapi obrolan dina drama mah kudu diréka jeung ditanagaan. Upamana diréka maké lentong anu ancad laér, dibarengan ku gegerungan, dibarengan ku napsu, jeung saterusna. Ditanagaan téh lain hartina kudu gogorowokan, tapi kumaha carana sangkan sora nu kaluar tina baham téh bisa jelas, béntés, jeung bedas kadéngéna.

3. Dialog dina Drama Dialog téh omongan antara dua jalma atawa leuwih nu silih témpas. Omongan sarupa kitu téh sasat jadi nyawana drama. Naon sabana? Lantaran alur carita drama mah diwangun ku dialog tokoh-tokohna. Lain diwangun ku narasi atawa déskripsi siga dina prosa.

Anapon dina naskah drama aya katerangan-katerangan anu nétélakeun latar jeung paripolah palaku, éta mah sakadar pituduh keur sutradara atawa aktor dina waktu mintonkeun drama. Malah sipatna ogé henteu ngiket, bisa dirobah-robah. Parandéné kitu lain baé aya dialog dina drama téh. Sok kapanggih ogé monolog, nyaéta omongan sorangan anu diucapkeun ku hiji tokoh.

Siga gegerendengan sorangan, teu puguh layan. Malah aya drama anu caritana ti awal nepi ka ahir ukur diwangun ku monolog. Gédéngeun éta, aya deui nu disebut prolog jeung épilog. Prolog nyaéta omongan bubuka, biasana digunakeun keur muka hiji pintonan drama. Ari épilog nyaéta omongaan panutup. Prolog sok disaruakeun jeung panganteur carita. Ari épilog sok disaruakeun jeung panutup atawa kacindekan carita. Amanat nu hayang ditepikeun ka nu maca atawa ka nu lalajo osok ogé kapanggih dina épilog.

Conto Naskah Drama

Untuk contoh naskah drama sunda sendiri sudah banyak dituliskan di basasunda.com, baik hasil karangan yang sudah dibukukan maupun dari karangan teman-teman dan para siswa disekolah, silahkan di lihat pada pada mmenu katagori dan link dibawah ini.

Cara Nulis Naskah Drama Sunda

Cara Nulis Naskah Drama Sunda

nulis naskah drama mah perlu di¬émbohan ku pangaweruh séjénna. Tina cara nulisna gé pan geus béda. Lian ti jejer carita, nu kudu dipikiran ku pangarang téh kumaha mun éta naskah dipentaskeun. Naha matak kataji nu lalajo, atawa sabalikna. Tamba kawaranan, aya sawatara patokan keur nu aya kereteg nulis naskah drama. Di antarana:

1. Jejer carita (téma)

Naskah drama umumna nyaritakeun kahirupan sapopoé, boh alam kiwari, boh alam bihari. Aya nu motrét ka¬hirupan masarakat leutik, tur sakapeung diselapan ku kritik sosial. Tapi teu kabéh naskah drama kudu napak dina réalita, teu béda ti carpon atawa novél, dra¬ma gé bisa maké rupa-rupa aliran: réalismeu, suréalismeu, jsté. Boh dina wangun komédi boh tragédi.

2. Dialog

Naskah drama téh pentaskeuneun, ku kituna dialog penting pisan. Kalimah nu dipaké dialog tangtu kudu merenah dilisankeunana. Karasa sponta¬nitasna jeung teu dijieun-jieun. Dialog dina drama bisa paguneman jeung papada tokoh, atawa paguneman jeung dirina sorangan (soliloquy). Pangarang gé kudu pertéla nerangkeun lentong jeung paripolah tokoh sajeroning dialog.

3. Babak jeung adegan

Naskah drama bisa dibagi jadi sababaraha babak, unggal babak diwengku ku sababaraha adegan. Adegan dina drama némbongkeun robahna kajadian carita, upamana ganti tokoh atawa ganti séting.

4. Nu ngalalakon

Nu ngalalakon dina drama bisa sorangan (mono¬log), bisa lobaan, gumantung kana jejer carita. 5. Bubuka. Dina bagian awal naskah, pangarang méré pituduh ngeuna¬an naskah nu rék dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, terus nataan sakur tokoh nu nga-la¬lakon katut kateranganana. ngaranna, umurna, pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh séjén, jsté. Pangarang gé méré gambaran lilana éta naskah dipentaskeun.

6. Pituduh keur sutradara jeung nu maca

Waktu jeung tempat kajadian (séting) dina naskah kudu diécéskeun ka nu maca. Ieu téh baris jadi patokan pikeun sutra¬dara deuih, kumaha hadéna mén¬taskeun éta naskah. Najan teu wajib, aya hadéna deuih mun pa¬nga¬rang méré gambaran ngeuna¬an ilustrasi musik jeung tata lampu.

7. Téks sisi

Mun aya kalimah atawa kajadian nu sakirana matak bi¬ngung sutradara atawa nu maca, hadéna mah diterangkeun dina téks sisi (side text). Téks sisi di¬teun-deun gigireun kénca atawa katuhueun naskah. Méméh naskah dipentaskeun atawa dikirimkeun ka média massa, hadéna mah dibaca deui jeung dipecakan heula ku nu ngarangna, bisi aya dialog nu nyalahan, séting nu teu merenah, atawa hal séjénna nu matak ngaganggu mun éta naskah dipentaskeun.

Nah mungkin itu saja beberapa materi drama bahasa sunda kelas 12 yang meliputi pembahasan tentang apa itu arti drama, cara membawakan atau mementaskan drama, contoh-contoh naskah drama, cara menulis naskah drama dan sebagainya semogadapat bermanfaat.

 

Referensi: Pamekar basa sunda, sundanews.com/aos/seratan/1342092822

 

Populer

Flashnews