Aksara SundaMateri & Soal SMA

Materi Aksara Sunda Kelas 10, Mikawanoh & Paham Aksara Sunda

×

Materi Aksara Sunda Kelas 10, Mikawanoh & Paham Aksara Sunda

Sebarkan artikel ini

Materi aksara sunda kelas 10 – Aksara Sunda kiwari sok disebut kaganga, nyaéta aksara tradisional hasil modifikasi tina tata-tulis karuhun Sunda baheula sakumaha anu kapanggih dina naskah kuno atawa prasasti. Ieu aksara téh sok dianggap ceré Sunda. Saméméhna urang Sunda téh biasa ngagunakeun aksara cacarakan atawa populer disebut hanacaraka.

Ngan éta téh dicokot tina aksara Jawa, jadi dianggap lain asli Sunda sanajan cacarakan ogé saenyana geus dimodifikasi diluyukeun jeung fungtuasi urang Sunda. Taun 1990-an, para ahli filologi mimiti ngoréksi cacarakan nu dianggap henteu asli téa. Para ahli sapuk mun aksara kaganga leuwih nyunda tur mimiti diwanohkeun ka balaréa.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca oge: Sejarah Aksara Sunda Kaganga atau Aksara Sunda Baku

Kungsi ogé diayakeun seminar keur nyusun standarisasi tata-tulis éta aksara, bari diwewegan ku rupa-rupa aturan hukumna. Dina ieu pangajaran urang bakal diajar maca jeung nulis aksara Sunda, mikawanoh sajarahna, jeung ngagunakeun aksara Sunda Kaganga keur rupa-rupa kaperluan.

A. Maca Téks Aksara Sunda

Keur latihan dina materi aksara sunda kelas 10 ieu,  sarta keur nyegerkeun deui pangaweruh urang kana tata tulis aksara Sunda, pék baca ieu téks di handap tuluy pigawé pancénna!

TEKS 1

Materi aksara sunda kelas 10 Maca Teks Aksara Sunda

TEKS 2

Teks aksara kangaga

Pancen 1

Pék alihaksarakeun éta dua téks aksara Sunda di luhur téh kana hurup Latén. Tuluy terangkeun, saenyana éta téks téh masing-masingna jenis wacana naon sarta eusina nyaritakeun naon? Terangkeun masing tétéla!

B. Mikawanoh Aksara Sunda Pikeun Materi Aksara Aunda Kelas 10

Kiwari aksara Sunda kaganga téh geus dipaké keur rupa-rupa kaperluan. Di antarana baé keur labél ngaran jalan, dipaké plang instansi pamaréntahan atawa obyék-obyék wisata, dipaké pamaés dina kaos atawa beus, malah aya ogé anu dijieun kaligrafi jeung karya seni séjénna.

Titénan contona:

Mikawanoh Aksara Sunda

Baca oge: 50 Contoh Kaligrafi Aksara Sunda Karya Siswi Pilihan!

Di SD jeung di SMP urang kungsi diajar aksara Sunda apan? Urang geus diajar kumaha aksara dasarna, rarangkénna, jeung cara nuliskeunana. Kiwari urang nyobaan maca téks nu ditulis ku aksara Sunda, mikapaham (nyangkem) sajarahna, jeung nyieun kréasi ngagunakeun aksara Sunda.

C. Paham Sajarah Aksara Sunda

Anu dimaksud aksara Sunda kaganga téh nyaéta aksara Sunda hasil “standarisasi” anu geus ditetepkeun ku SK Gubernur Jawa Barat No. 434/Sk. 614-Dis.Pk/1999. Éta aksara téh dirarancang jeung disusun tina hasil ngabanding-banding akasara-aksara kuno nu geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-15 kénéh. Boh anu digunakeun keur nuliskeun aksara dina prasasti, boh nu digunakeun dina naskah-naskah lontar.

Tangtu aksara Sunda ayeuna mah réngkolna teu sarua pisan jeung aksara Sunda kuno téa, da geus diropéa. Sajarahna mah kieu. Taun 1996, kaluar Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 6 taun 1996, ngeunaan Pelestarian dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda. Lebah aksara, urang Sunda harita bingung, nya aksara mana anu kudu dipaké, lantaran wanda aksara di lingkungan urang Sunda téh rupa-rupa pisan.


Justru anu loba digunakeun jeung dipikawanoh ku urang Sunda nepi ka harita téh nyaéta aksara cacarakan (hanacaraka), anu saenyana aksara ti Jawa. Kréasi urang Sunda dina aksara cacarakan téh cenah ukur 10%. Nya diayakeun lokakarya di Universitas Padjadjaran (Unpad) tanggal 27 Oktober 2007, pikeun muguhkeun nu kumaha nu disebut aksara Sunda baku téh.

Lokakarya lain baé ngumpukeun bahan, nyarungsum, jeung muguhkeun wanda aksara Sunda, tapi ogé ngabakukeun (nyieun standarisasi). Hasilna disosialisasikeun, nepi ka ahirna dina taun 1999, aksara hasil standarisasi téh ditetepkeun ku SK Gubernur. Saterusna, hasil standarisasi téh tuluy diasupkeun kana révisi Perda No. 6/1996, anu tuluy jadi Perda No. 5 taun 2003. Nya ti harita aksara Sunda mimiti disebarkeun ka masarakat, sarta leuwih populer disarebut aksara kaganga.

Éta Aksara Kaganga téh lain baé ditabeuh jeung diwanohkeun dina kongres atawa seminar, tapi ogé mimiti digunakeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana keur ngaran jalan, ngaran plang, ditulis dina kaos, dijieun kaligrafi, jeung sajabana. Bulan April taun 2008, aksara Sunda baku atawa anu disebut aksara kaganga téa téh ahirna dipaténkeun jeung didaftarkeun ka Unicode Internasional pikeun ditetepkeun jadi font dina komputer.

Baca oge: √ Aplikasi Translate Aksara Sunda Android, Keyboard Copy Paste!

Ku éta tarékah, kiwari urang bisa ngagunakeun aksara Sunda maké komputer. Tinggal dipilih font-na dina daftar font nu aya dina komputer urang. Tangtu baé, sangkan bisa digunakeun dina komputer font kaganga-na kudu diinstalkeun heula kana komputer urang.

font Aksara sunda dina keyboard komputer

D. Nyalin Téks kana Aksara Sunda

Saméméh prak nyalin titénan heula pituduh ieu di handap!

a. Aya sawatara aksara anu cara nuliskeunana boga variasi, nyaéta aksara /ja/, /ta/ jeung /ya/. Rék nu mana baé gé bisa dipaké.

Titénan variasina:

Variasi aksara sunda

b. Ulah sambarangan maéhan aksara dasar. Gunakeun rarangkén keur kaéféktifan.

Contona:

rarangken aksara sunda

c. Ulah poho, cara nuliskeun angka salilana dihapit ku garis nangtung.

Contona:

nuliskeun angka kudu dihapit ku garis nangtung

d. Dina nuliskeun aksara Sunda téh boh aksarana boh spasina kudu proporsional. Ulah rékép teuing, ulah anggang teuing, ngarah babari dibacana.

Pancen 2

Ayeuna pék cobaan nyalin téks tina aksara Latén ieu di handap kana aksara Sunda. Dina nyalin masing bener nuliskeunana sarta ulah poho cara merenahkeun rarangkénna.

a. Kacaritakeun éta dua sato geus nepi ka kebon cabé Pa Tani. Sakadang Monyét ngajlengan pager, ari Sakadang Kuya moncor ti handap. Sakadang Monyét gancang mipitan céngék nu bareureum, am didahar. Pok ngomong bari cowong, “Seuhah lata-lata, maling cabé lada ngeunah…..” cenah. “Onyét,” Sakadang Kuya ngagebés, “Nanaonan éta téh? Kumaha lamun kanyahoan ku Pa Tani?”

b. kulitna héjo carulang
beungeutna ngadaun seureuh
panonna cureuleuk
halisna ngajelér paéh
Pangambung kuwung-kuwungan
tarangna téja mentrangan
Rambutna galing muntang
gadona endog sapotong
pipina kadu sapasi
Lambeyna ngadodol cina
beureum asli bawa ngajadi.

E. Ngagunakeun Aksara Sunda

Sabada aksara Sunda disosialisasikeun ka masarakat, tétéla geus jadi inspirasi réa jalma keur nyieun rupa-rupa karancagéan tina éta aksara. Lain ngan sakadar jadi ték anu biasa. Aksara Sunda aya nu dijieun kaligrafi dina lukisan, aya nu dijieun mural (lukisan dina témbok), aya ogé anu dijieun patung jeung ukiran.

Titénan gambarna;

Ngagunakeun Aksara Sunda

Pancen 3

Pék hidep nyiptakeun kréativitas sorangan ngagunakeun aksara Sunda. Upamana nyieun desain kaos, desain gelas atawa cangkir, nyieun poster, nyieun plang jalan atawa gedong, atawa bisa ogé nyieun mérk hiji produk ngagunakeun aksara Sunda siga conto-conto di luhur.

Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap!

a. Pék jieun kelompok anu anggotana tilu atawa opat urang.
b. Unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda.

Upamana:

– Kelompok I : nyieun desain kaos.
– Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas, atawa piring.
– Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana poster miara lingkungan, poster anti narkoba, poster pestival budaya Sunda, jsb.
– Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran gedong, atawa ngaran-ngaran tatangkalan.

c. Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton, duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung sajabana.

d. Sanggeus jadi, pék pamerkeun atawa tapelkeun karya hasil kelompok téh di tempat-tempat anu merenah.


Diterjemahkan oleh Google:Bahan materi aksara sunda kelas 10, Aksara sunda masa kini kadang disebut kaganga, yaitu aksara tradisional yang dimodifikasi dari sistem penulisan nenek moyang sunda kuno seperti yang terdapat pada naskah atau prasasti kuno. Alfabet ini sering dianggap sebagai bahasa sunda ceri. Dahulu bahasa Sunda menggunakan aksara cacaran atau populer disebut hanacaraka.

Hanya saja diambil dari aksara Jawa, sehingga dianggap bukan bahasa Sunda asli meski pengucapannya sudah dimodifikasi sesuai dengan fungsi masyarakat Sunda. Pada tahun 1990-an, para filolog mulai mengoreksi pengucapan yang dianggap tidak orisinal. Para ahli sepakat bahwa aksara Kaganga lebih banyak ditunda dan diperkenalkan ke masyarakat.

Ada pula seminar yang diselenggarakan untuk menata standardisasi abjad, dengan berpedoman pada berbagai aturan hukum. Pada pelajaran kali ini kita akan belajar membaca dan menulis aksara sunda, mengenal sejarahnya, dan memanfaatkan aksara sunda Kaganga untuk berbagai keperluan.

A. Materi 1 Membaca Teks Aksara Sunda

Untuk latihan materi aksara sunda kelas 10 ini, dan untuk menyegarkan kembali pengetahuan kita tentang aksara sunda, silahkan baca teks di bawah ini kemudian kerjakan tugasnya!

A. Materi 1 Membaca Teks Aksara Sunda

Untuk latihan materi aksara sunda kelas 10 ini, dan untuk menyegarkan kembali pengetahuan kita tentang aksara sunda, silahkan baca teks di bawah ini kemudian kerjakan tugasnya!

Tugas 1

Tolong terjemahkan kedua teks aksara Sunda di atas ke dalam huruf Latén. Kemudian jelaskan, wacana apa yang dikandung masing-masing teks dan apa yang diceritakan isinya? Jelaskan setiap belokan!

B. Mengenal Aksara Sunda (Materi Aksara Sunda Kelas 10)

Saat ini aksara Sunda Kaganga telah digunakan untuk berbagai keperluan. Diantaranya digunakan untuk label nama jalan, digunakan sebagai rambu instansi pemerintah atau tempat wisata, digunakan untuk kaos atau bus, dan ada juga yang dibuat menjadi kaligrafi dan karya seni lainnya. Lihat misalnya:

Di sekolah dasar dan sekolah menengah pertama, apakah kita belajar abjad sunda? Kita telah belajar bagaimana menulis abjad dasar, bagaimana menyusunnya, dan bagaimana menulisnya. Hari ini kami mencoba untuk membaca teks yang ditulis dalam aksara Sunda, memahami (memahami) sejarahnya, dan membuat kreasi menggunakan aksara Sunda.

C. Memahami Sejarah Aksara Sunda

Yang dimaksud dengan aksara Sunda Kaganga adalah aksara Sunda “standar” yang telah ditetapkan melalui SK Gubernur Jawa Barat No. 434/Sk. 614-Des.Pk/1999. Alfabet ini dirancang dan disusun dari hasil membandingkan abjad kuno yang telah digunakan masyarakat Sunda sejak abad ke-15. Keduanya digunakan untuk menulis surat dalam prasasti, dan digunakan dalam naskah lontar.

Tentu saja aksara sunda yang sekarang ini tidak sama dengan aksara sunda yang lama, dan sudah diperbarui. Sejarahnya adalah sebagai berikut. Pada tahun 1996, Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 6 Tahun 1996, tentang Pelestarian dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda. Abjad, orang sunda bingung aksara mana yang harus digunakan, karena mood aksara di lingkungan masyarakat sunda sangat berbeda.

Justru yang banyak digunakan dan dikenal oleh masyarakat Sunda hingga saat itu adalah aksara cacaran (hanacaraka), yang sebenarnya merupakan aksara dari Jawa. Penciptaan aksara Sunda dalam aksara cacaran disebut hanya 10%. Ia menyelenggarakan lokakarya di Universitas Padjadjaran (Unpad) pada 27 Oktober 2007 untuk membahas apa yang disebut aksara Sunda baku.

Workshopnya tidak hanya mengumpulkan materi, meringkas, dan memperbaiki mood abjad Sunda, tapi juga membakukan (membuat pembakuan). Hasilnya disebarluaskan, hingga akhirnya pada tahun 1999, abjad baku ditetapkan melalui SK Gubernur. Kemudian, hasil standardisasi tersebut kemudian dituangkan dalam revisi Perda No. 6/1996 yang kemudian menjadi PP No. 5 tahun 2003. Sejak saat itu, aksara Sunda mulai disebarkan ke masyarakat, dan aksara Kaganga semakin populer.

Aksara Kaganga tidak hanya dibuat dan diperkenalkan dalam kongres atau seminar, tetapi juga mulai digunakan untuk berbagai keperluan. Misalnya untuk nama jalan, papan nama, ditulis di baju, dibuat kaligrafi, dll. Pada April 2008, aksara Sunda standar atau yang disebut aksara kaganga akhirnya dipatenkan dan didaftarkan ke Unicode International untuk digunakan sebagai font komputer.

Dengan tujuan itu, hari ini kita dapat menggunakan aksara Sunda dengan bantuan komputer. Cukup pilih font dalam daftar font di komputer Anda. Tentunya agar bisa digunakan di komputer, font Kaganga harus di install terlebih dahulu di komputer kita.

E. Menggunakan aksara Sunda

Ketika abjad sunda disosialisasikan kepada masyarakat ternyata menjadi inspirasi bagi banyak orang untuk menciptakan berbagai bentuk abjad. Kalau tidak, itu hanya pemeriksaan biasa. Aksara Sunda ada yang dibuat menjadi kaligrafi dalam lukisan, ada yang dibuat menjadi mural (lukisan di dinding), ada juga yang dibuat menjadi patung dan ukiran.

Sumber: Pamekar Diajar BASA SUNDA