Koleksi Kebon Raya Loba nu Leungit

Sawatara waktu katukang Kebon Raya geunjleung lantaran aya nu rek ngali harta karun anu cenah dipendep deukeut kuburan nu aya di Kebon Raya. Untungna eta jalma teh tuluy kacerek ku pulisi.
Sabenerna peristiwa kitu teh mindeng kajadian, ngan biasana mah anu rek maraling tutuwuhan.

Sawatara taun katukang Kebon Raya Bogor kungsi geunjleung deuih ku leungitna Tarate Raksasa (Victoria Amazonica), lantaran aya nu maling. Mangkaning Tarate Raksasa teh pikeun di nagara urang mah masih keneh kaasup tutuwuhan langka.

Ayana ngan ukur di kulah Istana jeung kulah Kebon Raya Bogor. Ku kituna teu matak heran lamun jadi bahan carita balarea. Tapi ku karancagean patugas jeung rayat, eta tarate teh bisa kapanggih deui katut nu malingna bisa kacerek.

Sabenerna koleksi Kebon Raya anu leungit teh lain ngan saukur eta-etana, tapi rea rupana, utamana tutuwuhan nu aralus tur karek ceb dipelak. Malah rumah kaca Angkrek mah kaasup pangseringna kaasupan bangsat teh. Ngan wae arang nu tepi ka hasil, lantaran kaburu kabetahkeun ku Satpam nu tugas peuting.

Kembang Bangke (Amorphophallus Titanum Becc.) nu aya di Kebon Raya Bogor geus taya nu gede, lantaran beutina rea nu buruk. Hal ieu can kapaluruh naon nu jadi sababna. Naha memang kaayaan lingkunganana geus teu cocog, atawa aya hama atawa kasakit anu ngan ukur resep narajang kana beuti Amorphophallus Titanum, da ari marga Amorphophallus lianna mah teu sakara-kara.

Kaayaan kieu teh sabalikna jeung Tarate Raksasa, najan cai kulahna kotor lantaran ti susukanana oge geus sakitu hideung jeung bauna, hirupna masih bisa subur bari ngarekahan. Sawatara waktu katukang, Kembang Bangke nu kakara sababaraha bulan dipelak geus aya nu maling. Tangkalna (gagang daun) ditunda teu jauh tina urutna, ari beutina mah dibawa ka mana boa.

Tetela kaayaan Kembang Bangke di Kebon Raya kiwari matak pikasalempangeun. Kawasna bae geus meujeuhna aya panalungtikan anu daria ti para ahlina, malar ieu kembang nu jadi kameumeut sakumna masarakat teh bisa hirup sakumaha mistina, jadi pangeusi Kebon Raya.

Lain ngan ukur Tarate Raksasa jeung Kembang Bangke bae tutuwuhan langka nu jadi inceran para ahli ceceremed teh, dalah jenis Palem oge nu kaasup alus mah loba nu leungit ku nu maling. Contona Palem jenis Chamaedorea Erumpens pangiring ti Amerika Tengah.

Di Kebon Raya ngan aya hiji-hijina, tur umurna geus 13 taun, pedah we tangkalna leutik jeung pendek. Ieu oge geus leungit dirabut ku bangsat. Nya kitu deui jenis Balaka sp, ieu oge kiriman ti luar negeri tur ngan satangkal-tangkalna.

Lamun dijumlahkeun tina jenis Palem wungkul, nu leungit teh kurang leuwih aya 23 tangkal (20 jenis). Ieu teh dina jero sataun. Kumaha ari koleksi lianna? Sarua bae, rea koleksi tina rupa-rupa famili laleungitan ku nu maling, utamana anu karek ceb dipelak.

Kajadian sarupa kieu teh mangrupa dampak negatif tina reana nu mikaresep kana tanaman hias. Teu mustahil leuweung-leuweung oge geus rea nu ruksak, alatan reana jalma nu tingalasruk neangan tutuwuhan nu arendah tur payu dijual.

Ku kituna, pikeun nu mikaresep kana tanaman hias, geus cukup urang ngarasa sugema ku pepelakan nu geus aya. Ulah kudu hayang paalus-alus tanaman langka ngarah gengsi urang ningkat. Lantaran kitu peta teh tetela gede mamalana. Buktina koleksi Kebon Raya rea nu leungit, padahal eta teh mangrupa bahan pikeun panalungtikan jeung kamekaran paelmuan Botani di nagara urang.