Wawancara sunda

Contoh Laporan Hasil Wawancara Bahasa Sunda Dengan Polisi Lengkap!

×

Contoh Laporan Hasil Wawancara Bahasa Sunda Dengan Polisi Lengkap!

Sebarkan artikel ini

Punya tugas wawancara bahasa sunda dengan polisi memang sedikit menantang, karna kadang kita merasa malu bahkan takut mungkin untuk berhadapan dengan sosok yang bernama pak polisi ini. Pernahkah kamu merasakan hal yang sama seperti itu? Hehee..!

Baca juga: Contoh Wawancara Tentang Kesenian dan Hobi Teman Sebangku Bahasa Sunda

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Tapi, tak perlu khawatir sebab polisi pasti akan membantu kita, apalagi untuk tujuan wawancara yang berkaitan dengan keperluan tugas sekolah, tentu saja dia akan sangat senang membantu kita. Dan pasti dapat meluangkan waktunya sejenak untuk kita wawancarai.

Contoh Wawancara Bahasa Sunda Tentang Polisi

Contoh Susunan Lengkap Laporan Wawancara Bahasa Sunda Dengan Polisi
Nah, pada kesempatan kali ini saya akan memberikan contoh wawancara bahasa sunda dengan polisi yang berhubungan dengan tata tertib pengguna lalu lintas dijalan raya khususnya untuk sepeda motor. Sebenarnya laporan wawancara ini sudah dijadikan makalah untuk tugas basa sunda di sekolah beberapa hari yang lalu.

Baca juga: Kumpulan Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Tentang Wawancara

Wawancara ini diambil saat pak polisi terlihat sedang beristirahat dari tugasnya. Oh ya, sebelum melakukan wawancara juga yang terpenting adalah dalam pemelihan pertanyaan dengan menggunakan bahasa sunda yang tidak terlalu kasar, karna kita akan berbicara dengan orang yang lebih tua daripada kita yaitu pak polisi.

Susunan Laporan Wawancara Bahasa Sunda Dengan Polisi

(Disusun oleh: Basasunda.com)

PANGANTER

 
Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat allah swt, anu mana parantos masihkeun rahmat sareng karuniana, sangkan panyusun tiasa ngabereskeun ieu pancen wawancara basa sunda ti bapa/ibu guru.

Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana nabi muhammad saw, teu hilaf ka kuluargina sareng sahabatna sareng mudah-mudahan dugi kaurang sadayana.

Panyusun sadar rengsena laporan wawancara ieu teh lain ku sorangan, tapi seeur oge bantosan ti rerencangan, sangkan kitu panulis ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu tos ngabantosan dina ngarengsekeun laporan ieu.

Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun, nyampurnakeun tugas wawancara dina mata pelajaran bahasa sunda ieu, anu dihareupkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan boh dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas ieu ka hareupna deui.

Pamungkas, mugia makalah tugas wawancara ieu aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Tangtos wae dina ieu makalah masih seeur keneh kakiranganana.

BAB I 
BUBUKA


1. Kasang tukang

Jumlah pengendara roda dua beuki lila beuki loba. Eta tiasa katingal, dijalan-jalan raya khususna dijalan raya area puncak bogor utara, anu sering kajadian masalah kemacetan, hususna dina poe sabtu jeung minggu.

Salian tingkat kemacetan anu parah, seueur keneh oge para pengendara motor anu tacan terang jalur atanapi rambu-rambu lalu lintas dijalan raya, serta kurang disiplin kana aturan lalu lintas.

Tidieu beratna tugas jadi polisi nu ngatur lalu lintas, lian saukur ngan maen tilang wae, nanging polisi masihan teguran sarta arahan, supados urang nu jadi para pegendara ngestokeun aturan lalu lintas anu atos aya, pikeun kalancaran sarta kaamanan urang sarerea.

Nanging perkawis ieu teh kadang disalah artikeun kusabagian jalmi. Aya anu nganggap polisi teh galak, jeung sajabana. Tapi margi kitu, urang kedah sadar saberna polisi teh ngupayakeun sarta masihan rasa aman tur merenah utamana wanci urang berkendara.

2. Tujuan wawancara

  • Jadi lewih terang kumaha tugas sarta kawajiban saurang polisi
  • Supaya lewih tertib berkendara
  • Terang macem-macem aturan lalu lintas
  • Terang kumaha cara berkendara anu hade supaya henteu ngabahayakeun diri sorangan jeung batur.

3. Waktu tempat wawancara

Dinten : Minggu
Ping : 18 Oktober 2017
Tabuh : 15.05 WIB
Tempat : Jln Raya puncak bogor kec. Bogor utara

4. Identitas narasumber 

Wasta : Briptu S. Dayat SH
Jabatan : Unit BM Polres
Tempat / Ping wedal : Bogor, 25 April 1958

BAB II 
HASIL WAWANCARA

Abdi : “Assalam’ualaikum”

Polisi : “Waalaikum salam.”

Abdi : “Punten pa sateu acana, tiasa abdi nyuhunkeun waktosna sakedap kenging wawancara bapa?”

Polisi : “Mangga, emang kanggo keperluan naon nya?”

Abdi : “Kanggo nyumponan tugas basa sunda semester II ti sakolaan pa. Lamun henteu ngaganggu abdi hoyong ngawawancara bapa ngeunaan aturan lalu-lintas.”

Polisi : “oh kitu, mangga atuh.”

Abdi : “Nepangkeun wasta abdi Budi, sareng ieu rerencangan abdi Joko ti sakolaan SMA …, Tiasa abdi mimitian wawancara ayena pa?”

Polisi : “Sok, mangga.”

Abdi : “Hatur nuhun pa, upami mimitia tiasa perkenalkeun nami bapa saha?”

Polisi : “Wasta bapa Briptu S. Dayat SH.”

Abdi : “Kumaha tugas sapopoe bapa minangka jadi saurang polisi ?”

Polisi : “Sapopoe bapa ayena tugas di Unit BM Polres, biasa patroli di wilayah bogor kanggo menertibkeun sarta ngatur lalu lintas.”

Abdi : “Salila bapa damel jadi polisi, hahalang naon wae pa anu sering di sanghareupan ?”

Polisi : “Lamun hahalang di Lapang mah alhamdulillah henteu kantos nepungan na, paling jarang ngariung sareng kulawargi hungkul, sabab waktu bapa langkung seueur diseepkeun di kantor sareng dilapangan.”

Abdi : “Naon anu nyieun bapa bungah jadi polisi?”

Polisi : Tiasa ngabanggakeun kulawargi sareng kolot, sarta bungah jeung bangga margi didamel jadi polisi teh emang mangrupa cita-cita bapa ti leletik.”

Abdi : “Pa, Naon wae penyebab Utami kacilakaan teh?”

Polisi : “Penyebab utami kacilakaan biasana seeur jalmi anu kirang disiplin di jalan raya, kebut-kebutan, ngalanggar rambu-rambu lalu lintas, sarta sareng infrastruktur jalan anu kirang sae. Eta anu nyebabkeun kacilakaan teh.”

Abdi : “Oh, terus palanggaran naon wae anu sering dilanggar ku para pangendara motor?”

Polisi : “Loba anu teu make kalengkapan berkendara, sapertos misalna helm. sajaba ti eta maranehanana oge sering teu ngahiraukeun aturan lalu lintas, eta palanggaran anu sering kajadian.”

Abdi : “Aya pelanggar anu masih dibawah umur keneh pa?”

Polisi : “Aya, biasana bararudak sakola.”

Abdi : “Aya perbedaan hukuman antawis pelanggar anu dibawah umur keneh sareng pelangar anu atos dewasa pa?”

Polisi : “Teu aya beda pamasihan hukuman mah. Hukuman henteu mandang umur atawa status, sadaya hukuman anu dipasihkeun sami bae, kan aya aturan na sorangan.”

Abdi : “Nurutkeun paniten bapa, di  kec. Bogor utara, khususna di Jln. Raya puncak bogor, seueur anu tos sadar atawa loba keneh anu tacan sadar ngeunaan katertiban berkendara teh?”

Polisi : “Nurutkeun paniten bapa, balarea disekitar dieu teh ayena tos mulai seueur anu sadar ngenaan katertiban, nanging masih aya keneh oge sabeberaha urang anu sering ngalanggar.”

Abdi : “Aturan lalu lintas eta, contona naon wae pa ?”

Polisi : “Nya Seueur, sepertos Aturan-aturan anu aya dijalan raya misalna rambu-rambu lalu lintas nu aya disisi jalan, sareng lian sajabana. Eta kanggo mengatur pengendara anu aya dijalan raya.”

Abdi : “Eta teh penting pisan nya pa, kedah ditaatan ku masyarakat nu aya dijalan raya?”

Polisi : “Penting, aturan lalu lintas emang kanggo jalmi indonesia eta hukumna wajib. Kudu ku urang taatan kanggo kasalametan urang sarerea sarta nyegah kacilakaan dijalan raya.”

Abdi : “Hatur nuhun pa, sakitu wae wawancara ti abdi sareng rerencangan, pamungkas pikeun panutup tiasa bapa masihan sakedik babasan atawa harepan saputar lalu lintas pikeun urang sadaya?”

Polisi : “Harepan bapa, pikeun generasi muda tiasa lewih patuh sarta disiplin tina aturan lalu lintas dijalan, ulah kebut-kebutan, sarta bawa kalengkapan berkendara. Utamikeun kasalametan, margi korban kacilakaan umur produktif nyaeta kira-kira 40 thun ka handap.”

Abdi : “Hatur nuhun pak kanggo waktos sareng informasi na, mugi-mugi wawancara ieu tiasa masihan mangpaat kanggo urang sadaya, terutami abdi sareng rerencangan oge.”

Polisi : “Enya, mudah-mudahan.”

Abdi : “Wasalam’ualaikum pa?”

Polisi : “Waalaikum salam..”

BAB III 
PANUTUP
(Kehalaman Selanjutnya..)

 

<<PREV 1 of 2

 
Demikianlah contoh teks wawancara bahasa sunda dengan polisi yang dilengkapi pula beserta laporan lengkap dari hasil wawancara siswa kepada polisi lalu lintas, semoga dapat bermanfaat untuk bahan referensi tugas mu di sekolah.