Wawancara sunda

Transkip Laporan Wawancara Tema Wirausaha Bahasa Sunda

×

Transkip Laporan Wawancara Tema Wirausaha Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Wawancara bahasa sunda tentang wirausaha ini bertujuan untuk menumbuhkan rasa jiwa kewirasaan dikalangan pelajar atau siswa-siswi disekolah, dengan memahami seluk beluk tentang kewirausaha dari seseorang yang ahli dibidang usaha, diharapkan mereka dapat terpacu menjadi wirausaha yang sukses nanti kedepannya.

Nah, pada kesempatan kali ini basasunda.com akan kembali memberikan sebuah contoh wawancara dengan tema kewirausahaan yang mudah-mudahan dapat membantu sebagai bahan referensi tugas wawancara basa sunda disekolahmu.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense


Mengenai tema kewirausahaan, tentu saja kita harus mewancarai orang yang tepat atau sesuai sebagai narasumbernya, contohnya seperti misalnya guru wirausaha kita sendiri disekolah, ataupun mereka yang sudah sukses dibidang usahanya.

Nah, pada transkip wawancara dibawah ini ada sebuah hasil laporan wawancara dari salah seorang pendiri organisasi di “Himpunan Pangusaha Muda Indonesia” (HIPMI) dikota bandung, mungkin diantara pertanyaannya dapat dijadikan sebagai bahan referensi tugas wawancara kamu. Baiklah, langsung saja disimak.

Contoh Hasil Laporan Wawancara Bahasa Sunda Tentang Kewirausahaan

(Penyusun: kustian)
BAB 1 (Mimitian)

Transkip Hasil Laporan Wawancara tentang wirausaha bahasa sunda
1.1 Tujuan
Wawancara ieu dilaksanakeun kanggo sagala hal anu ngeunaan sareng kewirausahaan, ku kituna mugi-mugi tiasa ngamekarkeun sarta ningkatkeun rasa jiwa wirausaha dikalangan pelajar, utamina para siswa-siswi disakola.

Bab II (Eusi Laporan)

2.1. Narasumber
Tokoh anu jadi narasumber dina wawancara ieu teh salah sahiji pendiri di Himpunan Pangusaha Muda Indonesia (HIPMI) kota bandung, Drs abdul latief.

2.2. Wanci
Wawancara ieu laksanakeun dina :
Dinten : Jum’at
Ping : 30 Oktober 2017
Tabuh : 08. 00 WIB

2.3. Tempat
Kantor pusat Himpunan Pangusaha Muda Indonesia (HIPMI) kota bandung.

2.4. Pewawancara
Wawancara ieu dilaksanakeun ku:
Pewawancara : Kustian
Pencatat : (…)

2.5. Transkip Kenging Wawancara


Pewawancara : Wilujeung enjing pa, abdi ti SD/SMP/SMA/MAHASISWA (…),  tiasa abdi nyuhunkeun waktosna sakedap pa, kanggo wawancara pikeun pancen basa sunda ngeunaan kewirausahaan disakola?
Narasumber : Wilujeung enjing, mangga.. mangga!

Pewawancara: Hatur nuhun pa, tepangkeun wasta abdi kustian sareng ieu rerencangan abdi (…) Tiasa abdi ngamimitian wawancarana pa?
Narasumber : mangga.

Pewawancara : Pa, naon anu disebut wirausaha teh, sarta naha urang kedah berwirausaha ti ngora keneh?
Narasumber : Wirausaha teh nyaeta hiji usaha anu dipigawe ku diri urang sorangan ku cara mikawanoh (ngidentifikasi) kasempetan atawa peluang usaha nu aya, ku kituna tiasa ngahasilkeun usaha anu tiasa ngahasilkeun hiji hal.

Berwirausaha teh peryogi penting pisan dipigawe ti ngora keneh, sabab sareng wirausaha teh urang tiasa nyumponan kabutuhan hirup dimangsa kahareupna.

Pewawancara : Kumaha pa numuwuhkeun jiwa wirausaha di jero diri urang?
Narasumber : Jiwa wirausaha kedah ditumuwuhkeun ti leleutik, sapertos ngabatur sareng rerencangan anu gaduh kasang tukang jiwa usaha. Salian ti eta, numuwuhkeun jiwa wirausaha oge tiasa dipigawe sorangan ku cara belajar wirausaha disakola, maca-maca buku, sareng tiasa oge ngiring seminar ngeunaan kawirausahaan.

Pewawancara : Nurutkeun Bapa, urang kedah diajar berwirausaha heula apa mending langsung wae terjun ka dunya usaha?

Narasumber : Tangtu urang kedah diajar heula, sabab hiji hal tangtos perlu bekeul heula, abeh teurang tehnik, manajemen, pamasaran, sarta liana anu aya patali sareng wirausaha abeh urang lewih siap engkina, sabab hiji bisnis kudu apa persiapan heula, supaya engkina urang tiasa kahindar ti ngarana kabangkrutan atawa kagagalan.

Pewawancara : Pa, kumaha cara urang ngamimitian hiji usaha?
Narasumber : Kahiji, urang kedah milarian kasempetan atawa peluang hiji usaha. ku cara milarian naon anu diperlukeun ku balarea masyrakat ayeuna. Saentos eta, siapkeun sagala hal anu ngeunaan hiji hal eta, ku cara giat sarta ulah enggal putus pangharepan.  Lamun gagal, terus diajar sarta teangan panyebabna, sabab kagagalan mah nyaeta baturna para pangusaha.

Pewawancara : Dina ngajalanan usaha, naon tips sarta trik ti bapa supados usaha urang tiasa maju?
Narasumber : Lamun arek ngajalanan usaha, hal kahiji anu kedah urang perhatikeun nyaeta pamasaran na. Urang kedah nyiptakeun promosi anu sae ngeunaan barang anu rek diical misalna, ku kituna produk urang tiasa ngeunaan hate ka para konsumen.

Sanggeus eta, urang kedah ningkatkeun kualitas produk anu ku urang ical. Pamungkas, inget yen konsumen teh nyaeta raja, ku margi eta perlakukan konsumen sing sopan.

Pewawancara : Hatur nuhun pa, abdi rasa cekap sakitu wae wawancarana singket ti abbdi, hatur nuhun kana waktos sareng elmu nu tos bapa pasihkeun, mugi-mugi tiasa mangpaat kanggo urang sadaya, kususna abdi sareng rerencangan.

Narasumber : Aminn. hatur nuhun balik.
Pewawancara : Wassalamu’alaikum wr.wb
Narasumber : Wa’alaikum salam wr. Wb

2.6 Analisis Kenging Wawancara

Dina hasil wawancara diluhur urang tiasa terang yen wirausaha nyaeta hiji usaha anu dipigawe ku diri sorangan. Wirausaha tiasa nyumponan urang pikeun kaperluan hirup dimangsa kahareup.

Lamun hoyong mitembeyan hiji usaha, urang kedah diajar heula seluk-beluk kana wirausaha supados urang kahindar ti kabangkrutan. Dina berwirausaha oge urang kedah nyiptakeun promosi anu sae, ku kituna produk urang tiasa ngeunaan hate ka para konsumen.

Bab III (Panutup)

 

3.1 Kacindekan

Sanggeus wawancara dipigawe, mugi-mugi jiwa wirausaha teh tiasa dinumuwuhkeun ti ngora keneh, supados urang tiasa jadi pangusaha anu sukses sarta henteu gampil nyerah. Ku kituna usaha anu urang pigawe tiasa lancar sarta lewih teurang kana strategi-strategi sarta cara berwirausaha.

3.2 Saran
Sanggeus wawancara ieu dipigawe, nu nulis ngusulkeun kanggo sadaya jalmi utamina para siswa/siswi anu hoyong kaperluan hirupna tiasa kacumponan dimangsa kaharepna. Mangka hayu urang mulai mimitian diajar berwirausaha ti ayeuna keneh.

= selesai=

 
Nah demikian hasil wawancara bahasa sunda tema wirausahanya, semoga dapat bermanfaat dan sekaligus dapat menumbuhkan rasa jiwa kewirasaannya dikalangan pelajar atau siswa-siswi disekolah untuk menjadi wirausaha yang sukses kedepannya. Amin