Wawancara sunda

Kumpulan Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Tentang Wawancara

×

Kumpulan Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Tentang Wawancara

Sebarkan artikel ini
Soal Pilihan Ganda Bahasa Sunda Tentang Wawancara

Dibawah ini basasunda.com sudah merangkum beberapa contoh pertanyaan soal pilihan ganda seputar materi wawancara bahasa sunda dari beberapa lembar kerja siswa yang sudah dikumpulkan sebelumnya, soal pilihan ganda ini sudah dilengkapi dengan jawaban dan pembahasan yang berhubungan dengan materi soal tugasnya.

Sebelumnya mohon maaf, apabila soal pilihan ganda dibawah ini masih belum lengkap, lain kali mungkin akan ditambahkan lagi untuk soal-soal ulangan yang lainya. Dan apabila kamu memiliki beberapa pertanyaan terkait soal wawancara ini, silahkan bisa dituliskan pada kolom komentar.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

LEMBAR SOAL PILIHAN GANDA
MATA PELAJARAN BASA SUNDA
SOAL ULANGAN TENGAH SEMSETER TENTANG WAWANCARA KELAS : XI

NB: Untuk menemukan jawabannya silahkan blok semua tulisan pada pilihan gandanya, nanti akan terlihat salah satu jawabannya yang dianggap benar, contoh seperti pada gambar dibawah ini. Jadi jangan dilihat sebelum kamu menjawab pertanyaannya ya? Oke!

Contoh cara untuk melihat jawabannya

Soal Pilihan Ganda :

01

Siswa : Nurutkeun bapa tarékah naon kinten-kintenna sangkan rumaja teu kalibet kana narkoba?

Narasumber : Barudak salaku generasi ngora kudu di didik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan-nana. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung ku pamaréntah, sabab bisa ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.

Wacana paguneman di luhur téh kaasup kana wangun….

a. Rapat
c. Biantara
b. Wawancara (benar)
d. Sawala
e. Debat

Pembahasan: Wawancara mangrupa komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab keur meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saencana.

02 Naon anu jadi jejer utama dina wacana di luhur?

a. Narkoba (benar)
b. Generasi ngora
c. Sakola
d. Ngadidik rumaja
e. Ajaran agama

03 Dihandap ieu anu teu kaasup kana nyarita wangun dialog nya éta…

a. Wawancara
b. Rapat
c. Ceramah
d. Pidato (benar)
e. Debat

Pembahasan :

Nu teu kaasup kana nyarita wangun dialog nya éta pidato atawa biantara. Biantara nya éta nepikeun cacaritaan atawa kedalan di hareupeun réa jalma nu disusun sacara merenah tur rapih. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara nya éta biantara resmi jeung biantara teu resmi.

Dina biantara resmi umumna komunikasina saarah atawa monologis. Dina kanyataanna, biantara teu resmi ogé kadang sok aya komunikasi dua arah, saperti anu nepikeun biantara nanya ka anu ngaregepkeun biantara, gumantung suasana. Sacara definisi komunikasi anu aya dina biantara tetep nya éta saarah atawa monologis.

04 Ceuk narasumber dina wawancara di luhur, pikeun narékahan sangkan barudak ngora teu ancrub kana narkoba kudu, iwal…

a. Dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga
b. Apaleun yen narkoba teh barang haram
c. Diatik ku ajaran agama
d. Narkoba alus pikeun kaséhatan (benar)
e. Ngaruksak mental jeung runtuhna nagara

05 Nyarita dina wawancara mah lumangsung dua arah, nya éta….

a. Aya nu nanya aya nu ngadengekeun
b. Aya nu nanya aya nu ngajawab (benar)
c. Masing-masing jalma nanya
d. Nu ditanya meunang nanyakeun deui
e. Nu ditanya malikeun nanya deui

Pembahasan: Komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab wawancara nyaéta tangtu kudu aya nu nanya jeung aya nu ngajawab.

06 Hal-hal anu dianggap perlu disadiakeun saméméh wawancara, kajaba…

a. Keur kaperluan naon
b. Saha nu rek ditanya
c. Naon bae nu kudu ditanyakeun
d. Nyiapkeun babawaan pikeun nu ditanya (benar)
e. Nyiapkeun alat perekam

Pembahasan: Hal-hal anu perlu disiapkeun saméméh wawancara nyaéta nentukeun heula tujuan wawancarana, topik wawancara, nyusun jeung nyieun daftar pertanyaan, Ménta ijin ka narasumber, ngenalkeun diri ka narasumber, neupikeun maksad wawancara, nanya sing jentré, nyiapkeun catetan atawa alat rekam. (Selengkapnya baca: Materi Wawancara Bahasa Sunda Untuk Persiapan Tugas Sekolah)

07

Tanya : Dupi igelna mah teu robih, sanés?

Jawab : dina igel mah teu aya parobahan. Mung bentenna téh jiga pisan jelma ayeuna mah. wayang abdi téh wayang adaptasi jeung hasil apresiasi, teras wé tidak akan hilang. Ari cepot, semar jeung dawala mah henteu dirobah. Sabab ari cepot, semar jeung dawala mah asli jieunan urang. Nu manawi henteu dirobah. Nu dirobah mah wayang-wayang anu aya dina lalakon Mahabrata jeung Ramayana, nyaéta anu disebut wayang purwa.

Topik utama nu dicaritakeun dina wawancara di luhur téh ngeunaan…

a. Igelan wayang (benar)
b. Wayang moal leungit
c. Wayang
d. Mahabrata jeung Ramayana
e. Cepot jeung Dawala

08 Kecap tidak akan hilang dina wawancara di luhur bisa dirobah kana basa sunda, nya éta….

a. Moal leungit (benar)
b. Moal paeh
c. Moal aya deui
d. Moal pareum
e. Moal maot

09 Saha kira-kira jalama anu di wawancara di luhur?

a. Seniman
b. Mahasiswa
c. Guru
d. Dalang (benar)
e. Wayang

10 Kagiatan paguneman Tanya Jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara atawa narasumber nu tujuanna keur ngumpulkeun Informasi ….

a. Debat
b. Wawancara telepon
c. Wawancara lamaran gawe (benar)
d. Wawancara wartawan

Pembahasan: Tujuan wawancara bisa pikeun seleksi pagawé, panalungtikan atawa neangan data, warta atawa berita, jsb.

11 Nu disebut angket wawancara nyaéta…

a. Daftar patalekan anu rek ditanyakeun (benar)
b. Daftar kaperluan wawancara
c. Alat paragi ngarekam dina wawancara
d. Alat paragi syuting dina wawancara

Pembahasan: Angket wawancara nyaéta kumpulan data nu mangrupa daptar pertanyaan nu kudu dijawab ku narasumber dina wawancara, pikeun menangkeun informasi.

12 Sawatara hal anu kudu dilaksanakeun waktu wawancara nyaeta, Iwal….

a. Make basa Sunda anu merenah
b. Nyatatkeun Informasi penting anu ditepikeun ku narasumber
c. Menta duit ka narasumber lantaran geus diwawancara (benar)
d. Leuwih hadé ngarekam hasil wawancara

Pembahasan: Seperti materi pada no. 6

13 Jalma anu méré informasi atawa jalma anu di wawancara disebut….

a. Narasumber (benar)
b. Pangjejer
c. Panumbu catur
d. Moderator

Pembahasan: Sacara umum wawancara emang biasana dilakukeun ku saurang wartawan, reporter, atawa jalma anu hayang neangan informasi penting ti jalma atawa kelompok. Nah dina hal ieu, jalma anu di wawancarana disebut narasumber.

14 Jawab kalayan singket tur jentre!

A. Naon anu disebut wawancara?

Pembahasan : Wawancara teh nyaeta obrolan lisan tanya jawab, dua arah, dua orang atawa leuwih. Jalma anu aya dina wawancara, fungsina dibagi dua, nyaeta nu ngawawancara jeung nu diwawancara atawa sok disebut oge narasumber. Tujuan wawancara nyaeta pikeun meunangkeun informasi ti narasumber anu informasi eta diperlukeun ku anu ngawawancara.

B. Naon anu disebut angket wawancara?

Pembahasan : Angket wawancara nyaéta daftar patalekan anu rék ditanyakeun ka narasumber nu geus disusun pikeun menangkeun informasi.

C. Hal-hal naon waé kudu diperhatikeun mun urang arék ngawawancara?

Pembahasan : Hal nu kudu di perhatikeun mun arek wawancara nyaeta nentukeun topik wawancara, nentukeun narasumber atanapi responden, nyusun daftar pertanyaan kalawan merhatikeun kalengkepan isi (5W + 1H), ngalakukeun wawancara ku basa sunda nu bener, jentre jeung sopan, nyutat informasi nu diberekeun ku narasumber bisa ngagunakeun alat rekam, panungtungan nulis laporan wawancarana.

Nah demikianlah kumpulan contoh soal pilihan ganda bahasa sunda tentang wawancara beserta jawabannya, yang dilengkapi pula dengan pembahasan materinya.

Mohon maaf apabila terjadi kesalahan dalam penulisan artikel diatas. Semoga dapat bermanfaat sebagai bahan latihan dan pembelajaran tentang materi basa sunda tentang wawancara ini untuk soal ulangan mu nantinya.