SISINGAAN

(KASENIAN SISINGAAN)

 

Dibawah ini merupakan contoh artikel tentang kesenian bahasa sunda. Kamu dapat menyuntingnya kembali apabila mungkin ada beberapa kata-kata yang kurang cocok, atau salah, silahkan disesuaikan. Semoga dapat membantu untuk tugas mu disekolah.

“Sisingaan”
Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesenian. Judul: KASENIAN SISINGAAN
Sisingaan mangrupakeun seni pintonan rahayat khas Sunda. Teu aya asal pasti, iraha kasenian ieu mimiti di paénkeuna. Ceunah mah ngaran Sisingaan téh geus dipikawanoh ku masarakat Sunda di Jawa barat ti jaman baheula.Ari saurna mah mimitina kasenian ieu ngan ukur dipaénkeun di wéwéngkon kabupatén Subang, Jawa barat. Tapi kiwari pintonan Sisingaan ogé geus ngembang di wewengkon séjéna, kawas Kabupatén Bandung, Purwakarta jeung Sumedang.
Di kabupatén Subang, Sisingaan remen ogé dipaénkeun lamun aya acara husus, kawas khitanan masal sarta ngabagéakeun sémah ageung atawa kanagaraan. Saban bulan Agustus, kasenian ieu ogé dipaénkeun dina poé kamerdékaan Republik Indonésia. Saban warsih, kasenian ieu ogé digelar di masarakat Subang dina ngarayakeun Poé Jadi Kabupatén Subang.

Sabot pintonan Sisingaan dipaénkeun, urang bisa nempo sawatara bonéka nu mangrupa sirah singa nu dijieuna tina awi. Lamun Sisingaan dipaénkeun pikeun acara sunatan masal, di luhur tandu engkéna ogé aya diuk saurang budak lalaki anu baris rék dikhitan.

Sarta sabot pintonan dimimitian, saban tandu éta dipunggu ku opat urang lalaki. Maranéhanana maké pakéan adat Sunda. Hiji ciri hasna, maranéhanana maké ikét sirah ti lawon atawa udeng. Teu heran, lamun aya ogé anu nyebutkeun kasenian ieu ku ngaran Gotong Singa. Lamun diartikeun, Gotong diadopsi ti basa Sunda nyaéta dipunggu.

Sabot acara sisingaan di paénkeun ogé ilaharna di iringan ku témbang tradisional, kawas kendang, gong, salompret, sarta ketipung. Bari lalampahan, nu ngagarotong tandu ogé jojogédan bari nuturkeun sora musik.

Biasana mah kasenian ieu ogé dipaénkeun babarengan ku atraksi nu séjéna, kawas pintonan akrobat sarta pencak silat. Teu tinggaleun, tarian has Sunda, salah sahijina Jaipong ogé sok di témbangkeun sabot aya pintonan Sisingaan ieu.

Jadi pamaén Sisingaan ieu téh teu  gampang, sabab pamaén kudu ngabogaan katerampilan nu husus.  Miasalna kudu bisa ngibing, sarta maénkeun sawatara macem-macem gerakan bari nahan sisingaan nu dibawana.

Mimitina mah sisingaangan ieu mangrupa pintonan basajan. Tapi kiwari, boneka Sisingaan anu dijieun tina awi téh dijieun sakitu rupana nepi ka mirip jeung singa wangun aslina. Kostum pamaén Sisingaan ogé mikin kadie mah mikin modern.

Terjemahan 10/02/23

Kesenian sisingaan merupakan seni pertunjukan rakyat khas Sunda. Tidak ada asal yang pasti, kapan kesenian ini mulai dimainkannya. Katanya, nama sisingaan itu sudah dikenal oleh masyarakat di Jawa Barat dari zaman dahulu. Ada yang bilang juga awal kesenian ini hanya sekedar dimainkan di daerah Kabupaten Subang Jawa Barat. tapi sekarang pertunjukan sisingaan ini sudah berkembang di daerah lainnya, seperti di kabupaten Bandung, Purwakarta, dan Sumedang.

Di Kabupaten Subang, sisingaan biasa juga dimainkan apabila ada acara khusus seperti khitanan masal, serta menyambut tamu besar atau kenegaraan. Setiap bulan Agustus, kesenian ini juga dimainkan pada hari kemerdekaan Republik Indonesia. setiap tahun kesenian ini juga digelar di masyarakat Subang dalam merayakan hari jadi Kabupaten Subang.

Saat pertunjukan sisingaan dimainkan, kita dapat melihat seperti boneka yang merupakan kepala singa yang dibuat dari bambu. apabila sisingaan dimainkan untuk acara khitanan massal atau sunatan massal, di atas tandu nantinya juga akan ada seorang anak lelaki yang akan disunat.

Saat pertunjukan dimulai, setiap tandu itu digotong oleh empat orang lelaki. Mereka itu menggunakan pakaian adat Sunda. Satu ciri khasnya, mereka menggunakan ikat kepala dari bahan atau udeng. Sehingga tidak aneh apabila ada yang menyebut kesenian ini dengan nama “Gotong Singa”. Apabila diartikan, gotong diadopsi dari kata bahasa Sunda yaitu punggu atau ditandu.

Saat acara sisingaan dimainkan juga biasanya diiringi oleh tembang atau lagu tradisional, Seperti kendang, Gong, salompret, serta ketipung. Saambil melangkah, orang yang menggotong tandu juga berjoget sambil menuturkan suara alunan musik.

Biasanya, kesenian ini juga dimainkan bersama-sama dengan atraksi lainnya, seperti pertunjukan akrobat serta pencak silat. Tidak ketinggalan juga tarian khas Sunda salah satunya jaipongan juga terkadang ditembangkan atau dinyanyikan saat ada acara sisingaan ini.

Jadi, pemain sisingaan ini tidak mudah, setiap pemainnya harus memiliki keterampilan yang khusus. misalnya harus dapat ngibing, serta memainkan beberapa macam-macam gerakan sambil menahan sisingaan yang di bawanya.

Awal mulanya sisingaan ini merupakan tontonan masyarakat biasa. Akan tetapi saat ini boneka sisingaan yang dibuat dari bambu ini sekarang dibuat dengan beberapa jenis hingga mirip dengan yang aslinya. Kostum pemain juga semakin kesini semakin modern.