Ngariksa Budaya Ngaliwatan Mikacinta Basa Sunda

Assalamualaikum wr.wb,

Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Nabi Muhammad saw., kalayan mugi-mugi dikocorkeun oge ka kulawargina, ka para sohabatna, kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kenging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring,
Peryogi kauninga wireh  ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi sadayana, taya sanes seja maparkeun perkawis rasa reueus urang sadayana ka lemah cai urang nyaeta Indonesia ngaliwatan mikacinta Basa Sunda.

Hadirin nu dipihormat,
Salah sahiji cara pikeun ngabuktikeun yen urang teh mikacinta kana lemah cai urang nyaeta ku ngaraksa- ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.

Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu deui ku ngawanohkeun basa Sunda. Ngawanohkeun basa Sunda saleresna mah tos kedah diwanohkeun ti kawit urang nuju diajar nyarios keneh. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri lamun geus diwanohkeun ti bubudak.

Hadirin nu dipihormat,
Salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam:

Jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-Na nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.

Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadah.

Pasualan utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda. Ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.

Rupina teu aya deui anu tiasa dipilampah “iwal ti hayu urang sasarengan, rempug jukung sauyunan miara sareng ngamumule banda budaya sorangan”.

Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah. Hapunten anu kasuhun Amit mungkur.

Wassalamu’alaikum wr.wb.