Pidato, Biantara

Contoh Susunan Pembawa Acara Isra Miraj Bahasa Sunda

×

Contoh Susunan Pembawa Acara Isra Miraj Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Isra mi’raj – Kata Isra’ sendiri berasal dari bahasa arab, yang artinya adalah berjalan malam. Menurut istilah, Isra’ merupakan perjalanan Nabi Muhammad SAW pada suatu malam dari Masjidil Haram di Makkah menuju Masjidil Aqsa atau disebut Baitul Maqdis.

Contoh Teks MC Pembawa Acara Isra Miraj Bahasa Sunda

Contoh teks MC pembawa acara isra miraj atau contoh sambutan pembawa acara acara isra mi'raj bahasa sunda
Dalam sambutan isra miraj dalam menggunakan bahasa sunda tentu saja ada beberapa hal yang harus diperhatikan, terutama adalah tata bahasa yang yang digunakan haruslah menggunakan tutur bahasa sunda yang halus atau lemes, agar pidato yang dibawakan lebih terlihat sopan.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Contoh Surat Resmi Undangan Isra Mi’raj Maulid Nabi Bahasa Sunda

Sambutan ketua panitia isra mi’raj bahasa sunda dibawah ini adalah sebagai contoh, yang bisa kamu sunting ulang nantinya, jika memang kamu ditunjuk untuk menjadi sebagai seorang pembawa acara atau MC disekolah, pesantren, pengajian ataupun lain sebagainnya.

Contoh Susunan Pembawa Acara Isra Miraj Bahasa Sunda

Bismillahirrahmanirrahim..
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh..


Langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Pupuhu SD/SMP/SMA … (Nama sakola/pesantren/jst) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad … (Nama Ustad) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sarta réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Kalawan ngédalkeun sukur, alhamdulillah.. Sami-sami hayu urang ucapkeun syukur ka-asih, ka Pangéran Anu Maha Kawasa. Margi kalawan rahmat-Na anu parantos ngalélérkeun ni’mat sareng kaséhatan dugi ka urang sadaya tiasa ngariung di ieu tempat kanggo pangémut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW, dina kaayaan séhat wal’afiat.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin…

Simkuring ngadég di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara badé ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nya éta di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Pupuhu sakola
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka waé ku maos basmalah sasarengan.

(Bismillahirrahman nirrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan.

(Maos ayat suci alqur’an sarta solawat nabi)

Hatur nuhun ka Sadérék.. (Nama pembaca alqur’an) anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin solawat nabi. Nincak kana acara katilu, laporan Pupuhu Panitia Pelaksana. Ka Sadérék (nama ketua panitia) mangga dihaturanan ka payun.

(Laporan ketua panitia)

Hatur nuhun ka Sadérék.. (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana. Nincak kana acara ka opat, pamapag ti Bapa pupuhu SD/SMP/SMA.. (Nama sekolah) Ka Pangersa Bapa.. (Nama kepala sekolah) , waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Pamapag dari kepala sekolah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa.. (Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna. Nincak kana acara kalima, nya éta taushiyah ti Bapa Ustad.. (Nama ustad), Sumangga Bapa.. (Nama ustad), waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Taushiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun taushiyahna. Nincak kana acara nu terakhir, nya éta doa atawa panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad.. (Nama ustad). Sumangga Bapa Ustad.. (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.

(Maca do’a)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad), anu parantos mingpin do’a, mugia do’a urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah.

(Alhamdulillahirabbil‘alamin..)

Ti simkuring rupina sakitu waé anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka réngréngan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Mugi-mugi sanis kanten jadi hiji hal anu atos urang usahakan ieu, meunang Pangestu sarta Pahala ti Allah Swt. Amin!

Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr. wb.

Mangga, di aosan ogé: Conto Pidato Bahasa Sunda Pentingna Urang Ngaosan Sholawat

Nah, demikianlah sambutan contoh teks MC susunan pembawa acara isra mi’raj dalam bahasa sunda kurang lebihnya mohon maaf apabila ada kesalahan penulisan dalam artikel diatas. Semoga bermanfaat dan terimakasih atas waktunya, wassalam.