Karangan basa sunda

5+ Contoh Laporan Kegiatan Bahasa Sunda Berbagai Topik

×

5+ Contoh Laporan Kegiatan Bahasa Sunda Berbagai Topik

Sebarkan artikel ini
Contoh laporan kegiatan bahasa sunda
MATERI JEUNG CONTO NULIS LAPORAN KAGIATAN TINA BASA SUNDA

Saat kita akan membuat contoh laporan kegiatan dalam bahasa sunda, yang terpenting itu kita harus menentukan terlebih dahulu sistematikanya. Meskipun sistematika atau urutannya tidak baku, akan tetapi dalam membuat laporan kegiatan itu biasanya meliputi beberapa bagian yang perlu untuk diperhatikan, misalnya saja diantaranya yaitu bubuka, latar belakang, tujuan, hasil kegiatan, dan lain sebagainya.

Nah diartikel ini akan dijelaskan secara singkat mengenai materi dan contoh-contoh mengenai laporan kegiatan yang akan dituliskan kedalam bentuk bahasa sunda.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Cara Nyieun Laporan Kagiatan Basa Sunda

Contoh laporan kegiatan bahasa sunda
Materi Cara Nyieun Laporan Kagiatan Basa Sunda

Contoh laporan kegiatan bahasa sunda

Dina nulis laporan kagiatan, anu penting ku urang diperhatikeun mah nyaéta puguhkeun heula sistematikana. Najan dina nyusun laporan kagiatan teu baku, tapi biasana ngawengku sababaraha bagian. Lamun diringkeskeun mah kieu sistematika dina nyieun laporan kagiatan téh:

1. Bubuka Laporan

1.1 Kasang tukang

Kasang tukang bisa di isi ngeunaan kana alesan-alesan kunaon pentingna dijieun laporan sabada ngalaksanakeun hiji kagiatan éta téh. Dina kasang tukang ogé sok ditulis gambaran umum ngeunaan kana kagiatan anu rék dilaksanakeun.

1.2 Tujuan

Dina ngayakeun hiji kagiatan tangtu baé miboga tujuan anu sipatna positip sarta gedé mangpaatna keur balaréa. Tah tujuan ngayakeun kagiatan ieu téh kudu dijentrékeun sing mérélé, sangkan lamun hasilna alus bisa dilaksanakeun deui ka hareupna.

2. Prosés Lumangsungna Kagiatan

2.1 Hasil kagiatan

Dina nyieun laporan kagiatan tangtu baé hasilna kudu dilaporkeun. Upamana baé urang ngayakeun kagiatan pasanggiri basa sunda anu ngawéngku sababaraha lomba. Dina hasil laporan ieu téh ku urang kudu dibéréndélkeun saha baé anu jadi pinunjul dina éta pasanggiri téh. Misalna dijieun tabél anu isina ngamuat waktu kagiatan, jenis lombana, jeung saha baé pinunjulna, sangkan leuwih jéntré.

2.2 Sumber Waragad

Jieun ogé laporan sumber waragad anu digunakeun dina ngayakeun hiji kagiatan éta, komo lamun waragadna ngagunakeun anggaran dinas atawa organisasi mah kudu ditataan nepi ka sapérak dua pérakna duit anu dikaluarkeun sarta dibarengan ku bukti pengeluaran mangrupa kuitansi atawa nota. Hal ieu pikeun nyingkahan bisi aya sangkaan goreng ti batur nu teu jadi panitia.

2.3 Halangan Harungan Kagiatan

Hal ieu ogé perlu dituliskeun dina laporan kagiatan pikeun bahan evaluasi lamun rék ngayakeun deui kagaiatan anu sarupa engké ka hareupna. Ku ayana bahan evaluasi, hahalang anu ngaganggu kana kalancaran acara bisa disingkahan atawa diantisipasi ti anggalna.

CONTOH LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA

Nah, dibawah ini ada beberapa contoh laporan kegiatan bahasa sunda yang bisa kamu perhatikan rangkaian dalam penulisannya, untuk bahan referensi belajar menulis laporan kegiatan sendiri jika nantinya kamu akan membuat suatu laporan tentang kegiatan di sekolah. Sebab, dalam membuat laporan kegiatan itu harus ditulis sendiri atau kelompok masing-masing jadi jangan disamakan sama persis dengan contohnya.

Untuk laporan kegiatan lainnya seperti misalnya tentang perpisahan, tentang liburan, tentang muludan, tentang kerja bakti, atau tentang belajar dirumah sebenarnya tinggal kamu sesuaikan saja sendiri isi laporannya, jadi intinya seperti inilah contoh laporan kegiatan dalam bahasa sunda.

CONTO 1

Contoh Laporan Kegiatan Tentang Karang Taruna Basa Sunda

Laporan Kegiatan Tentang Karang Taruna

Laporan Kagiatan

Di susun ku:

Elva Marliah
Indah Anugrah Juniarti
Nurendah Tri Ramadhaniati
Pratiwi Septiani
XII IPA 1

KEMENTERIAN AGAMA REPUBLIK INDONESIA
MADRASAH ALIYAH NEGERI 1 KOTA BOGOR

Jl. DR.SEMERU KOMP. BUMI MENTENG ASRI (Jl. TERAPI)
Telp. (0251) 8338865, fax. (0251) 8315815

“LAPORAN PERTANGGUNG JAWABAN KAGIATAN SABA BUDAYA KARANG TARUNA BOGOR”

A. KASANG TUKANG

Dumasar kana disusunna program kerja Karang Taruna ieu ogé kusabab sakumaha kauninga ku urang sadaya yén kawilang pentingna ieu kagiatan téh. Saperti kagiatan wisata anu parantos diayakeun ku urang sadaya, nu dina danget ieu nyaéta kagiatan wisata atanapi saba budaya.

Ngaliwatan kagiatan ieu, urang sadaya parantos kenging kasugemaan salaku pribadi Anggota sarta Pangurus Karang Taruna anu tos sakitu lamina ngalaksanakeun pancénna, diantarana ngalaksanakeun kagiatan rutin sejenna. Panginten masih seueur kakirangan dina ieu kagiatan.

B. TUJUAN KAGIATAN

Aya ogé tujuan diayakeunna ieu kagiatan téh nyaéta :

1. Nyugemakeun pribadi Anggota sarta Pengurus karang taruna
2. Nambah wawasan sarta numbuhkeun rasa silih ngahargaan antar anggota sarta Pengurus karang taruna
3. Ngenalkeun sarta nunjukkeun kakayaan budaya nyaéta pariwisata anu digaduhan ku urang supados nyiptakeun rasa tanggung jawab kanggo ngajaga sarta ngalestarikeunana.

C. NAMI KAGIATAN

Nami ieu kagiatan nyaéta “WISATA KARANG TARUNA BOGOR”

D. WAKTOS SARENG TEMPAT KAGIATAN

Kegiatan ieu insya allah badé dilaksanakeun dina:

Dinten : Sabtu wengi dugi ka Minggu enjing
Kaping : 25 – 27 September 2021

E. PESERTA

Peserta dina ieu kagiatan nyaeta:

1. Panitia : 7 Urang
2. Peseta : 22 Urang
Jumlah Sadayana : 29 Urang

F. OBYEK WISATA

a. Pantai Parangtritis
b. Kaliurang
c. Malioboro

G. SUSUNAN PANITIA

Terlampir

H. RINCIAN ANGGARAN

Terlampir

PANUTUP

Sakitu laporan kagiatan anu tiasa di dugikeun supados tiasa diuninga ku pihak anu aya patalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, bantuan, sareng kerjasamana ogé ti unggal pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka sadayana.

Lampiran I

SUSUNAN PANITIA
KAGIATAN WISATA KARANG TARUNA BOGOR

1. Pelindung : Bp. SUNARYO
2. Pembina jeung penasehat : Bp. AHMAD KUDJAINI
3. Pupuhu Panitia : MOCH. ALFIYAN
4. Sekertaris : DENI SETIAWAN
5. Bendahara : M. AKHSIN
6. Seksi Acara : M. AKHIYAT
7. Seksi Konsumsi : UMAMI FAIZAH
8. Seksi P3K : M. ASFAN, M. YAHYA
9. Seksi Pubdok : AMAR MAKRUF

Lampiran II

RINCIAN ANGGARAN

Pamasukan:

a. Kas Karang Taruna : Rp. 726.000
b. Dana Peserta : Rp. 1.800.000
c. Kontribusi Panitia : Rp. 400.000
d. Sisa DP : Rp. 100.000 + Total nu asup : Rp. 3.026.000

Pangeluaran:

1. Travel bus : Rp. 2.300.000
2. Kanggo sopir jeung kondektur : Rp. 100.000
3. Tiket asup Pantai Parangtritis : Rp. 80.000
4. Tiket asup Kaliurang : Rp. 75.000
5. Parkir Bus 3 tempat (3 x Rp. 10.000) : Rp. 30.000
6. Snack jeung Cai Aqua : Rp. 113.000
7. ATK : Rp. 30.000
8. Tambahan keur Sopir jeung Kondektur (Roko, jsb.) : Rp. 30.400
9. Obat-obatan jeung P3K : Rp. 40.000 10. Lain-lainna : Rp. 10.000 +
Total Pengeluaran : Rp. 2.808.000

TOTAL ANGGARAN :

Total Pemasukan – Total Pengeluaran
(Rp. 3.026.000 – Rp. 2.808.000) Sisa : Rp 218.000

Unduh conto laporan File PDF-na, Link: Document File

CONTO 2
LAPORAN KEGIATAN PAGELARAN KASUNDAAN

Laporan Kegiatan Tentang Pagelaran Kasundaan

(Disusun Pikeun Nyumponan Pancén Basa Sunda)

Disusun ku :

(Kelas IX B)
1. Salma Fauziah Azzahra
2. Sekarwinasih Septiani Putri
3. Septica Anggun Praditias
4. Siti Novsa Nurkhaliza

SMP NEGERI 1 CISAAT
Jalan Raya Cisaat No. 243 A Kecamatan Cisaat Kabupaten Sukabumi 2021

“LAPORAN KAGIATAN PAGELARAN KASUNDAAN
SMP NEGERI 1 CISAAT TAUN 2021″

1. Bubuka

1.1 Kasang Tukang

Pasanggiri Kasundaan téh mangrupakeun kagiatan anu munggaran diayakeun di SMP Negeri 1 Cisaat. Kagiatan ieu téh mangrupa tarékah pikeun mekarkeun tur ngoronjatkeun kamampuan siswa dina widang kasundaan sarta pikeun ngajaga budaya Sunda. Panitian Pelaksana Pagelaran Kasundaan kudu nyusun laporan kagiatan, pangpangna pikeun pertanggung jawaban kana lumangsungna ieu kagiatan.

2. Dasar Kagiatan

1. Program kagiatan OSIS
2. Kaputusan musyawarah pangurus OSIS SMP

3. Tujuan Kagiatan

Tujuan nyusun laporan ieu téh nyaéta pikeun méré gambaran ngeunaan proses jeung hasil kagiatan tur waragad nu digunakeun.

B. Eusi Laporan

1. Widang Kagiatan

a. Pasanggiri

  • Pasanggiri Pupuh
  • Pasanggiri Sajak
  • Pasanggiri Aksara Sunda
  • Pasanggiri Biantara
  • Pasangiri Carpon
  • Pasanggiri Ngadongeng

2. Tempat jeung Waktu Kagiatan

a. Pendaftaran Pasanggiri

Dinten : Salasa, Rebo, Kemis, Juma’ah
Ping : 01 – 04 Desember 2021
Tabuh : 13.00 – 15.30 WIB
Tempat : Lab. Bahasa SMP Negeri 1 Cisaat

b. Gempungan Tehnis Pasanggiri

Dinten : Sabtu
Ping : 05 Desember 2021
Tabuh : 13.00 – 14.00 WIB
Tempat : Aula SMP Negeri 1 Cisaat

c. Pelaksanaan Kagiatan

1) Bubuka Kagiatan jeung Pasanggiri

Dinten : Salasa, Rebo, jeung Kemis
Ping : 15 – 17 Desember 2021
Tabuh : 13.00 – 16.00 WIB

2) Pagelaran jeung Panutupan Kagiatan

Dinten : Jumaah
Ping : 18 Desember 2021
Tabuh : 13.00 – 16.00 WIB

3. Panata Calagara

Penasehat : Dadah Hidayat, S.Pd., MM. (Pupuhu SMPN 1 Cisaat)

Penanggung jawab : Beni Suhendra, S.Pd. (Wks. Bidang Kesiswaan)

Pangaping OSIS : Hasbullah, S. Pd. Asep Endra Mulyana

Pupuhu Calagara : Sekarwinasih Septiani Putri

Sekretaris : Salma Fauziah Azzahra

Bendahara : Septika Anggun Praditias

4. Pamilon Kagiatan

Anu jadi pamilon dina ieu kagiatan téh nyaéta sakumna siswa kelas VII jeung kelas VIII. Jumlah pamilon diwatesanan dina unggal widang perlombaan. Unggal kelas ngirimkeun pamilonna sewang-sewangan dua urang dina unggal
widangna.

5. Proses Kagiatan (Runtuyan Kagiatan)

Runtuyan Acara Bubuka Pagelaran Kasundaan: Salasa, 15 Desember 2021

6. Hasil Kagiatan

Hasil kagiatan Pasanggiri bisa dititénan dina tabél di handap ieu.

(Jieun tabel hasil kagiatan ku hidep di dieu…)

7. Halangan-harungan Kagiatan

Kagiatan Pagelaran Kasundaan taun 2021 lumangsung kalawan lungsur-langsar, taya halangan harungan. Ieu hal bisa ngawujud ku ayana kerja sama babarengan, utamana réngréngan ti panitia.

C. Panutup

1. Kacindekkan

Kagiatan Pagelaran Kasundaan ieu lumangsung lancar sanajan masih loba kénéh kakuranganna.

2. Saran

Mugia kagiatan ieu bisa terus dilaksanakeun deui sarta kakurangan-kakurangan anu aya dina kagiatan anu mimiti bisa dijadikeun élmu pikeun engké kagiatan anu ka hareupna, sangkan leuwih hadé deui.

…….. Unduh File PDF, Link: Laporan kegiatan pagelaran kasundaan

CONTO 3

Laporan Kegiatan Tentang 17 Agustusan Bahassa Sundacontoh LAPORAN KAGIATAN 17 AGUSTUSAN dalam bahasa sunda

(Di isi ku ngaran Desa, Alamat, Kampung RT/RW, Kelurahan, Jsb)

BUBUKA

I. KASANG TUKANG

17 Agustus tèh mangrupa poè nu miboga sajarah pikeun bangsa Indonesia. Sababna 17 Agustus tèh Indonesia geus bebas ti panjajah nu geus ngajajah bangsa Indonesia. Kagiatan 17 Agustusan ieu tèh mangrupa kagiatan rutin nu diayakeun di saban taun di lembur ieu.

Puji sinareng sukur simkuring panjatkeun ka Allah SWT nganggo palaksanaan runtuyan sakabeh kagiatan Poé Kamerdikaan HUT RI nu ka ( ). Teu hilap hatur rewu nuhun ka sadaya jalmi anu parantos ngarojong sakabeh runtuyan dina ieu kagiatan sumanget Proklamasi Kamerdekaan 17Agustus 1945.

II. TUJUAN KAGIATAN

  • Nguatkeun tali silaturahmi antar wargi Desa (Ngaran lemburna).
  • Nguatkeun jiwa sportifitas di kalangan wargi.
  • Ngarayakeun kamerdekaan bangsa Indonesia
  • Ngahibur warga

III. WAKTOS JEUNG TEMPAT KAGIATAN

A. Mulai perlombaana :

• Kaping : Sabtu, 17 Agustus 2021.
• Waktos : 13:00 WIB dugi rengse.
• Tempat : Payunen pasar Cikembulan.

B. Acara sukuran HUT RI

• Kaping : Sabtu, 17 Agustus 2021.
• Waktu : 19.30 WIB dugi rengse.
• Tempa : Pasar Cikembulan.

IV. MACAM KAGIATAN

A. Perlombaan keur murangkalih jeung dewasa
B. Acara syukuran HUT RI

Pamilon

Pamilon nu ngiluan ieu kagiatan tèh mangrupa warga lembur Selaawi jeung Rancabango, diantarana:

  • Balap kurupuk : 23 urang
  • Balap kalèci : 34 urang
  • Balap karung : 24 urang
  • Balap sedotan karèt : 16 urang
  • Balap nuang baso : 8 urang
  • Balap botol kalèng : 21 urang
  • Balap bakiak   : 45 urang
  • Balap niup balon : 14 urang
  • Balap nèwak belut : 25 urang
  • Jeung lomba saterusna…

Panitia :

Pupuhu : Sukmana

Panata acara : Pipit

Girang serat : Rani

Seksi acara :
– Dewi
– Wulan
– Puspa
– Reva
– Fina
– Riya

Waragad

Ieu kagiatan tèh geus mèakkeun waragad RP. 3.380.000 Wincikan waragad :

Konsumsi                                     RP.    490.000

Hadiah                                         RP.  2.100.000

Pakakas                                        RP.    160.000

Riasan                                          Rp.    210.000

Buburuh                                       RP.    420.000

Jumlah                                         RP. 3.380.000

V. PANUTUP

Alhamdulillah kagiatan 17 Agustusaan ti mimiti nepi ka akhir lumangsung lancar sarta mawa kabungahan ka sakabèh warga …. Mudah mudahan ieu laporan tèh bisa mawa manpaat sarta bisa dijadikeun conto keur ngalaksanakeun kagiatan nu sèjèn.

Sakitu laporan kagiatan anu tiasa ku sim kuring dugikeun supados tiasa diuninga ku pihak-pihak anu aya patalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, kerjasamana, bantuan ti unggal pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun nuhun kasadayana.

Unduh File PDF, Link: Laporan Agustusan, Laporan Hut RI

CONTO 4

Contoh Laporan Kegiatan Tentang Pesantren KilatLAPORAN BASA SUNDA PESANTREN KILAT

Nama : Anisa Husnul Fatimah
Kelas : X IPS 2

BAB 1

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina raraga ngaronjatkeun ketakwaan sarta keimanan ka Allah SWT, OSIS SMPIT Mentari Ilmu atos nyelenggarakeun kagiatan Pasantren Kilat. Acara kasebut dilaksanakeun dina bentuk sagala rupa widang pasanggiri, diantarana pasanggiri kaligrafi, busana muslim, pidato, jeung cerdas cermat.

1.2 Tujuan Kagiatan

  • Ngalaksanakeun program OSIS SMPIT Mentari Ilmu mangsa baktos 2021/2022
  • Minangka ajang ngalatih kebwanian, dan sagala rupa bisang panon pasanggirian ubaris, diayakeun.
  • Mieling asup ka bulan ramadhan nambah kagiatan anu positif pikeun siswa

1.3  Dumasar Kagiatan

  1. Program OSIS SMPIT Mentari Ilmu 2021/2022
  2. Kaputusan musyawarah pangurus OSIS jeung MPK SMPIT Mentari Ilmu

LAPORAN

2.1  Tempat sareng waktu palaksanaan

Kagiatan ieu lumangsung lancer, sanajan dihadepkeun dina tahanan-tahanan salila persiapan atawa sabot acara lumangsung. Sedengkeun kagiatan ieu dilaksanakeun dina :

Waktos : Kamis, 25 September 2021 tabuh 07.30

Tempat : Aula SMPIT Mentari Ilmu

2.2 Pamilon

Peserta nu diondang dina kagiatan ieu mangrupa sakumna kaluarga badag SMPIT Mentari Ilmu anu diwangunti :

  • 1. Kaligrafi : maksimal dua jalmi wawakil kelas
  • 2. Busana Muslim Putri :maksimal dua jalmi wawakil kelas
  • 3. Pidato : maksimal dua jalmi wawakil kelas
  • 4. Cerdas Cermat : maksimal dua jalmi wawakil kelas

2.3  Susunan Acara

  1. pamuka
  2. pembacaan ayat-ayat suci Al-Qur’an
  3. Khotmil Qur’an dan Doa khotmil
  4. Shalawat Al Barjanji
  5. Istirahat
  6. Prakata panitia
  7. Sambutan Kapala Sakola
  8. Pengajian
  9. Doa panutup

2.4 Proses Lumangsungna Kagiatan

Jumlah peserta nu henteu luyu kalayan perencanaan ku sabab ayana siswa anu heunteu hadir. Jumlah administrasi nu henteu luyu kalayan perencanaan. Hasil kagiatan pasanggiri bisa dititenan dihandap ieu:

  1. Kaligrafi
  • Sabila Khoiril (9A)
  • Athaya (8K)
  • Shafa (8U)
  1. Busana Muslim Putri
  • Zahrani (9K)
  • Tsabita (9F)
  • Nabilah (8U)
  1. Pidato
  • Nadira (9A)
  • Alya (8U)
  • Raffanisa (7K)
  1. Cerdas Cermat
  • Nasywa (9A)
  • Nurul (8U)
  • Nadia (7K)

BAB 3

PANUTUP

3.1  Saran atawa Hareupan

Mugi-mugi acara Pasantren Kilat bisa lumangsung luyu kalayan perencanaan heunteu nganimbulkeun kasalahan deui jeung boga elmu nu ditarik dina cara ieu. Jeung boga cara ieu bisa mere mangpaat pikeun sadayana.

3.2 Panutup

Kagiatan Pasantren Kilat 2021 lumangsung kalawan lungsur-langsar, taya halangan harungan.Ieu hal bisa ngawujud ku ayana gawe` babarengan,utamana rengrengan panitia.

Unduh File .Docx Author Azizah Rahmawati, Link: Laporan Kagiatan Pesantren kilat bandung

CONTO 5

Contoh Laporan Kegiatan Tentang Pasanggiri Pupuh SundaCONTOH LAPORAN KAGIATAN PASANGGIRI PUPUH SUNDA

(SMK ITIKURIH HIBARNA TAUN 2021/2022)

NAMA KELOMPOK :
NURUL JAMI L
RANDI KURNIA
SOLIH
TAUFIK WAHYUDIN

KELAS XI_2
SMK ITIKURIH HIBARNA
CIPARAY KABUPATEN BANDUNG

A. PANGJAJAP

1. KASANG TUKANG

Pupuh nyaeta salah sahiji conto kasenian sunda anu cara ngadugikeunnana di tembang keun. Salah sahiji kagiatan anu pikeun mikawanoh kana pupuh nyaeta ku diayakeunana ieu pasanggiti. Anu ngaduhan visi pikeun mikawanoh kana kasenian sunda khususna nembangkeun pupuh, sareung ningkatkeun kana bakat atawa potensi kana pamilon ieu pasanggiri.

2. TUJUAN

Tujuan laporan ieu nyaeta :

a. Ngadeskripsikeun lumansungna kagiatan pasanggiri ieu .
b. Sangkan para pamilon mikawaboh kana seni budaya sunda, utaman nembang pupuh.
c. Sangkan para pamilon bias nembang pupuh kalawan alus, luyu, jeung bakatna sewang-sewangan nepi bias milih pinunjul dina ieu pasanggiri.
d. Sangkan ngaronjatkeun kacinta kana seni budaya sunda.

3. MASALAH POKO ANU DILAPORKEUN

Lumangsungna kagiatan pasanggiri pupuh di SMK Itikurih Hibarna

4. SISTEMATIKA LAPORAN

a. Data pamilon

Para pamilon ieu kagiatan nyaeta siswa/siswi SMK Itikurih Hibarna anu diwakilan ku satiap kelas maksimal 5 urang, tingawitan kelas X dugi ka XII. Jumlah pamilon 30 jalmi.

b. Waktos jeung Tempat Kagiatan

Waktos : 07.30 dugi ka rengse
Dinten : Salasa
Kaping : 17 Agustus 2005
Tempat : Gedung Dukuh Kapilawastu Ciparay Kab. Bandung

c. Proses Lumangsungna Kagiatan

Waktosna tingawitan tabuh 07.00. para pamilon kumpul di gedung dukuh kapilawastu, samemehna Bapa Pupuhu Sakola biantara ngeunaan naon rupa nu kudu dilakukeun dina eta pasanggiri. Tabuh 07.30 pasanggiri di kawitan dugi ka rengsena eta kagiatan tabug 14.00. Saatos eta pangumuman juara- juara na teras di lajeungjeun ku panutup sareung doa.

d. Kacindekkan

Kagiatan pasanggiri pupuh anu atos dilaksanakeun, sareung di program samemehna masih keneh kurang minat ti unggal siswa/siswi, kulantaran para siswa/siswi masih keneh anu henteu mikawanoh kana eta kasenian sunda.

e. Saran

Saran anu tiasa di dugikeun kanggo ningkatkeun minat nembangkeun pupuh :
1. Perlu ayana cara di ajar kanggo nembangkeun pupuh atawa kaseian sunda lainna salian ti pelajaran basa sunda.

Unduh File .Docx, Link: LAPORAN Kagiatan Pasanggiri Pupuh

Baca juga: Contoh Pupuh Sunda Lengkap, Sinom, Asmarandana, Jsb

Laporan Kegiatan Tentang Liburan Sekolah Bahasa Sunda

TEKS LAPORAN KEGIATAN LIBURAN SeKOLAH BAHASA SUNDASetelah kita mengetahui sistematika dalam membuat laporan kegiatan bahasa sunda pada materi singkat yang sudah dijelaskan diatas, kini saatnya kita coba membuat laporan kegiatan seperti misalnya tentang liburan sekolah.

Membuat laporan kegiatan tentang liburan sekolah dimaksudkan memberi tahukan kegiatan apa saja yang kita lakukan selama liburan sekolah, apa saja manfaat liburan yang kita rasakan, dan tentunya untuk menambah wawasan kita dalam menulis karya tulis.

CONTO 6

LAPORAN KAGIATAN SALILA LIBURAN SAKOLA DI IMAH
(Keur pancen basa sunda di sakola)

Di Susun Ku:
Kustian (XII IPA 7)
SMA/SMP….

BAB I

A. BUBUKA

1. Kasang tukang

Liburan semester mangrupakeun liburan anu diantos-antos ku sadaya siswa siswi, hususna di sakolaan abdi SMA/SMP.. Liburan ogé mangrupakeun wanci anu cocok pisan keur ngamangpaatkeun waktu lowong urang jeung kaluwarga di bumi. Sajaba ti éta, liburan ogé tiasa keur nyegeurkeun pikiran urang.

Ku ayana liburan sakola, tangtuna nyieun urang jadi bungah sabab loba waktu nu tiasa ku urang pake keur ameng sareng rerencangan, dulur, atawa kaluarga. Tapi, biasana pihak sakola ogé sok masihan pancen keur midamel tugas saperti contona “Laporan Kagiatan Tentang Liburan Sakola”

Pancen eta mangrupakeun pimaksud keur pertanggung jawaban urang salila liburan sakola di imah, naon baé kagiatan urang teh, jeung naon mangpaatna? Nah, dihandap ieu abdi bade ngabeberkeun sadaya kagiatan salila liburan sakola abdi.

B. Rumusan Masalah

1. Naon bae kagiatan anu dilakukeun ku urang salila liburan atawa pere sakola teh?
2. Naon wae mangpaat salila liburan sakola urang?
3. Maksad sarta tujuan
4. Kanggo nambah wawasan nu nulis jeung nu maca

BAB II

EUSI

Dina liburan sakola abdi ayeuna sabenerna sami bae sareng liburan sakola samemehna. Nyaeta seueuran di bumi jeung tara kamana-mana. Dikarnakeun liburan ayeuna memang kaluwarga abdi henteu ngarencanakeun acara liburan sakola kamana-mana, sabab padamelan pun bapa oge teu tiasa di tinggakkeun. Ku kituna, dina laporan kagiatan ieu abdi bade ngabagi dua kagiatan nu sok dilakukeun di bumi, saperti kagiatan sapopoe sarta kagiatan husus anu abdi lakukeun diluaran aktifitas di imah.

A. Kagiatan Sapopoe di Imah

Sedengkeun sababaraha kagiatan anu biasana abdi lakukeun keur ngeusian waktu lowong abdi nyaeta minangka:

  • Browsing

Browsing mangrupakeun salah sahiji kagiatan anu rada sering abdi lakukeun mun keur pere sakola. Biasana abdi sok ninggalian sareng maca website artikel, misalkeun jang referensi-referensi kanggo diajar online di imah nu sakirana mangpaat keur ngabantuan pancen di sakola engkena, biasana abdi sok bari lalajo tv mun kuer browsing teh.

  • Aktip di Media Sosial

Sepertos anu urang terang jaman ayeuna geus serba canggih sarta modern. Saperti diwidang komunikasi ayeuna anu beuki gampang, ampir sadaya jalmi tangtos ngagaduhan aplikasi keur komunikasi di hp, gadget, tab, laptop sarta anu lianna. Jadi pakakas komunikasi kasebat, seueur dipake kanggo komunikasi anu ngagunakeun koneksi internet sareng rerencangan.

Nah, kitu oge abdi sok aktip di sosial media, sepertos facebook, instagram, jeung whatsapp. Kabiasaan ieu supados abdi supaya teu jenuh lamun teu aya kegiatan laina. Biasana mun di sosmed mah abdi sok update status anyar atawa ngan ukur ningali status rerencangan.

  • Maca Buku

Ieu mangrupa salah sahiji kagiatan abdi anu tangtos tiasa masihan mangpaat. Abdi oge henteu hayang miceun waktu liburan sakola ngan ukur hulang huleng di imah teu puguh, jadi maca buku teh mangrupakeun salah sahiji karesep abdi. Sepertos anu urang terang yen maca buku teh mangrupa jandela dunya, mangka beuki urang rajin beuki seueur kauninga. Biasana abdi maos seueur buku, sanes ngan ukur buku palajaran wungkul, tapi seueur deui saperti buku SAINS, majalah, jeung novel-novel.

  • Beberes Imah

Kaberesihan mangrupakeun sabagian ti iman. Ku margi eta, abdi resep pisan ngajaga anu ngaranna kaberesihan supaya katingalina bersih, rapih jeung raos ditingali panon sarta sae kanggo kasehatan. Ku abab abdi awewe, anu tangtos ditungtut kanggo tiasa ngagawekeun sagala rupa pagawean imah, jadi tiasa ngabantuan pun emi.

  • Olah raga

Olahraga mangrupa salah sahiji kagiatan anu diperlukeun pisan ku salira. Janten, ulah teing ngaremehkeun olahraga, sabab ngagaduhan seueur mangpaat kanggo salira. Utamana keur rumaja sepertos abdi ieu, diperlukeun pisan olahraga supaya pisik tetep sehat saban aktifitas.

B. Kagiatan Husus atawa Sosial diluar Imah

Kagiatan husus atawa kagiatan sosial anu abdi lakukeun salila liburan kanggo ngeusian wanci lowong abdi nyaeta minangka:

  • Kagiatan Maulid Nabi Muhammad SAW

Salah sahiji kagiatan sosial anu abdi lakukeun basa liburan sakola keur kamari nyaeta ngiring partisipasi dina kagiatan maulid nabi Muhammad SAW di masjid nu caket sareng bumi abdi. Abdi nye’epkeun wanci apoean di masjid saperti ngabantos keur nyelenggarakeun kagiatan kasebat. Sarta alhamdulillah, wengina kagiatan kasebat lancar sepertos anu harepkeun.

  • Ngawulang Ngaji Murangkalih

Ieu sala sahiji pangalaman anu dedudeh nu mangrupakeun kagiatan nu rada berkesan keur abdi. Sabab basa liburan kamari abdi caritana silaturahmi ka pangajian hoyong silaturahmi ka ustadz guru ngaji abdi, sabab abdi pernah ngaji di pangajian eta. Saparantos rek uih, di sauran ku guru ngaji abdi saurna dititah ngabantosan ngajar murangkalih maos IQRO, mimitina da jiga ragu tapi alhamdulillah lancar dugi ka rengsena.

BAB III

PANUTUP

Sakitu bae laporan kagiatan abdi salila liburan sakola nu abdi lakukan, teu di rekayasa seutik oge. Manawi ngan ukur eta kagiatan di bumi jeung kagiatan sosial anu abdi lakukeun salila liburan semester sakola ayeuna. Mereun piboseneun atawa ngerakeun, tapi mudah-mudahan ieu tiasa jadi pangalaman anu moal abdi pohokeun.

Menta hapunten pikeun guru mun abdi henteu menyertakeun gambar dina seratan laporan kagiatan abdi ieu, dimargikeun abdi henteu sempet nyandak dokumentasi dina wanci kagiatan kasebat. Mugi-mugi laporan ieu tiasa masihan mangpaat kanggo anu macana sarta dipake sakumaha sakedahna.

Ahir seratan, abdi ngedalkeun Wilujeng lebet taun ajaran semester anyar, mugi-mugi di semester taun ajaran anyar ayeuna sadaya nu ku urang hoyong tiasa kahontal sarta masihan saniskanten kebagjaan kanggo sakumna kulawargi ageung di SMAN ..

Contoh Laporan Bahasa Sunda Lainnya:
Laporan Kagiatan lomba pidato

Kesimpulan secara secara singkat, laporan kegiatan itu merupakan kumpulan informasi yang nantinya untuk diberikan kepada orang yang ada sangkut pautnya dengan acara kegiatan tersebut, sebagai pertanggung jawaban mengenai pelaksanaan dari suatu acara kegiatan.

Jadi, dalam pembuatan laporan kegiatan bahasa sunda itu dibuat setelah kegiatan atau acara yang dilakukan tersebut sudah selesai dilaksanakan. Laporan kegiatan sendiri biasanya dibagi menjadi beberapa Bab atau bagian-bagian.

Seperti pada contoh laporan kegiatan bahasa sunda diatas yang meliputi bagian isi laporan, tempat, waktu acara, peserta kegiatan, panitia atau penyelenggara kegiatan tersebut, sampai kepada berapa dana yang masuk dan keluar dan lain sebagainya yang bersangkutan dengan kegiatan harus dituliskan.

Nah mungkin itu saja beberapa contoh laporan kegiatan bahasa sunda yang bisa saya bagikan. Semoga bermanfaat, terimakasih atas waktunya.