“SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CABE”

Sakadang kuya jeung monyet ngala cabe 

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya eta Sakadang Monyet. 
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya!” “Kuk!” Sakadang Monyet nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. 

“Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabe, yu!” “Di mana?” “Di kebon Patani, mangka cabena geus bareureum.” 
“Embung, ah. Sakadang monyet mah sok gandeng.” “Moal, moal gandeng ayeuna mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan moal gandeng.” 
“Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong cabe pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. 
Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus bae ngaralaan cabe, didalahar di dinya keneh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah bae ladaeun. Kitu deui sakadang monyet. Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang Monyet ngagorowok. “Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”. 
“Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!” Sakadang Monyet henteu ngawaro. “Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi kadengeeun ku Bapa Tani.” Tapi Sakadang Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok deui bae. “Seuhah lata-lata!” 
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyet anu tarik kadengeeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katembong aya monyet jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabe. 
“Beunang siah nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah, gajleng bae Sakadang Monyet ngejat, terekel kana tangkal kai. 
“Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok menta tulung. Tapi Sakadang Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadedod bae. Kerewek bae ditewak ku Bapa Tani. 
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rek dipeuncit. 
Peutingna, sakadang Monyet rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyet nanya. 
“Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh kuring teh keur ngararasakeun kabungah.” “Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya eta, kuring teh rek dikawinkeun ka anak Bapa Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?” “Enya.” ”Nu bener Sakadang Kuya?” 
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyet ngahuleng sajongjongan. “Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyet. “Tukeur tempat kumaha?” “Enya tukeur tempat.  
Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.” “Ah, embung.” “Kuring mah karunya we ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.” “Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani teh.” 
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya teh eleh deet. “Heug bae tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya. “Naon saratna?” “Saratna mah gampang. Samemeh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.” 
“Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung bae Sakadang Kuya teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. 
Sup bae ngurungan  maneh ku kurung hayam. Ngadedempes ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani. Kocapkeun isukna. “Manehna, ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana. 
“Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku Sakadang Monyet. Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit, lain rek dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok. 
Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang bae atuh Sakadang Monyet teh papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon, Nyai?” “Ieu geuning nu dina kurung teh lain kuya.” “Naon Nyai?” 
“Monyet, jeung siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh aya monyet ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet dialak-ilik. 
“Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.”
“Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan. Monyet teh dicokot ku Bapa Tani, lung bae dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, korejat monyet teh hudang, berebet lumpat, kalacat bae naek kana tangkal kai. 

Rengse..
sumber: google.com

Amanat:

Ulah sok ngajak hal-hal anu teu bener nu sakirana kurang alus ka babaturan urang sorangan, saperti cukat-cokot atawa nyolong barang batur. Jeung salaku babaturan, urang kudu silih tutulung ka babaturan anu keur ngabutuhkeun bantuan urang, jeung urang oge ulah gampang di pangaruhan ku hal-hal anu sakirana tacan pasti kabenerannana.

Indonesia:

Dalam cerita dongeng fabel bahasa sunda diatas, ada beberapa amanat yang dapat kita ambil dari sisi positifnya, antara lain adalah:

Jangan mengajak hal atau sesuatu yang tidak baik kepada teman kita sendiri, seperti muncuri atau mengambil sesuatu milik orang lain. Dan sebagai teman kita juga harus saling menolong disaat teman sedang membutuhkan pertolongan kita, dan yang terakhir janganlah kita mudah terpengaruh dengan sesuatu ajakan atau sesuatu hal yang belum pasti akan kebenarannya.

Baca Juga: Cara Menemukan atau Menentukan Tema Cerita Dongeng, Pasti Bisa!