“SAKADANG KUYA & SAKADANG M*NYET NGALA NANGKA”

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka 
Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh. 

Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya. 
“Sakadang kuya, sakadang kuya..” ceuk sakadang monyet “naon sakadang kuya” tembal sakadang monyet “kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana” ceuk sakadang monyet “dimana ?” ceuk sakadang kuya. 
“Diteungah leuweung” ceuk monyet “keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui we da peuting keneh.” tembal kuya ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui. 
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna teh “Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,, hahaha”. 
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh sare. 
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya. “Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea” ceuk sakadang monyet “Kela atuh tunduh keneh..” tembal sakadang kuya “Eeh buru, kaburu kubatur” ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang. 
“Nya hayu atuh ari kitu mah” ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya. 
Ceuk kuya, “Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal..” “Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya” ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina hate. 
Sakadang kuya ngajawab, “Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh..” 
“Oh heug atuh” ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong, “kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha” 
Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun kahandap. 
Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si kuya. 
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si geutahna kana awak jeung kana biwir. “Uya, naha nanga urang mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah. 
“Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima hungkul.” bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak. 
“Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah” bari cireumbay da teu ngadahar nangka asak. 
Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka kamana da baeud tea.

 

Thanks__

sumber: google.com