Sajarah Pamarentahan Kota Bogor

Punjulna kota Bogor ti kota-kota sejenna nu aya di Jawa Barat nyaeta kasang tukang sajarahna. Pangna kitu lanan di Bogor kungsi ngadeg Karajaan Pajajaran. Di dieu pisan Prabu Siliwangi, raja Pajajaran anu kamashur kungsi ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.

Ku sabab raket pakaitna jeung sajarah Pajajaran, arti upama Pamarentah Kota Bogor nangtukeun identitas daerahna teh tina peristiwa sajarah Pajajaran. Upamana bae dina nangtukeun “hari jadi” kota Bogor, pamarentah daerah netepkeun dina tanggal 3 Juni 1482. Ieu teh dumasar kana sajarah ngadegna puseur dayeuh Karajaan Pajajaran.

Karajaan Pajajaran dipingpin ku Sri Baduga Maharaja anu katelah Prabu Siliwangi. Sri Baduga mimiti nyangking kalungguhan raja Pajajaran dina tau 1482 sarta lumangsung salila 39 taun. Anu jadi ibukota karajaan nyaeta Pakuan. Tah, ti dinya pisan, tina peristiwa Pakuan dijadikeun puseur pamarentahan anu jadi titik panginditan itungan taun “hari jadi” teh.

Ditetepkeunana angka taun 1482 dumasar kana ulikan sajarah yen Sri Baduga Maharaja mimiti ngadeg jadi raja Pajajaran teh dina taun 1482. Ari nangtukeun tanggal jeung bulan dumasar kana carita Pantun Bogor.

Dina Pantun Bogor aya bagian carita “Ngahiyangna Pajajaran” anu nyaritakeun yen baheula di ibukota Pajajaran sok diayakeun upacara Kuwerabakti. Ieu upacara teh maksudna ngareuah-reuah atawa sukuran usum panen, lilana 9 poe. Rame pisan ieu pesta rahayat teh, diluuhan ku para inohong karajaan jeung sakumna rahayat Pajajaran. Dina taun 1482, upacara Kuwerabakti teh diayakeun dina tanggal 3 Juni.

Salian ti ngareuah-reuah usum panen, oge bari sakalian ngaresmikeun Pakuan minangka puseur dayeuh (ibu kota) Karajaan Pajajaran. Eta sababna tanggal 13 Juni 1482 tuluy ditetepkeun jadi “hari jadi” Kota Bogor.



Salian ti nangtukeun “hari jadi”, Pamarentah Kota Bogor oge netepkeun lambang, minangka identitas anu mandiri. Titenan ieu Lambang Kota Bogor wangunna ‘perisai’ segi lima. Dina eta perisai aya opat gambar nyaeta:

1) manuk galudra anu nuduhkeun lambang nagara,
2) gunung salak puncak opat anu nuduhkeun yen kota Bogor perenahna aya di suku Gunung Salak,
3) istana Bogor anu nuduhkeun yen kota Bogor boga tempat (istana) anu ngandung sajarah, jeung
4) kujang anu nuduhkeun yen kota Bogor minangka ‘barang pusaka’ warisan Karajaan Pajajaran.

Kotamadya Bogor oge boga motto, nyaeta Di nu Kiwari Ngancik nu Bihari, Seja Ayeuna Sampeureun Jaga, anu hartina naon-naon anu karasa ku urang poe ieu teh hasil usaha poe kamari, jeung naon anu dipigawe ku urang poe ieu mangrupa tarekah pikeun ngahontal poe isuk nu leuwih punjul. Kota Bogor siap tandang dina pangwangunan, pikeun ngawujudkeun program “Kota Jeroeun Taman”.

Thanks__
sumber referensi: google.com