Warta sunda

Pedaran Jeung Fungsi Warta Dina Basa Sunda

×

Pedaran Jeung Fungsi Warta Dina Basa Sunda

Sebarkan artikel ini

Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan tina sahiji kajadian, boh nu dipindangkeun ngaliwat media citak, media éléktronik, atawa tatalépa ngaliwat lisan. Warta téh hartina béja, inpormasi atawa béwara. Jadi, nu dimaksud nepikeun warta téh sabenerna mah nyaéta nepikeun béja ngeunaan tina hiji kajadian nu bener kajadian.

Kecap warta téh asalna tina basa Sansekerta, nu miboga harti béja. Kusabab warta téh hartina béja, tangtu ciri utama tina béja téh nyaéta méré béja nu bener-bener kajadian, jadi laina béja nu bohong. Geuning ayeuna mah keur ramé ku istilah hoax, hoax hartina béja anu bohong.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Ciri utama tina warta nyaéta, yén warta téh mangrupakeun béja ngeunaan kajadian anu bener-bener aktual. Data nu dilaporkeun dumasar kana data kajadian anu asli, valid atawa bener, waktu jeung tempat nu diwartakeun atawa dibejakeun tur jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, jeung eusi warta téh sipatna objektif.

Nulis Warta

Dina nulis warta dina basa Sunda, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta ngeunaan kana ragam basa nu digunakeun. Sabab, dina basa sunda mah aya dua ragam basa, nyaéta ragam Basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma.

Dina nulis warta Sunda, bisa digunakeun Ragam Basa hormat (halus) atawa Ragam Basa Loma (kasar), anu penting mah dina ngagunakeun ragam basa sunda mah kudu konsistén makéna.

Unsur 5W+1H Tina Warta

Pikeun ngayakinkeun yén urang bisa nulis warta anu lengkep jeung jelas, aya hiji rumusan anu sering digunakeun ku para wartawan atawa jurnalis, nyaéta rumusan anu disebut rumus 5W+1H.

Sacara singket, rumus 5W+1H téh bisa nyebutkeun yén hiji warta bisa dianggap lengkep jeung jelas lamun miboga unsur 5W+1H, diantarana nyaéta unsur-unsur what, who, when, where, why jeung how.

Unsur 5W+1H Warta, Ngawengku :

1. What (naon) – Kajadian naon nu rék diberitakeun
2. Where (di mana) – Dimana tempat kajadianana éta peristiwa
3. When (iraha) – Iraha waktu kajadianana téh
4. Who (saha) – Saha waé nu jadi sumber beritana
5. Why (naha) – Naha kajadian téh kudu diberitakeun
6. How (kumaha) – Kumaha lumangsungna éta peristiwa téh.

Cara Nepikeun Warta Kalawan Alus

gambar: giphy.com


Sabenerna ngalaporkeun hiji warta téh mangrupakeun tugas atawa propesi wartawan, sedenhkeun nu sok maca berita ogé biasa disebut News Reader nu nyaéta peranna neupikeun berita.

Nah, mun upama urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu ku urang perhatikeun, diantarana ditataan di handap ieu.

Nepikeun Warta Kalawan Alus

1. Sa’acan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
2. Kilo kalawan gemet warta nu rék ditepikeun
3. Perhatikeun kecap-kecap nu ceuk urang hésé dipikaharti, tur kumaha cara ngucapkeunana nu bener
4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadéngé jelas ku batur
5. Artikulasi nu jéntrelé
6. Lentong nu merenah
7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna laun jeung iraha waktuna gancang
8. Sikep, paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi paningal ka pamiarsa.

Fungsi Warta

Kasimpulan Jeung Fungsi Warta

Kasimpulana, warta nyaéta béja atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian atawa hal anu bener-bener kajadian. Jadi, fungsi warta nyaéta pikeun méré béja atawa méré informasi ka masarakat umum atawa lingkungan husus, ngeunaan hiji kajadian atawa hal anu bener-bener kajadian.

Jadi, warta kudu dijieun dumasar kana data atawa informasi anu faktual atawa data anu bener, bisa dipercaya, jeung bener-bener kajadian. Hiji warta bisa dianggap cukup eusina, umpama éta warta téh ngandung unsur-unsur 5W+1H nyaéta what (naon), who (saha), when (iraha), where (dimana), why (kunaon) jeung how (kumaha).

Conto-Conto Warta: Kumpulan Warta Berita Bahasa Sunda