NGARIKSA LINGKUNGAN

Judul Artikel : NGARIKSA LINGKUNGAN
Artikel bahasa sunda tentang lingkungan - Judul Artikel : NGARIKSA LINGKUNGAN
Foto: @google images

Kiwari urang sok mindeng ngadenge berita boh tina koran boh tina televisi, yen rahayat di sawatara tempat di Jawa Barat loba anu meunang musibat katarajang banjir atawa taneuh urug. Unggal cunduk usum hujan, rahayat anu caricing deukeut walungan atawa di tutugan pasir, teu weleh hariwang, sieun kabanjiran atawa kaurugan taneuh.

Ayana musibat banjir atawa taneuh urug teh balukar tina lingkungan anu ruksak, teu kapiara. Tatangkalan dituaran di mana-mana, gunung jeung pasir darugul. Cihujan henteu diserep heula ku tatangkalan, antukna nya ngabalukarkeun banjir tea.

Taneuh oge apan babari urug da teu aya akar tatangkalan anu jadi pamageuh. Atuh dina cundukna usum halodo, cai teh babari pisan saatna, lantaran henteu diserep ku tatangkalan tea.

 

Eta sababna pamarentah kiwari keur ngahangkeutkeun program reboisasi. Anyar-anyar ieu Pemda Propinsi Jawa Barat geus nyieun kawijakan, yen masarakat boh rahayat biasa boh pagawe wajib melakkeun tatangkalan. Melakna mah di mana wae, naha di buruan imah atawa di kebon. Binihna disadiakeun, dibagi-bagikeun ku Dinas Pertanian.

Meh di unggal wewengkon ayeuna mah pamarentah ngahangkeutkeun melak tatangkalan teh. Di Kabupaten Sumedang upamana, rahayat babarengan jeung pamarentah, melak tatangkalan di Gunung Geulis. Pangna kitu lantaran eta gunung teh jadi sumber cai keur rahayat di wewengkon Sumedang.

Di Bogor, program pamarentah dina ngariksa lingkungan teh geus ti beh ditu keneh dilaksanakeun. Pamarentah Kota Bogor satekah polah hayang nyiptakeun Bogor jadi “Kota dalam Taman”. Ieu teh ngandung harti yen kota Bogor kudu asri, endah, kaliung ku taman.

Ayana Kebon Raya di tengah-tengah kota tangtuna oge pohara ngarojongna kana eta program teh. Ayeuna bisa kasaksen ku urang yen Bogor jadi kota anu asri tur seger, matak betah nu ngadon arulin niiskeun pikir.

Tangtu wae kaasrian kota Bogor teh ku urang dipiara. Lingkungan di sabudeureun urang, di imah atawa di sakola kudu diriksa ngarah tetep beresih. Miceun runtah ulah sagawayah di mana wae, tapi kudu dina tempatna. Runtah anu patulayah di jalan teh apan sok nyocokan solokan, nu ahirna nyababkeun banjir.


Atuh melak tatangkalan, hidep oge tangtu bisa, upamana bae melak tatangkalan di buruan atawa di pipir imah. Naon bae anu dipelakna mah naha jambu, buah, jeruk, jeung sajabana. Resep barang pelak teh kudu dibiasakeun, ngarah urang ti bubudak diajar sarta resep miara lingkungan.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com