Pidato, Biantara

Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Masalah Banjir

×

Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Masalah Banjir

Sebarkan artikel ini

Di artikel sebelumnya kita sudah membahas mengenai contoh pidato tentang banjir dalam bahasa sunda. Pada artikel ini juga masih tentang atau berhubungan dengan masalah tersebut. Guna agar lebih banyak bahan-bahan referensi seputar pidato tentang banjir yang kamu dapatkan nantinya.

Karna dalam menyusun maupun membuat naskah teks biantara memang kita memerukan banyak materi untuk penyusunan biantara agar hasilnya lebih bagus, serta agar lebih mudah dalam menggembangkan serta penyusunan kerangka biantara secara terperinci.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Hal ini agar informasi yang kita sampaikan ke audiens tersebut mampu tersampaikan dengan baik, mampu menghibur, membujuk, maupun mempengaruhi, berdasarkan dengan tema biantara atau pidato yang kita bawakan tersebut, contohnya tentang permasalahan banjir ini.

Sehingga pidato yang kita bawakan akan memberikan efek yang positif di masyarakat atau lingkungan sekitar. Nah, dalam contoh pidato bahasa sunda yang kedua ini akan lebih membahas kepada seputar penyebab masalah banjirnya, berbeda dengan pidato sejenisnya pada artikel yang lalu.

Baca juga:
Contoh Pidato Tentang Pencegahan Banjir Bahasa Sunda

Biantara Tentang Penanggulangan Masalah Banjir

Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Penanggulangan Masalah Banjir
Assalamu’alaikum Wr. Wb..

Salam sejahtera kanggo urang saréréa..
Puji sukur kehadirat Pangeran Anu Maha Ésa luhur karuniana sarta rahmatna, urang dipasihan kénéh kasempetan kanggo papanggih di rohangan ieu dina kaayaan séhat walafi’at.

Bapak/Ibu guru anu ku simkuring di pikahormat.. Dina ieu kasempetan, simkuring badé ngadugikeun hiji biantara singkét ngenaan kana masalah banjir, dina judul biantara nu badé didugikeun nyaéta “Hayu urang nanggulangan kana masalah banjir”.


Sepertos anu atos ku urang terang, yén banjir téh mangrupakeun musibah anu sering lumangsung diwéwéngkon urang. Banjir ogé mangrupakeun salah sahiji musibah alam anu sering lumangsung di Indonesia, hususna didaérah palataran anu langkung handap.

Sadérék anu ku simkuring dipikahormat.. Peryogi urang terang yén cai caah téh tiasa disebabkeun ku sagala rupi macem faktor, sedengkeun faktor anu boga pangaruhna pisan nyaéta rendahna palataran di tempat wéwéngkon kasebat.

Sedengkeun faktor sanésna nyaéta faktor anu di akibatkeun ku jalmi. Contona tina miceun runtah, perkawis ieu anu babari ku urang panggihan di balarea nyaéta, nyatana masih seueur kenéh masyarakat nu kirang kasadaranana tina miceun runtah.

Perkawis ieu anu tiasa menyebabkeun caah téh, nu nyieun mangpetna saluran cai sarta ka urugna runtah di walungan. Sajaba ti éta, caah ogé tiasa dongkap ku margi kurangna tatangkalan kanggo resapan cai lamun basa keur hujan di wéwéngkon kasebat.

Urang tingali disakeliling urang kususna di kota-kota ageung, anu mana beuki dinten téh beuki seueur lahan anu atos didamel padumukan, tah perkawis ieu salah sahijina nu janten kasang tukang lumangsungna banjir, margi cai atos moal tiasa deui lebet ka taneuh.

Sadérék anu simkuring pikadeudeuh.. Masih seueur kénéh faktor lian nu nyebabkeun banjir téh ku sabab kalakuan jalmi, simkuring pasihan conto deui sapertos kirangna tatangkalan héjo disabundeureun urang.

Padahal mah, tatangkalan anu aya di sabundeureun urang téh tiasa nyerepan cai. Lamun tatangkalan éta atos teu aya deui, mangka ageungna cai angger wae teu tiasa nyerep deui ka taneuh.

Bapak/Ibu guru anu simkuring pikahormat.. Kasang tukang lantaran lumangsungna banjir kasebat téh mangrupakeun cerminan kanggo diri urang sadayana. Kitu kaayaan kasadaran sarta pépéling ngeunaan musibah banjir téh terus dipersoalkeun dugi ka ayena.

Lamun ukur pamarentah waé anu nanggulangan banjir mah mangka mustahil masalah banjir téh tiasa di tungkulan. Janten ku sabab kitu, alusna urang sareng balarea sadaya ogé kedah ngiringan dina nungkulan masalah banjir ieu.

Hayu sami-sami urang nungkulan masalah banjir sasarengan, sarta ulah silih nyalahkeun hiji sareng nu lianna. Nah, sakitu waé biantara singkét ti simkuring kana masalah banjir ieu, hamputen lamun masih seueur kénéh kakiranganana. Wassalamualaikum. Wr. Wb

 
Mungkin itu saja mengenai biantara singkat bahasa sunda tentang penanggulangan masalah banjir yang bisa saya tuliskan pada kesempatan kali ini. Mohon maaf apabila masih banyak kekurangan dalam penyusunan biantara tentang banjir diatas ataupun kesalahan dalam penulisan kata-katanya.