Cerpen, CarponHumor sunda

Kumpulan Cerita Lucu Bahasa Sunda Yang Bisa Bikin Kamu Ketawa!

×

Kumpulan Cerita Lucu Bahasa Sunda Yang Bisa Bikin Kamu Ketawa!

Sebarkan artikel ini

Basasunda.com – Hay bararudak sadayana? Dulur-dulur sunda dimana wae ayana nu kararasep, garelis, jeng garanteng. Dihandap ieu abdi sediakeun cerita lucu sunda, nu mudah-mudahan bisa ngahibur ka dulur-dulur sadayana.

Carita ieu ngan saukur karangan samata, jadi hampura misalkeun mun aya kasaaman tina ngaran atawa sajabana. Nya entos atuh, langsung waenya? Di baca wae lah carita lucu dihandap ieu. Tapi tong hilap sediakeun kopi haneut beuh rada mantepan. Aih sedap!

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Cerita lucu bahasa sunda

Cerita lucu bahasa sunda

Carita di konter hape

Aya ibu-ibu rada lebay mangkat ka tukang service hape, karna lantaran hape manehna rusak, sering nga-heng wae ku sabab hapena sering panas, nah kieu carita na..

Ibu-ibu: “Kang, abdi arek service hape ah, rusak eyy?”
Tukang hape : “Oh, kunaon hapena atuh bu?”
Ibu-ibu: “Sering panas kang..”
Tukang hape : “Ooh Panas…?”
Ibu-ibu: “Enya kang, sigana mah muriang, soalna ker kamari oge batuk-batuk sagala”
Tukang hape: “Oh.. Punten bu, abdi bade tutup wae lah!” *Gejul..*

Carita dua orai hejo

Aya dua orai hejo disawah keur neangan kadaharan bari ngararobrol santai. Nah, si orai nu hiji nanya ka babaturanna, kie cenah..

Orai 1: “Hey dak, urang ieu teh jenis oray naon sih?”
Orai 2: “Teu nyaho atuh, emangna kunaon kitu?”
Orai 1: “Hente, bie soalna urang teu sengaja nga gegel bibir urang sorangan euyy!”
Orai 2: ” Kahade ah rai..!!! “

Perangsana arek ngagombal

Lalaki : “Néng bapa na maling nya??
Awewe : “Lain a, emangna ku naon? (Geus siap-siap, perangsana arek digombalan)
Lalaki : “Henteu néng, tadi soalna aa ningali bapa éneng ker digarebotan ku warga, gara-gara nyolong tv cenah oge.”
Awewe : “Aiih…!!***Gubrak!!!

 

Belajar matematika

Guru : “Hayu barudak, tos siap belajar matematika teh??”
Murid: “Siap bu guru…!!”
Guru: “Nah, dina pelajaran matematika ieu coba jawab sing ka bener. Ibu ceritana masihan maneh 3 coklat, terus ibu masihan dei 5 coklat, nah jadi jawaban na nyaeta..??”
Murid : “Nuhun bu..!!”
Guru : **AnyirR..!**

Belajar sejarah

Ceritana di jero kelas aya bapa guru keur nerangkeun pelajaran sejarah ka muridna. Tapi, si udin mah malah sare manehna mah. Ngadadak, bapa guru nanya pertanyaan ka si udin, kie cenah..

Bapa guru : “Din cing tebak, saha nu ngabunuh gajah mada teh?”
Udin : (Bari ngarasa rewas).. “Sumpah pa, lain abdi nu ngabunuh na! Abdi mah bener, teu nyaho naon-naon pa sing demi..!!” (Bari arek mewek)
Guru :” Pletakkk!!!” (Sirah si udin na di téke)

Carita meser sangu goreng 

Awewe : “Mang, meser sangu gorengna hiji nya.. Pake endog ah.”
Tukang dagang: “Endogna di pisah teu néng?
Awewe : “Di pisah wae lah mang, tapi ulah jauh-jauh nya? Sien teu kapanggih eyy kos harita!”
Tukang dagang: “Lebay maneh!!” (Bari nakol panggorengan na)

Curhat carita hirup balangsak

Awak karasa gering, nangtung ge asa ngalanjung.. Ditambah dei mikiran hirup, sagala kabutuhan naek, “Duh gusti.. Baringung pisan kuring teh.” Mana udud ge tinggal puntung, eta ge meunang mulung dijalan.

Buuk bari di gelung, terus abdi coba indit ka warung bari manggul karung butut, nambulan kangkung jeung surawung, tepi warung saking bingungna abdi hitut na jero sarung, bari halis kerang kerung, “Duhh gusti, kie ning hirup murung teh..”

# Bari nyusut cai mata ku kanebo..

Curhat carita hudang gering

“Alhamdulillah, gusti nu agung.. Akhirnya awak uing ini tidak terasa ringsek lagi, padahal keur kamari saencanna aku nambulan obat, terasa banget badan ini leleus, hingga mata ini buncelik, badan ini terasa murigrig nambura begitu saja diatas kasur butut.

Ya Alloh.. Kini aku sadar, ternyata sakit itu lebih kejam dari pada sehat. Semoga atuh rasa sakit ini senan tiasa tidak katerusan lagi, hingga akhir hayat memisahkan jiwa raga dan hitut ku ini..

#Bari nambulan martabak..

Nah, mungkin ajang ayena ngan sakitu wae hela nya cerita lucu sundana? Engkin, coba urang tambahan dei carita-carita lainna nu lewih pikaseurien dei. Oh enya, tong poho baca oge artikel sunda lucu lain na dihandap ieu, dijamin bakalan seserian dui deuh. Hehee!