INDUSTRI OTOMOTIF

INDUSTRI OTOMOTIF
Contoh Artikel Bahasa sunda tentang Teknologi "INDUSTRI OTOMOTIF"
Foto: @google images

Nagara-nagara anu teknologina geus maju, kiwari keur satekah polah ngararancang kendaraan anu bahan bakarna henteu gumantung kana bengsin. Naon sababna? Lantaran sesa-sesa pembakaran bengsin anu kaluar tina knalpot kendaraan teh ngabalukarkeun ayana polusi.

Nurutkeun para ahli atmosfir, kiwari polusi di kota-kota gede geus tepi kana tingkat matak pikahariwangeun keur kasehatan manusa. Polusi pangpangna bisa nimbulkeun panyakit paru-paru lantaran ngandung gas karbon dioksida jeung karbon monoksida.

Atuh tina numpukna sesa-sesa pembakaran bengsin di atmosfir bisa ngabalukarkeun ruksakna lapisan ozon. Ari ozon teh apan lapisan anu gunana nyaring cahaya panonpoe ngarah henteu tarik teuing nojona ka bumi. Anu matak kiwari geuning beuki karasa ku urang pohara panasna lamun ninggang usum halodo.

Suhu bumi karasa beuki naek ti waktu ka waktu lantaran lapisan ozon geus barolong. Tina beuki naekna suhu sarta beuki teu sehatna di kota lantaran haseup tina kendaraan tea, para ahli di PBB cumeluk ka unggal nagara maju sangkan bisa nyiptakeun kendaraan anu teu gumantung kana bahan bakar bengsin.

Salah sahiji nagara anu geus nyoba-nyoba nyiptakeun kendaraan teu make bengsin teh nyaeta Jepang. Di ieu nagara kiwari geus katingal mobil-mobil tanaga listrik pasuliwer di kota-kota gede, najan jumlahna can pati loba.

Kadieunakeun salasaurang ahli otomotif Jepang geus bisa nyiptakeun deui kendaraan anu bebas polusi. Nu ieu mah disebutna “mobil hidrogen”, lantaran tanagana tina hidrogen anu bahan bakuna tina cai. Ieu mobil hidrogen jieunan pabrik mobil Mazda teh kakara dijual ka umum dina taun 2000.

Para ahli nu ngarancangna terus ngulik sarta nyampurnakeun komponen-komponen mesin bagian jerona, lantaran kehengkeran tanaga hidrogen nyaeta babari bitu. Mobil hidrogen ngandung risiko ngabeledug. Kumaha wae bom hidrogen.

Sanajan kitu teu kudu salempang, para teknisi Jepang kiwari geus ngaganti salasahiji komponen paranti ngatur saluran hidrogenna ku logam alloy. Sistim alloy teh ngatur arus listrik ngaliwatan gas dina tekanan rendah.

Alatan kitu bisa nyingkahan risiko bitu lantaran gas hidrogen anu ngocor kana tempat pembakaran asupna saeutik-saeutik.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com