Sisindiran, Pribahasa & Pantun

Contoh Paparikan 35+ Sisindiran Silih Asih, Piwuruk, Sesebred

×

Contoh Paparikan 35+ Sisindiran Silih Asih, Piwuruk, Sesebred

Sebarkan artikel ini

Contoh Paparikan – Paparikan merupakan salah satu bentuk sisindiran yang berasal dari kata “parikan” (dari bahasa Jawa). Asal katanya “parik” dalam bahasa sundanya berarti parek yang berarti “dekat”. Maksudnya, pada sisindiran ini berdekatannya suara (vokal) yang ada di cangkang dan isi pada ujung setiap baris atau padalisan.

Ada juga paparikan yang mindoan wekas, yaitu kata yang samanya bukan pada suara vokal, melainkan kata pada ujung setiap baris atau padalisan cangkan dan isinya.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga:  Contoh Wawangsalan Bahasa Sunda Jeung 30+ Contona!

Apa itu Paparikan

Contoh Paparikan

Paparikan disusun oleh sampiran atau cangkang dan juga isi yang berdekatan suaranya, serta purwakanti laraswekas pada setiap baris atau baitnya. Kalau dalam jumlah baris pada paparikan ini haruslah dibuat pas atau genap, misalnya saja dua baris, enam baris, delapan baris, dan seterusnya.

Baca juga: Contoh Sisindiran Rarakitan

Setengah dari jumlah baris bait bait tersebut merupakan sampiran atau cangkangnya, dan setengahnya lagi merupakan isinya. Kalau banyaknya suku kata pada setaip barisnya umumnya delapan suku kata.

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antar padalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
Mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat

Contoh Sisindiran Paparikan Silih Asih, Piwuruk, dan Sesebred

Contoh Sisindiran Paparikan Silih Asih, Piwuruk, dan Sesebred
Sisindiran Paparikan

Paparikan jika dilihat dari sifatnya dibagi menjadi 3 keperluan atau tujuan, yaitu diantaranya paparikan silih asih (kasih sayang), paparikan piwuruk (pepatah), dan paparikan sésébréd (humor). Nah dibawah ini akan diberikan beberapa contoh paparikan tersebut.

Contoh Paparikan Silih Asih

Paparikan silih asih merupakan salah satu sisindiran yang berisi silih jeung asih atau dalam bahasa indonesianya kita sebut dengan kasih sayang, dan berikut adalah beberapa contohnya.

Kamari panggih jeung anjeuna
Panggih nateh di Ciparanti

Kamari panggih jeung anjeuna
Panggih nateh di Ciparanti

Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

Lain Bangban lain Pacing
Lain kananga kuduna

Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna

Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna

Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana

Leuleupeutan leuleumeungan
ngarah kékéjoanana

Deudeukeutan reureujeungan
ngarah téténjoanana

Rincik-rincik hujan leutik
paralak hujan tambaga

ngilik-ngilik ti leuleutik
teu terang aya nu boga

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan

sono mondok sono nganjang
sono papanggih di jalan

Haruman Gunung Haruman
jeruk manis mapag lemo

kaluman kuring kaluman
urut pagalentor sono

Leumeung teundeut cocongoan
jalanna ka Rajagaluh

meungpeung deukeut sosonoan
jaga mah urang pajauh

Cau ambon dikorangan
malti ka pipir-pipir

engkang nu ambon sorangan
Nyai mah teu mikir-mikir

Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina

Aya istri jangkung alit
endahna kabina-bina

Baju hideung kancing tangan
dikaput ku merang awi

Nu hideung matak teu nangan
sing emut ka diri abdi

Baju tablo dibulao
Kembangna katuncar mawur

Ari bogoh mah ti bareto
Ngan ayena di incer ku batur

Beak daun beak randu
unggal poe dibikeunan

Beak taun beak windu
moal weleh dileukeunan

Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun

Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leleungiteun

Kembang goyang jeung ermawar
pacampur jeung kacapiring

Hariwang rea kakelar
tagiwur teu genah cicing

Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh

Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh

Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kekejoanana

Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana

Cau ambon dikorangan
Kanyéré ka pipir-pipir

Lalaki ambon sorangan
Awéwé teu mikir-mikir

Contoh Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk adalah sisindiran jenis paparikan yang didalamnya berisikan atau memberikan “petuah baik” (dalam bahasa sunda disebut piwuruk) baik itu tentang kehidupan, agama, dan lain sebagainya, berikut adalah contohnya.

Kamari kuring diurut
Diurutna ka mang aleh

Ka indung bapa kudu nurut
Supados janten budak soleh

Hayang pisan geura dahar
Ngan taya réncang sanguna

Hayang pisan jadi beunghar
Ngan kudu getol usahana

Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok-ngocok bobodasna

Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana

Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola

Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola

Peupeujeuh ari ka dayeuh
Meuli kupat jeung gorengan

Peupeujeuh ari geus euweuh
Ulah ngupat kagorengan

Samping kageutahan dukuh
di kelas di kacaikeun

Nu matak maneh sing kukuh
papatah guru imankeun

Hampelas raraga jati
Palataran babalean

Iklas raga reujeung pati
Lantaran ti kahadean

Cukleuk leuweung cukleuk lamping
Jauh ka sintung kalapa

Lieuk deungeun lieuk lain
Jauh ka indung bapa

Baca juga: Kumpulan Pepeling Bahasa Sunda Sedih Bikin Merinding

Contoh Paparikan Sesebred

Paparikan Sesebred adalah sisindiran jenis paparikan yang didalamnya berisi humor, candaan atau dalam bahasa sundanya disebut sesebred atau heureuy. Berikut adalah beberapa contohnya.

Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit

Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibéré duit

Sapanjang jalan Cirebon
Jalan butut diaspalan

Sapanjang dijajah Nipon
Baju butut tatambalan

Cau naon cau naon
Cau kulutuk di juru

Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru

Itu gunung ieu gunung
Diadukeun pakbeledug

Itu pundung ieu pundung
Marebutkeun mojang budug

Poé Saptu poé Kemis
Poé Kemis jeung Jumaah

Itu saha muril kumis
Kumisna panjang sabeulah

Damar kurung damar gantung
damar siang pamidangan

Mun teu tulus ka Si jangkung
palangsiang kaedanan

Aya listrik di masigit
caangna kabina-bina

aya istri jangkung alit
karangan dina pipina

Tikukur macokan huni
kecok deui-kecok deui

beunang dipupur diponi
dekok deui-dekok deui

Kini-kini kuang-kuang
akeup-akeup peupeureudeuyan

nini-nini palay tuang
diakeup peupeureudeuyan

Nu ngeunah sambel tarasi
Ngan entong poho lalabna

Nu ngagidig make dasi
Ngan poho can dicalana

Hayang baju lima warna
Tapi embung kudu meuli

Hayang siga panggagahna
Tapi hese kana mandi

Murak buah ditunggilis
Aya apel aya huni

Rarasaan anu geulis
Ari pek teh Nini-nini

Baca juga:  Sisindiran Sunda Lucu Pisan 60+ Pantun Bikin Ngakak

Euisi Dina Paparikan Basa Sunda

Euisi Dina paparikan Basa Sunda

Paparikan teh nyaeta isindiran nu diwangun ku 2 jajar atawa leuwih, jadi cangkang jeung dua jajar (leuwih) eusi. Dina paparikan mah biasana anu diarah téh pedeukeutna sora dina cangkang jeung sora-sora dina eusina. Nurutkeun eusina paparikan teh aya tilu rupa nyaéta:

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]1) Paparikan piwulang
2) Paparikan asmara, jeung
3) Paparikan lulucon.[/asap_note]

1) Conto Paparikan Piwulang

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]Samping kageutahan dukuh
Dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh
Papatah guru imankeun

Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang

Mawa peti dina sundung
Dibawa ka Nusa-Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
Kabisa teu beurat mawa
Ninyuh ubar ku cipati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar téa pasti
Ku Allah dikawelas[/asap_note]

2) Conto Paparikan Asmara

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]Pipiti dibungawari
Téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
Hade omong pangoloan

Layung isuk samar beurang
Nya walet kurunganana
Lanjang itu samar beunang
Ku korét indung bapana

Caang bulan opat welas
Teu kaduga ku poékna
Aya bujang baju bodas
Orokaya ku korétna

Poe saptu poé kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna endeuk-endeukan[/asap_note]

3) Conto Paparikan Lulucon

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]Baju tablo dibulao
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
Terang-terang geus ku batur

Rincik-rincik hujan leutik
Paralak hujan tambaga
Nilik-nilik lanjang leutik
Teu nyaho aya nu boga

Kukulu dibuah manggu
Pisitan buah ramanten
Kuru lain ku teu nyatu
Mikiran nu hideung santen

Siki tarum buah rinu
Diteundeun dina pangeret
Beak taun béak windu
Moal wéléh ngarep-ngarep.[/asap_note]

Nah, Mungkin itu saja mengenai contoh sisindiran paparikan yang bersifat silih asih, piwuruk, dan sesebred yang bisa saya sampaikan, untuk mencari contoh-contoh sisindran lainnya silahkan lihat pada menu kategori blog ini, dan contoh sisindiran diatas saya rangkum dari berbagai sumber google.co.id