PERKEBUNAN

HASIL PERKEBUNAN
Artikel bahasa sunda tentang lingkungan - Judul Artikel : HASIL PERKEBUNAN
Foto: @google images

Nagara urang kaasup nagara anu leuweungna kawilang panglegana di Asia Tenggara. Eta leuweung teh loba diantarana anu dimangpaatkeun pikeun perkebunan. Salah sahiji perkebunan anu loba dibudidayakeun di nagara urang nyaeta perkebunan kalapa.

Geura upama urang indit ka mana wae, teu weleh katingal tangkal kalapa. Ngan lolobana pisan mah di wewengkon basisir. Pangna kitu lantaran kalapa leuwih cocog dipelak di wewengkon anu hawana panas. Kalapa anu dipalek di tanah basisir umumna buahna laleubeut, beda jeung anu dipelak di pagunungan.

Upama kalapa loba dipelak ku masarakat urang, bisa jadi lantaran melakna jeung miarana henteu hese, tapi mangpaatna loba pisan. Geura lamun ku urang ditataan; tangkalna bisa dipake bahan bangunan atawa pakakas. Pucukna sok dipake nyieun janur atawa bungkus kupat.

Daunna nu geus kolot bisa dipake nyieun kisa atawa hateup imah. Malah nyerena apan sok dipake nyieun sapu. Puguh deui ari buahna mah. Buah kalapa anu ngora nu disebut dawegan tea, apan sok dirujak atawa dijieun campuran sirop.

Atuh buahna nu geus kolot, salian ti bisa dikeletik dijieun minyak teh, oge bisa dijieun cipati pikeun rupa-rupa kaolahan. Malah hampasna oge apan tara dipiceun kitu wae, tapi bisa dimangpaatkeun dipake nyieun dage.

Kadieunakeun, cai kalapa geus diulik tepi ka bisa dijieun coco, bukur sirop anu kiwari geus loba dijual di toko-toko. Salian ti eta loba keneh mangpaat kalapa teh. Upamana bae tapasna bisa dijieun sapu atawa kekesed, batokna bisa dijieun areng atawa barang karajinan, akarna bisa dijieun ubar, jeung sajabana.

Ku lantaran kawilang rea kagunaanana, kaharti lamun kalapa kaasup pepelakan anu diutamakeun ku bangsa urang di jaman beh ditu keneh. Ku rahayat urang utamana anu marangkuk di wewengkon basisir kaler Pulo Jawa, kalapa teh jadi pepelakan anu poko.

Dina elmu tutuwuhan mah kalapa teh ngaran ilmiahna cocos nicifera. Kembangna nyusun dina manjare sarta tuluy ngawangun tandan. Buah kalapa anu sagede-gede peureup disebutna cengkir. Lamun geus kolot cai buahna sok ngurangan sarta ieu teh jadi patokan keur para patani mah.

Lamun patani hayang apal geus kolot-henteuna buahna kalapa, carana teh ku cara dikoclakeun. Kalapa anu geus kolot sok kadenge cai buahna kuclak- keclok, sabab beuki kolot cai buahna beuki ngurangan tea. Buah kalapa anu geus kolot pisan mah bakal kaciri tina warna buahna oge, nyaeta warnana coklat atawa hideung.

Di sawatara tempat, kalapa teh aya oge anu disadap cara kawung. Geuning di pasar atawa di warung urang sok manggihan gula kalapa, nyaeta gula anu dijieun tina ‘lahang’ kalapa. Kalapa anu disadap tara buahan, lantaran leungeun tandananana dipunggel pikeun diala lahangna.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com