Biodata & Biografi

Biografi Oto Iskandar, Tokoh Pahlawan Sunda Terkenal Jawa Barat!

×

Biografi Oto Iskandar, Tokoh Pahlawan Sunda Terkenal Jawa Barat!

Sebarkan artikel ini

Kembali lagi sebuah contoh dari biografi bahasa sunda, yang merupakan salah satu contoh biodata atau biografi pahlawan jawa barat dalam bahasa sunda, tentang oto iskandar dinata, yang merupakan salah satu tokoh sunda terkenal yang berasal dari jawa barat.

Biografi Tokoh Sunda Terkenal, Pahlawan Dari Jawa Barat

OTO ISKANDAR DI NATA


OTO ISKANDAR DI NATA mangrupakeun salasaurang pajoang indonesia anu teuneung ludeung nyanghareupan pamarentah Walanda. Pa OTO ISKANDAR lahir dina tanggal 31 Maret 1897, di Bojongsoang, Bandung, jawa barat.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Anjeunna meunang jujuluk ‘Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna dina ngabela bebeneran. Anjeunna geus bajoang dina pergerakan nasional ngaliwatan lembaga resmi pamarentahan Walanda nu disebut Volksraad.

Dina salasahiji pidatona dina sidang Volksraad, Pa oto tatag pisan nyarita “yen nagara Indonesia kudu merdeka, kudu leupas tina genggeman penjajah”. Upama ayeuna urang sok ngagorowokkeun pekik “Merdeka!”, eta teh asalna ti Pa oto iskandar, basa pidato dina sidang.

Dina jaman penjajahan Jepang Pa Oto iskandar terus bajoang, di antarana milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah air, anu ilahar sok disebut PETA.

biografi tokoh pahlawan jawa barat otto iskandar dinata bahasa sunda.
Foto @google images

Diadegkeunana PETA teh taya lian pikeun ngagedurkeun sumanget ka para pajuang sangkan terus bajoang ngahontal kamerdekaan. Sabada nagara urang merdeka Pa Oto milu nyusun Undang-Undang Dasar 1945.

Sanggeus pamarentahan Soekarno-Hatta nyusun kabinet anu munggaran, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Hanjakal dina taun 1945 katompernakeun, basa nagara urang keur harengheng, Pa oto aya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang.

Thanks__
sumber referensi: google.com

Baca juga: 10+ Kumpulan Contoh Biografi Bahasa Sunda Pahlawan Dll