Kabudayaan Tatar pasundan

Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya eta buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi oge akal manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nya eta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun oge salaku ngolah tanah atawa tatanen. Kecap culture oge bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.

Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna.

Ku kituna kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawengku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.

Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.

Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup oge sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).

Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.

Sedengkeun Sunda nya eta istilah pikeun identitas hiji seke seler nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaeta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.

Thanks__
sumber referensi: google.com