ADAT BUDAYA KAWINAN URANG SUNDA

ADAT BUDAYA KAWINAN URANG SUNDA
Foto: @google images

Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan kabudayaana. Tata-titi jeung paripolah teh salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun.

Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara tepi ka ayeuna nyaeta dina cara ngawinkeun. Upama urang Sunda aya nu rek ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu bae. Aya prak-prakanana luyu jeung kailaharan. Jauh samemeh der upacara kawinan, sok aya acara ngalamar heula, ti dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.

Ngalamar nyaeta nanyaan awewe daek-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna. Ilaharna pihak lalaki anu ngalamar teh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. Kitu deui pihak awewe anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awewena) daekeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan, poe naon, tanggal sabaraha, jsb.

Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun tea, pihak kulawarga calon panganten lalaki datang ka kulawarga calon panganten awewe. Datangna bari barangbawa, mawa barang keur maskawin jeung pakean kayaning baju, samping, jsb. Keur calon panganten awewe.

Calon panganten lalaki tuluy diserenkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilanana ka pihak kulawarga calon panganten awewe sina ditikahkeun. Eta sababna ieu acara teh disebutna seserahan, nyaeta nyerahkeun atawa nyerenkeun calon panganten lalaki tea.

Rengse seserahan, kakara calon panganten teh ditikahkeun ku kolotna calon panganten awewe di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.

Rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Panganten duanana sungkem ka ibu ramana, minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu panganten sok didiukkeun di panyaweran (di buruan), tuluy disawer ku beas, koneng, jsb.

Diawur-awurkeun ka lebah panganten. Samemeh didiukkeun dina korsi panganten, sok diayakeun heula acara buka pintu. Aya nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang, panganten lalaki menta idin rek asup ka kamar panganten awewe. Rengse buka pintu, kakarak panganten sajodo didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu araya.

Artikel Terkait:

  1. Prosesi Pernikahan Dalam Adat Sunda Dan Akadnya
  2. Rumah Adat Sunda di Jawa Barat Keunikan, Gambar, dan Sketsa
  3. Contoh Kata Kata Undangan Pernikahan Bahasa Sunda

Thanks__
Sumber referensi: google.com

Auto translate:

Kita Sunda mah tara lupa kana adat kebiasaan kabudayaana. Tata-titi bersama tindak teh salawasna didasaran oleh adat yang sudah kamu. Kapan ada paribasana,kita Sunda mah tara lupa kepada purwadaksi,maksudnya tara lupa kana sandang paranti atau kebiasaan yang sudah diwarisken oleh moyang.Salah sahiji tradisi budaya yang dipelihara hingga kepada kini yakni dalam cara mengawinkan. Misal kita Sunda ada yang akan mengawinkan anaknya,tara padu gapruk demikian bae. Ada prak-prakanana sesuai bersama kailaharan. Jauh sebelum der upacara kawinan,selalu ada acara ngalamar hela,dari situlah lanjut penyerahan,serta diakhiri oleh akad nikah.

Ngalamar yakni nanyaan cewek bersedia-hentena dikawin oleh lelaki yang mikarepna. Ilaharna pihak lelaki yang ngalamar teh tara sendiri , akan tetapi dibarengi oleh orangtua lelaki bersama keluarganya. Demikian pula pihak cewek yang ditanyaan,rempeg bersama keluarganya. Dalam acara ngalamar,setelah pahet jinisna (awewena) daeken,selalu dilanjutkan oleh menentukan waktunya acara pernikahan,hari apa,tanggal seberapa,jsb.

Dalam waktu yang sudah pahet ditangtuken tea,pihak keluarga calon panganten lelaki datang kepada keluarga calon panganten cewek. Kehadirannya bari barangbawa,mawa barang buat maskawin bersama pakean kayaning baju , kain panjang,jsb. Buat calon panganten cewek.

Calon panganten lelaki lanjut diserenken oleh kolotna atau oleh yang ngawakilanana kepada pihak keluarga calon panganten cewek dipersilakan ditikahken. Itu sebabnya ini acara teh disebutnya penyerahan,yakni menceraikan atau nyerenken calon panganten lelaki tea.

Berakhir penyerahan,barusaja calon panganten teh ditikahken oleh kolotna calon panganten cewek di harepen naib bersama para saksi. Ini acara disebutnya akad nikah.

Berakhir akad nikah selalu dilanjutkan oleh sungkem. Panganten kedua-duanya sungkem kepada ibu ramana,sebagai tanda hormat kepada ibu bapak. Sudah demikian panganten selalu didiukken di panyaweran (di buruan),lanjut disawer oleh beras,kuning,jsb.

Diawur-awurken kepada kebenaran panganten. Sebelum didiukken dalam kursi panganten,selalu diselenggarakan hela acara buka pintu. Ada yang ngahariringken kidung,sebagai perlambang,panganten lelaki meminta izin akan masuk kepada kamar panganten cewek. Berakhir buka pintu,barusaja panganten sepasang didiukken dalam kursi,bagi terima pangwilujeng dari yang araya.