Surat & Undangan

4+ Undangan Walimatus Safar Ibadah Haji (Umroh) Bahasa Sunda

×

4+ Undangan Walimatus Safar Ibadah Haji (Umroh) Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Arti uleman dalam bahasa sunda yaitu undangan, yang dapat disampaikan secara lisan ataupun lewat tulisan yang biasanya melalui sebuah surat undangan. Uleman Walimatus safar ibadah haji (umroh) dalam bahasa sunda dibawah ini berisikan kata-kata yang dapat dituliskan dalam suatu undangan tersebut.

Safar dalam bahasa arab (سفر) artinya perjalanan atau bepergian, sehingga Walimatus safar sendiri dapat diartikan sebagai upacara atau acara yang biasanya diadakan oleh seseorang karena sebab akan melakukan sesuatu perjalanan suci atau umroh untuk menunaikan ibadah haji.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Contoh Kata-Kata Undangan Khitanan Bahasa Sunda

Contoh Uleman atau Undangan Walimatussafar Ibadah Haji (Umroh) Bahasa Sunda

Undangan Walimatussafar Ibadah Haji (Umroh) Bahasa Sunda

Dalam undangan atau uleman dalam bahasa sunda kali ini, basasunda.com akan menuliskan beberapa contoh kata-kata yang dapat dituliskan pada surat undangan Walimatus safar ibadah haji (umroh) dalam bahasa sunda, berikut adalah contoh-contohnya.

Contoh #1

ULEMAN WALIMATUS SAFAR IBADAH HAJI (UMROH)


Ciparigi, 09 November 2025

Kahatur nu Dipihormat:
Bapak/Ibu/Saderek
Di:

Assalamu’alaykum Warohmatullahi wabarokatuh..

Kalayan muji kanu Maha Suci, Dzat Illahi Robbi anu maparin mangpirang-pirang nikmat anu teu tiasa kawinci, Solawat kalih salam mugi dugi ka Kangjeng Nabi teu lali kakulawargi tur kanggo para ashabi, teu kalangkung kasadaya umat muslim anu nyekel pageuh kana agami. Hing kersaning para wargi.

Dina taun kiwari, manawi aya milik kalih nasib abdi, InsyaAllah simkuring LILIS HERAWATI seja ngaluuhan angkiran Gusti Allah nu Maha Suci, ngalaksanakeun ibadah Umroh. Luyu tur pinuji saupami sateuacan mios simkuring, nguriling mipir-mipir milari wargi, nyukcruk-nyukcruk maluruh dulur mapay- mapay ngalarat sadaya baraya, seja nepangan neda pi du’ana.

Nanging jalaran kusamporetna waktos mugia sadaya baraya kalih wargiluntur kalbu ikhlas manah kersa rurumpaheun nyumpingan kana pangankir simkuring dina acara walimatush Shafaar (Umroh).
Anu InsyaAllah bade dilaksanakeun dina :

Dinten: Sabtu
Kaping: 10 November 2025
Tabuh: 11.00 dugi ka rengsena
Tempat: Kp. Ciparigi Rt/Rw. 02/06 Desa. Sindangkerta Kec. Pagelaran Kab. Cianjur

Bungangan Bingah kacida bakal diraraoskeun kusimkuring, saupami sadaya baraya kalih para wargi ngestokeun rurumpaheun dina waktosna. Minangka Khotimah tina kedal kabingah simkuring ngahaturkeun timpah nuhun nukasuhun kana kasaean sadayana.

Jazaakumulloh khoiron katsiron.
Wassalamu’alaykum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Ciparigi, 09 November 2025
Baktos Simkuring

Lilis Hernawati

Contoh #2

UNDANGAN WALIMATUSSAFAR


GARUT, 20 SEPTEMBER 2025

Kahatur: Bapak/Ibu/Saderek
Di Bumi

Bismillahirrohmaanirrohim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillaahirobil ‘alaamin, hakekatna ti Gusti Alloh SWT, sare’atna ti Kanjeung SAW, sareung do’a para wargi sadaya, insya alloh pribados kalih pun bojo dina taun ayeuna bade ngalaksanakeun rukun islam nu ka-5 ibadah haji sareung umrohna”. Dumeuheus ku ieu serat, dina raraga tasyakur bini’mah walimatussafar, simkuring umajak ngahaturanan linggih ka para wargi sadaya insya alloh waktosna:

Dinten:
Kaping:
Tabuh:
Tempat:
Qori:
Mubalig:

Teu aya kajabi nu disuprih lintang disuhunkeun karna Alloh, kersa lungsur linggih dina waktosna. Sakanteunan jiyadah do’a na pamugi simkuring kalih pun bojo aya dina rahmat salamet sareung dijanteunkeun haji nu “mabrur-mabruroh”. Hatur nuhun, mudah-mudahan kasaean para wargi sadaya aya dina panampian Alloh SWT. Amin.

Walhamdulliahirobil’alaamin
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Baktos abdi :

Nami salira

Contoh #3

ULEMAN WALIMATUS SAFAR


Ahad, 19 Januari 2025

Kahatur: Bapak/Ibu/Saderek
Di Bumi

بسم الله الرحة الرجيم
السّلامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ

Mugia aya hibaring Gusti nu Maha Suci nibankeun kurnia kalayan maparin Rahmat, sim kuring sakulawargi ngagaduhan maksad ngayakeun Tahadduts Bin Ni’mah Walimatu- syafar anu dipatalikeun sareng acara Mauludan wirehing bade ngalaksanakeun ibadah umrah.

Kumargi kitu, sim kuring ngahaturanan linggih ka para wargi sadaya neda karena Alloh-na hoyong di pangdeudeulkeun ku do’a. Insya Alloh acara nu dimaksad bade di laksanakeun :

Dinten:
Waktos:
Tempat:
Mubaligh:

Hatur sewu nuhun, ku kersana sarumping nyumponan panganken simkuring, sareng rumojong do’a ka Allah Robbul Izzati mugi sing janteng amal soleh anu kenging imbalan ti Allah SWT.

و السَّلامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَهُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ

Ciparay, Ahad, 19 Januari 2025
Baktos Simkuring

Nami salira

Download Contoh Uleman Walimatus Safar Bahasa Sunda

Download File document Contoh Uleman Walimatus Safar Basa Sunda




Download (Via gogole drive)

Contoh #4

ULEMAN WALIMATUS SAFAR


Kahatur:
Bapak /Ibu /Saderek :
(Hapunten bilih aya kalepatan dina nyerat nami/gelar)

Jum’at, 16 Oktober 2025

Bismillahirrahmaanirrahiim
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Kalayan miharep ridho sareng maghfiroh Alloh Swt, sim kuring ngagaduhan maksad Tahadduts Bin Ni’mah, Tasyakur Walimatus Safar, wirehing bade ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima.

Kumargi kitu, sim kuring ngahaturanan linggih Bapa kalih Ibu sinareng Saderek sadayana neda karena Alloh-na hoyong dipangdeudeulkeun ku do’a. Insya Alloh waktosna bade dilaksanakeun :

Dinten : Jum’at, ping 16 Oktober 2025
Waktos : Ba’da Jumatan / tabuh 13.30 dugi ka rengse
Tempat : di rorompok, Kp. Sukagalih RT 04/12 (gedengeun STKIP – AMIK Garut)

Teu aya sanes nu disuhunkeun mung kasumpingan sareng pidu’ana mugia sim kuring dipasihan kasehatan lahir bathin, kakiatan, kalancaran, janten haji anu mabrur/mabruroh. Jazakumullohu khoiron katsiron.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Dayat/Imas

TITIPAN DO’A

Nami : ……
Seratkeun do’a anu dipimaksad, upami teu cekap, tiasa diserat di pengkereun kertas ieu. Lebetkeun kana kotak do’a nu tos disayogikeun, insya Alloh ku sim kuring di aoskeun di maqom ijabah.
1. ……
2. ……
3. ……
4. ……
5. ……

Baca juga: Contoh Kata Kata Undangan Pernikahan Bahasa Sunda Untuk Teman

Nah, mungkin itu saja beberapa contoh kata-kata yang dapat dituliskan pada surat undangan atau uleman pada acara walimatussafar ibadah haji (umroh) dalam bahasa sunda, semoga dapat bermanfaat dan terimakasih atas waktunya