TATAKRAMA URANG SUNDA

( JUDUL: BUDAYA TATAKRAMA URANG SUNDA )

 

Contoh artikel tentang kebudayaan di jawa barat. JUDUL: BUDAYA TATAKRAMA URANG SUNDA
Foto: @google images

Hidep tangtu kungsi ngadenge istilah budaya tatakrama. Geuning sok aya nu nyarita “Kudu boga Tatakrama atuh ari hayang diajenan ku batur mah.” Atawa, “Ih, jelema teh teu make tatakrama, ngomong bari tipoporongos kitu.” Naon ari tatakrama teh?

Tatakrama asalna tina basa Sangsekerta; tata hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina hormat. Jadi tatakrama teh aturan dina ngahormat atawa aturan sopan santun anu disaluyuan ku warga masarakat, pikeun silih ajenan jeung nu lian.

Unggal bangsa atawa suku bangsa ngabogaan tatakrama sewang-sewangan saluyu jeung tradisi budaya sarta ajen moral anu dianutna. Urang Sunda tangtu wae boga budaya tatakrama anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda. Ieu tatakrama teh ngawengku aturan dina anggah-ungguh (gerak anggota badan) jeung aturan dina omongan atawa basa anu digunakeun.

Budaya tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh upamana bae, cara sasalaman, cara diuk (awewe kudu emok, jsb), awak rengkuh lamun nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.

Aru nu patali jeung omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa, urang Sunda boga aturan anu husus, nyaeta undak-usuk basa. Undak-usuk basa teh tahapan atawa panta-pantana basa, atawa luhur-handapna ajen basa anu dilarapkeun saluyu jeung jalma anu diajak nyarita. Dina basa Sunda aya nu disebut basa lemes, basa sedeng (loma), jeung basa kasar.

Para ahli basa Sunda sapamadegan yen lahirna undak-usuk basa Sunda teh dipangaruhan ku basa Jawa sabada tanah Sunda utamana Priangan, kaereh ku Mataram dina abad ka-17. dina mangsa harita, para dalem jeung kaom menak Sunda mindeng ngayakeun hubungan, seba upeti jeung sajabana jeung kaom menak Jawa di Mataram. Eta hubungan sosial tuluy nimbulkeun ayana pangaruh budaya Jawa kana budaya urang.

Lain undak-usuk basa bae, tapi oge dina widang kasenian, nyaeta tembang guguritan (pupuh). Samemeh abad ka-17 dina basa Sunda henteu aya unda-usuk. Kabuktian dina naskah-naskah buhun saperti Carita Parahiyanan atawa Carita Ratu Pakuan anu ditulis dina abad ka-16, henteu ngagunakeun undak-usuk basa sakumaha anu kapanggih ku urang kiwari.

Sabada pangaruh Mataram beuki nyosok ka urang, undak-usuk beuki subur mangaruhan basa Sunda. Ceuk katerangan hasil panalungtikan Coolsma, ahli basa urang Walanda, aya 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar basa Sunda anu asalna tina basa Jawa, ngan cara makena sok dipacorokkeun.

Upamana bae kecap abot, anom, bobot, impen, lali, pungkur, sasih, jsb. anu dina basa Sunda lemes, ari dina basa Jawa mah kasar. Kitu deui, kecap beja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak, jsb. anu dina basa Sunda kasar, ari dina basa Jawa mah lemes.

Undak-usuk basa tuluy mekar saluyu jeung kamekaran jaman. Anu tadina ngan dipake keur ngahargaan ka kaom menak wungkul, ayeuna dipake ka saha bae anu sakuduna dihormat. Ieu parobahan utamana sanggeus nagara urang merdeka taun 1945.

Tepi ka danget ieu undak-usuk terus diparake urang Sunda, sabab geus gumulung jadi ajen-inajen, jadi tatakrama urang Sunda dina silih hormat jeung silih hargaan jeung nu lian. Minangka salah sahiji banda warisan budaya, undak-usuk basa ku urang kudu dipake dina kahirupan sapopoe.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com