Tarekah Nyegah Urbanisasi

Pangwangunan di padesaan kacida pentingna pikeun nyegah urbanisasi. Nagara urang kaasup nagara anu terus mekar jumlah pendudukna. Dina taun 2003, jumlah penduduk nagara urang geus leuwih ti 200 juta jiwa.

Upama henteu ditarekahan ku pamarentah, ieu jumlah penduduj teh tangtu bakal jadi ancaman. Pangna kitu lantaran beuki loba penduduk di hiji nagara, beuki gede bangbaluh ekonomi eta nagara.


Padesan kudu jadi puseur-puseur kagiatan ekonomi upamana bae ku cara ngawangun industri atawa pabrik, utamana di daerah anu pendudukna saeutik. Ku cara kitu urang desa moal harayang neangan pagawean ka kota, lantaran di lemburna geus nyampak.

Ari anu jadi reregedna, tepi ka ayeuna langka keneh jalma-jalma anu baroga modal daek ngadegkeun pabrik di padesan. Alesanana, industri di padesan merlukeun biaya transportasi anu teu saeutik, sabab tempatna kawilang jauh ti sumber-sumber ekonomi sejenna.

Anu jadi bangbaluh di nagara urang nyaeta kamekaran jumlah penduduk anu hese diungkulanana. Sanajan geus diayakeun program Keluarga Berencana, tapi jumlah penduduk terus nyeak ti waktu ka waktu.

Balukar tina jumlah penduduk anu terus nambahan teh nyaeta ayana urbanisasi, pindahna penduduk ti desa ka kota. Ari anu ngalantarankeun urbanisasi, nyaeta beuki heureutna lahan pagawean di desa sarta beuki lobana lahan pagawean di kota-kota.

Antukna urang padesan ti waktu ka waktu terus merul ngadon digarawe di kota, digarawe di pabrik-pabrik. Balukarna beuki loba rahayat anu jadi buruh pabrik tibatan anu jadi patani. Eukeur mah lahan pertanian beuki ngaheureutan, katurug-turug anu daraek tani beuki ngurangan. Tangtu wae lamun hasil pertanian di nagara urang jadi beuki nyirorot ti taun ka taun.

Pikeun nyegah urbanisasi, pamarentah geus ngayakeun rupa-rupa tarekah, upamana bae ngayakeun program transmigrasi, nyaeta mindahkeun penduduk ti hiji pulo anu kawilang gegek (Jawa jeung Bali) ka pulo anu kawilang kosong (Sumatera jeung Kalimantan).

Salian ti transmigrasi, pamarentah geus ngayakeun rupa-rupa tarekah sangkan penduduk teu parindah ka kota. Eta tarekah teh diantarana; ngamekarkeun kota jeung ngamekarkeun pangwangunan di padesan.