HASIL TATANEN

NGARONJATKEUN HASIL TATANEN
Contoh 1: Artikel bahasa sunda tentang lingkungan
Foto: @google images

Jumlah penduduk nagara urang terus nambahan. Atuh kabutuhan kana barang poko oge terus ngaronjat, upamana bae kabutuh masarakat kana beas. Tapi di sisi sejenna loba pasualan anu henteu ngarojong kana ngaronjatna hasil tatanen.

Contona, ku mekarna industrialisasi, lahan tatanen jadi ngurangan lantaran kacontang ku areal industri, utamana di wilayah pantura, Karawang jeung Bekasi. Ku sabab lahan tatanen beuki heureut, tangtu bae pangaruhna hasil tatanen jadi beuki ngurangan.

Lantaran beas jadi kadaharan poko bangsa urang, kacida perluna pamarentah ngaronjatkeun produksi pare. Nepi ka kiwari nagara urang can bisa nyumponan kabutuh pare nasional. Buktina, masih keneh ngimpor beas ti nagara sejen, upamana bae ti Vietnam jeung Thailand. Padahal samemehna mah, nagara urang bisa ngekspor beas ka nagara deungeun.

Sangkan produksi pare urang bisa ngaronjat, pamarentah sawadina nalingakeun sarta aktif ngarojong widang pertnian. Salila ieu para patani ngokolakeun tatanen teh loba anu tradisional keneh, sahayuna. Ieu teh balukar tina kurangna perhatian pamarentah.

 

Tapi umumna tatanen anu dipigawe di urang teh aya dua rupa.Aya nu ngolah sawah irigasi, aya oge nu ngolah sawah tadah hujan. Tatanen di sawah tadah hujan mah ngan bisa dilaksanakeun dina usum hujan, lantaran sistim pangairanana gumantung kana cai hujan.

Tatanen model jieu nganukur ngahasilkeun sakali panen dina jero sataun teh. Keur panyelang biasana para patani melak palawija, kayaning kacang, jagong, tomat, cabe, samangka, atawa hui. Salian ti eta, sawah tadah hujan mah biasana henteu ngabogaan sistim pangairan anu puguh. Beda jeung sawah anu make pangairan irigasi.

Nu matak hasilna oge leuwih undak, lantaran teu gumantung kana cai hujan. Cai biasana ngocor ngaliwatan irigasi ti bendungan-bendungan.
Sangkan hasil tatanen di nagara urang bisa ngaronjat, tarekah anu bisa dipigawe di antarana;

1) Pikeun ngungkulan heureutna lahan, kudu diayakeun program ekstensifikasi pertanian. Ieu program teh ngusahakeun nyieun lahan-lahan tatanen anyar di daerah-daerah nu lahanna lega.

2) Kudu diayakeun intensifikasi pertanian, nyaeta ngaronjatkeun produksi di lahan nu angger. Ieu tarekah teh ngawengku: ngolah lahan kalawan optimal, ngatur sistim cai, milih bibit unggul, milih gemuk anu luyu, sarta ngabasmi hama. Anu dipiharep sangkan mangsa panen nu tadina ukur sataun sakali, bisa jadi tilu kali panen.

3) Ngayakeun tumpangsari, nyaeta ngamangpaatkeun lahan tatanen ku cara dipelakan rupa-rupa pepelakan, sayuran, jeung sajabana.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com