Situs Ayar Batu Pasanggrahan
Situs anu hiji ieu mah mimiti kapaluruhna ti narasumber, Guru Gunawan di salah sahiji sakolaan di Sumedang. Kitu nurutkeun Tim Penulis nu dipupuhuan ku Prof. Dr. Nina Herlina Lubis Ketua MSI Jabar dina dinten senen 02 maret 2019.
Data awal kapendakna ku para panaliti tina Compact Disc nu eusina tetela potret-potret hiji pasir jeung batu-batu alamna nu keur dieksploitasi ku hiji pausahaan. Pasirna ngajegir di Selareuma Desa Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan, sisi jalan raya beulah katuhu kira 300 meter sabada SPBU Samoja.
Saenyana ari ngalianana mah geus rada lila, tina batu-batu anu kakali, batu-batu alamna teh ukuran panjang kurang leuwih 2 meter, sisi 40 sentimeter. Tina potret-potret katingali yen ieu paesan ngandung rupa-rupa batu.
Di antarana pilar-pilar batu nu rek sarua jeung menhir. Tapi sanajan kitu, hiji menhir teh batu alam nu geus diolah ku manusa keur rupa-rupa kapereluan upacara, boh nu aya tumalina jeung wangunan teras umpak, boh menhir anu mandiri nu ngalengkepan altar batu.
Dina kasus kieu bisa dikaji ulang, naha di tempat ieu teh aya situs nu corakna megalitik sejen jeung batu-batu nu susunanna sarua jeung batu-batu alam nu saperti tadi, turta salila ieu dikaramatkeun ku rayat sabudeureunana.
Upama bener kitu, bisa jadi ieu kawasan jadi sumber batu-batu nu nyusun wawangunan teras umpak. Atawa upama kapanggih paparabotan tina batu, ku kituna bisa jadi ieu pasir memang bengkel tina hiji situs nu corakna megalitik.
Dina hal ieu perelu dilakukeun panalitian nu leuwih jero deui pikeun nangtukeun naha ieu pasir teh bener situs atawa lain. Lian ti kitu, dilaporkeun oge ayana batu korsi di Dusun Pasir Peti. Kelurahan Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan.
Nurutkeun Sumber lisan disebutkeun yen Batu Korsi, sanajan bentukna jiga korsi, tapi teu bisa didiukan ku manusa jeung diliwatan ku sasatoan. Upama aya anu ngadiukan, jalma anu ngadiukanana moal bisa nangtung deui. Kitu deui sasatoan nu ngaliwat ka luhureunana, bakal labuh.
sumber referensi: google.com