Garong Pinter Page #2

Di jero imah, ibu RT ngaharewos  jeung noelan ka pa rtna.

Bu RT : Bapa, itu kosna aya tamu, saha nya wengi-wengi kieu???
Pa RT : Mmmm.. Engke bae atuh Bu, isukan ge pan bisa keneh.. Bapa geus teu kuat tunduh.. (Bari sare deui)

Bu RT : Ehh ari Bapa, dangukeun gera aya nu keketok, nya ngajorowok deuih. si Bapa mah sok kamana wae.
Pa RT : Wahh.. enya geningan, hayu atuh urang sampeurkeun, ari sugan teh ibu ngajakan ANU..??? Hehee!

Teu kungsi lila, Pa RT make sarung jeng kopeah meleteng, ngingkig muka konci panto.

Pa RT : Aya naraon ieu teh? ngagaranggu kanu sare wae? (Bari semu tunduh)
Hansip : Lapoor pa.. Simkuring parantos kengeng garong pa, dua urang ieu teh bade dikumahakeun ayena pa?
Pa RT : Sok kajero heula weh jeung maraneh urang rundingkeun.. Kela sakeudeung . . (Bari asup hela sakedeng) Bu. . bade aya tamu, gera di acuk heula (bari rada tarik ngomongna)

Nah, sageus kitu nu limaan tadi asup ka jero imah, bari ngarundingkeun..

Pa RT : Cing sok, Sip. Caritakeun kumaha mimitina ieu teh?
Hansip : Kieu pa, tadi simkuring sareng rerencangan ronda nguriling kampung. Aya nu kekeresekan, ku simkuring diteang, tah ieu nu 2-an teh anu dibawa. Mangga weh teu langkung Pa RT bade dikumahakeuna ayena??!

Si garong nu duaan sing galaleumpeur, Pa RT langsung nanyaan ka dua urang eta.


Pa RT : Naha bener ari maraneh teh garong tea??
Jojon : Sanes pa, abdi mah sanes garong. Piraku garong ganteng kieu?? duka Pa anu di gigireun abdi mah da geningan nyandak karung (bari sora handap asor)
Arul : Ehhh.. Pa punten ngiring cumarios, piraku pa garong ngaku? da pasti sieuneun ngaku mah Pa.
Jojon  : Eleuh eleuh, wani-wani na eta pituduh ka kuring (bari molototan), punten Pa, abdi mah da di piwarang ku manehna kieu oge pa.

Arul : Iraha kuring nitah ka maneh??
Jojon : Apanan… (Pa RT langsung motong caritaan)
Pa RT : Ahh tong ribut didieu atuh! . . nu mana ieu teh atuh garongna?

Jojon : Punten pa sanes kirang sopan, kumaha Pa lamun abdi ijin heula bade ka Pangadilan supados Bapa teu ka ganggu, komo wengi-wengi kieu. Mun tos puguh garong na, abdi duan kadieu deui! (Bari mawa karung)
Pa RT  : Tah kitu atuh alus! Sok indit heula, ke lamun geus puguh karak balik deui nya..??

Si arul jeung jojon kaluar ti Imah Pa RT, diluar manehana bari ngararobrol.

Arul : Jon, ari maneh teh dadi nanaonan molototan ka kuring di jero Imah pa RT? Keuheul?
Jojon : Ehhh kuring mah kitu soteh ekting wungkul, pan ayeuna urang bisa kabur.
Arul : Euh heeuh nya, alus lah otak maneh encer jon.

Dua garong eta kalalabur, suasana di imah pa RT ngadaragoan garong sapeutingan jeput malah mah neupi ka isuk tapi eweh datang deui, sihoreng teh nyadar yen garong teh geus nipu maranehana.

# RENGSE

Amanat Drama:
Tina drama ieu, tiasa di candak kacindekan yen dijaman ayeuna urang kedah ningkatkeun kaamanan diwewengkon masing-masing sangkan lewih aman kahareupna. Pikeun barudak sakola hayu urang lewih rajin diajar, beh ulah gampil dibobodo kubatur salian eta supardos urang lewih pinter tangtuna..

 

2 of 2 NEXT >>