Pamarentah cianjur ngahimbau wargina sangkan lewih waspada kana bahaya longsor jeung banjir

Assalamu’alaikum wr.wb
Wilujeung patepang deui sareng simabdi irma nurmalia, dina acara warta sunda.

 

Usum hujan dina taun 2017 ieu, atos di mimitian ti awal bulan november kapungkur. Pamarentah cianjur tos ngawanti–wanti wargina sangkan salawasna tiasa lewih waspada tina usum hujan ditaun ayena.

Bupati cianjur masihan amanat ka sadaya warga terutami anu nyicingan dipadumukan sisir gawir sarta di sisi hawangan salawasna kudu tiasa lewih ati-ati kana bahaya longsor jeung banjir dibulan desember 2017 ayena.

Sabab, datangna musibah teu tiasa urang duga-duga. Ku kituna, sadaya wargi cianjur nu aya di wilayah padumukan sisir gawir jeung di sisi hawangan kedah ningkatkeun kawaspadaana.

Pamarentah tos ngalaksanakeun tarekah kasadaya wargi sangkan kudu lewih waspada kana musibah banjir jeung longsor ditaun ayena.

sakitu warta singket anu tiasa kasanggakeun ti simabdi. Wilujeung patepang deui dina warta anu bakal dongkap. Wassalamualaikum wr.wb