Nadhom Sunda Anak Adam

Anak adam di dunya ayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia téh moal lila
Anak adam umur anjeun téh ngurangan
Saban poé saban peuting di centangan

Anak adam paéh anjeun teu nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paéh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boéh anu dibawa

Anak adam pasaran teu lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan
Anak adam ayeuna kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ema abdi keueung
Rup kapandang rup ku taneuh abdi sieun
Anak adam di kubur téh poék pisan
Nu nyaangan di jéro kubur téh maca quran.