Maca Warta dina Acara Penyiar Radio

Assalamualaikum Wilujeng enjing sadaya pandangu satia radio “Sobat Muda” di 95.0 FM Bandung. Patepang deui sareng simkuring… dina acara “Siaga Musik” dina tabuh 07.00 dugi ka tabuh 10.00 engkin.

Dina acara ieu ogé abdi badé ngadugikeun warta-warta sunda anu panganyarna sateuacan midangkeun lagu-lagu hits anu baris nyieun enjing sobat muda sakalian tetep sumanget.

Ayeuna pikeun ngawitan dina acara ieu simkuring badé mindangkeun hiji lagu husus pikeun sobat muda sakalian, nu judulna… wilujeng ngaregepkeun!

(Lagu)

Kumaha saparantos ngadangukeun lagu tadi, tangtu sobat langkung sumanget kanggo beraktifitas kan? Ayeuna simkuring badé ngabacakeun warta-warta nu pang anyarna:

(Maca Warta Sunda) ….

Nah, ayeuna sakumaha biasana, simkuring badé muka heula layanan télépon bilih sobat muda sadayana aya nu rék “ngarequest lagu” lagu-lagu hits jeung ngintunkeun salam-salam ka rerencangan, saderek, emak, bapa, atawa ka kabobogohna supados sumangat ngajalankeun aktifitas dina poé ieu.

Sumangga pikeun sobat muda anu rék “request” jeung ngintunkeun salam tiasa nga WhatsApp ka nomer 0804-5083-555. Mangga diantos ku abdi..

(Télépon jeung Mindangkeun Lagu)

Panutup acara

Sobat muda sadayana, teu karasa simkuring téh parantos ngudara dugi ka tabuh 10.00. Kumargi kitu kanggo samentawis acara ieu, abdi badé mindangkeun hiji lagu pamungkas pikeun sobat muda sadayana.

Kapayun, urang sambung deui enjing saréng simkuring… dina waktos sareng acara nu sami nya éta “Siaga Musik”. Tetep sumanget, wilujeng beraktifitas! Hatur nuhun! Wassalamualaikum wr, wb.