Maca Carita Pantun Gantangan Wangi Basa Sunda

Diposting pada

Kacaritakeun Raden Gantangan Wangi Mangkunagara, nu mangrupakeun putra ti raja pakuan pajajaran nyaeta Prabu Siliwangi, gaduh maksad rek ngalamar Enden cinta wati, nu mangrupakeun adina ti patih Jayanagara. Pamaksadan eta teh ditepikeun ku bapana, nya atuh di estukeun pisan ku prabu siliwangi. Gantangan wangi tuluy miang ka Ngara Tilu Kuta Emas pikeun nyumponan pamaksadan eta teh. Pangalamar Gantangan wangi gasik ditarima, tuluy di dahupkeun ka Enden Cinta Wati.

Carita Pantun Gantangan Wangi Basa Sunda

Ka kocapkeun aya hiji nagara, Kuta Nusa Balitung, dipingpin ku raja Gem pur Alam. Eta raja téh boga adi tilu, nyaéta Rangga Sakti Mandraguna, Rang ga Kamasan, jeung Andon Kancana. Cék pituduh dangiang nagara, sangkan éta nagara salamet mangka kudu diparépéhan ku pangantén Gantangan Wangi-Gintawati Sangkan éta pamaksudanana téa tinekanan, nya Rangga Sakti jeung Rangga Kancana dijurungan pikeun ngiwat Cintawati ti nagara Gunung Tilu Kuta Emas, tuluy dibawa ka nagara Kuta Nusa Balitung.

Sanggeus saged sagalana, éta adi-lanceuk téh tuluy miang. Barang tepi ka nagara Gunung Tilu Kuta Emas, duanana salin rupa ganti jinis. Rangga Kamasan jadi kuda, tapi lampahna kanyahoan mantén ku Jayanagara. Rang ga Kamasan tuluy diusir. Ari Rangga Sakti salin rupa jadi Gantang Pakuan, nyaéta lanceuk teges Gantangan Wangi. Rangga Sakti dina wujud Gantang Pakuan ménta ka Jayanagara sang kan Gantangan Wangi mulang heula ka Pajajaran, lantaran indungna hayan geun panggih.

Éta paménta téh ditampik ku Jayanagara, sabab nagara keur walurat. Sangkan teu bongkor teuing, jeung sangkan indungna teu kuciwae un, antukna Cintawati anu dipasrahkeun ka Rangga Sakti, dijurungan sina mulang. Atuh éta pisan nu dipiharep ku Patih Rangga Kamasan jeung Rang ga Sakti téh.

Kacatur Anak Prabu Siliwangi téh aya lima urang. Nu cikal nyaéta Radén Jaka Mangundra Prabu Guru Gantangan, nu kadua prabu Gantang Pakuan, nu katilu Raden Gantang Nagara, nu kaopat Gantangan Wangi, jeung nu kalima Raden Meumeut Raden Ameut nu keur tatapa. Ari nu nampa kalungguhan dina pamaréntahan nyaéta anak nu cikal, Raden Jaka Mangundra Prabu Gantangan.

Ayeuna pupulih deui. Ayeuna pupulih deui. Geus leuwih ti sabulan Cintawati ninggalkeun nagara Gunung Tilu Kuta Emas. Nya alatan éta, Jayanagara nyusul Cintawati ka Pajajaran. Satepina di Pajajaran, Jayanagara nangtang ka sapangeusi Pajajaran, kitu deui ka Prabu Siliwangi Gantang Pakuan dituduh geus ngarumpak jangji. Gantang Pakuan geuwat nepungan Jayanagara nu keur ngamuk, tu luy kalawan ati-ati nanyakeun naon pangna Jayanagara ngamuk.

Tapi éta pananya téh teu bisa ngalelerkeun amarah Jayanagara. Jayanagara angger nuduh yén Gantang Pakuan geus ngahina dirina jeung nagarana. Antukna duanana patelak Raden Meumeut Raden Ameut nu geus réngsé tatapa mampuh ngeure unkeun patelakna Jayanagara jeung Gantang Pakuan. Radén Meumeut nyebutkeun sing saha nu salah upama ditiup ku anjeunna bakal labuh ngudupruk teu walakaya. Jayanagara ahirna ngaku yén dirina nu salah téh, lantaran nyangka ka jalma nu can tangtu salah. Tuluy Jayanagara neda pituduh ka Raden Meumeut Raden Ameut.

Raden Meumeut ngaluarkeun jimatna, gambar Lopian. Tina éta jimat katingali yén Cintawati keur aya di nagara Nusa Balitung pikeun dibeule um, dijadikeun parépéh (tumbal) nagara. Geus ningali kitu mah, Jayanagara ménta pitulung ti Gantangan Wangi pikeun ngarebut deui Cintawati ti na gara Nusa Balitung. Ku Gantangan Wangi disatujuan. Nya jung baé Jayana gara ka Nusa Balitung, dibaturan ku Gantang Pakuan. Sanggeus duanana tepi di nagara Nusa Balitung, sakabéh rahayat geus dikumpulkeun di sabudeureun alun-alun Cintawati sakeudeung deui rék dibeuleum.

Kalawan maké aji halimunan, Gantang Pakuan jeung Jayanaga ra bisa nepi di alun-alun Pangtaruman bari teu kanyahoan ku sasaha Saban seuneu dihurungkeun ku Rangga Sakti, sok tuluy pareum deui ku kasaktian Gantang Pakuan. Tuluy kitu nepi ka opat kali, kalimana bisa hurung da di antepkeun ku Gantang Pakuan Gantang Pakuan jeung Jayanagara asup ka tengah-tengah gundukan suluh nu rék dibeuleum. Duanana siap nyanggap Cintawati upama eng ké dialungkeun kana seuneu.

Barang Cintawati dialungkeun, Gantang Pa kuan nyanggap Cintawati, tuluy diasupkeun kana cupumanik. Cintawati salamet. Hanjakal, sanggeus turun tina seuneu kanyahoan ku Patih Rang ga Sakti jeung Patih Rangga Kamasan. Tapi Patih Rangga sakti jeung Patih Rangga Kamasan bisa ditewak ku Gantang Pakuan jeung Jayanagara, tuluy digebruskeun kana seuneu. Rahayat nu ningali éta kajadian birat lalumpatan lantaran sarieuneun. Prabu Gempur Alam jeung dua patihna teu tulus tiwas dibeuleum.

Seuneuna bisa dipareuman ku kasaktianana. Tuluy tiluanana perang ngala wan Gantang Pakuan jeung Patih Jayanagara. Sanggeus sawatara lila perang campuh, ahirna Prabu Gempur alam jeung dua patihna taraluk, serah bong kokan. Nagara Nusa Balitung katut pangeusina dipasrahkeun ka Gantang Pakuan.

Ahirna Nagara Gunung Tilu Kuta Emas jadi leuwih lega, sabab ditambahan ku nagara Nusa Balitung.Tuluy nagara ngayakeun hajat rong kah sabab ditambahan ku nagara Nusa Balitung. Tuluy nagara ngayakeun hajat rong kah kalawan suka bungah.

Sumber:
(Diropéa tina ringkesan Carita Gantangan Wangi, beunang Ajip Rosidi, 1973)