40+ Soal dan Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 SD

Dibawah ini adalah contoh soal uas bahasa sunda kelas 4 sd kurikulum 2013. Soal basa sunda kelas 4 ini sudah dilengkapi dengan kunci jawabannya. Soal-soal tersebut, diantaranya ada 20 soal pilihan ganda, dan 20 soal essay yang semuanya sudah disediakan kunci jawabnnya yang terdapat di akhir artikel ini, selamat belajar. Good luck!

Indeks
  1. Soal dan Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Sd
    1. NASKAH SOAL BAHASA SUNDA PRA – US KELAS 4 Kurikulum 2013
    2. II. SOAL ESSAY BASA SUNDA KELAS VI

Soal dan Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Sd

Soal dan Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Sd

NASKAH SOAL BAHASA SUNDA PRA – US KELAS 4 Kurikulum 2013

Mundinglaya Dikusumah

Kacarioskeun di Nagara Pajajaran. Nagara nu sugih mukti. Rajana katelah Prabu Siliwangi. Raja Pajajaran nu adil palamarta. Prabu Siliwangi kagungan putra anu pohara kasépna, jenenganana Mundinglaya Dikusumah. Ti aalit kénéh tos dijodokeun ka Déwi Asri. Déwi Asri téh putrana Nyi Gambir Wangi ti Nagara Muara Bérés.

Déwi Asri kakoncara kugeulisanana sarta nyaah ka sasama. Mundinglaya Dikusumah ti aalit kénéh dirorok ku Prabu Guru Gantangan, urang Nagara Kuta Barang. Pasipatan Mundinglaya mah parantos katingal, jabi ti rupi kasép téh, gagah deui. Ku margi kitu, Prabu Guru Gantangan ngaraos salempang. Sieun kakawasaanana direbut ku Mundinglaya. Antukna Mundinglaya Dikusuma diterebkeun ku Prabu Guru Gantangan ka Leuwi Sipatahunan.

Hiji wengi Déwi Padmawati, ibuna Mundinglaya, ngimpén kénging lalayang Salaka Domas ti Jabaning Langit. Ari éta lalayangan téh kagungan Guriang Tujuh. Mangpaatna tina éta lalayangan téh, tiasa dianggo numbal nagara Pajajaran tina segala Katunggaraan. Éta impénan téh didugikeun ka Prabu Siliwangi.

Sabada ngadangu kitu, Prabu Siliwangi énggal maréntahkeun ponggawana supados nyandak Lalayang Salaka Domas nu kaimpénkeun ku Déwi Padmawati téa. Namung para patuh sareng sadayana ponggawa raja teu aya nu sanggemeun ngalawan ka Guriyang Tujuh. Atuh Prabu Siliwangi bendueun pisan. Ahirna Déwi Padmawati ketempuhan kedah nyandak éta lalayang ka Jabaning Langit.

Anjeunna angkat seja nepangan putrana, nyaéta Mundinglaya Dikusumah di Nagara Kuta Barang. Sadugina ka Nagara Kuta Barang, kasampak Mundinglaya aya di penjara beusi jero leuwi Sipatahunan. Énggal wé Munidinglaya téh dibébaskeun. Salajengna Mundinglaya angkat ka Jabaning Langit seja ngelaksanakeun pamundut nu janten ramana, nyandak Lalayang Salaka Domas téa.

Angkatna di sarengan ku gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung. Dua ponggawa Pajajaran nu sakti teu aya tandinganana. Di Jabaning Langit, Mundinglaya perang sareng Yaksa Mayuta, Jongrang Kalapitung, katut Guriyang Tujuh. Éta buta-buta téh sedayana taluk ka Mundinglaya. Samulihna ti Jabaning Langit, Mundinglya énggal nepangan ramana di nagara Pajajaran.

Lalayang Salaka Domas téa disanggahkeun ka Prabu Siliwangi. Ramana kacida bingaheunana. Salajengna, Mundinglaya tikahkeun ka Déwi Asri. Sabada nikah, Mundinglaya Dikusumah diistrénan janten raja di Pajajaran, ngagentos ramana Prabu Siliwangi.

I. Cakraan ( x ) dina aksara a, b, c atanapi d dina jawaban nu pangbenerna !

1. Judul bacaan tiluhur nyaéta . . .

a. Raja Pajajaran
b. Prabu Siliwangi
c. Mundinglaya Dikusumah
d. Déwi Patmawati

2. Saha Prabu Siliwangi téh . . .
a. Raja Pajajaran
b. Raja Singosari
c. Raja Muara Beres
d. Raja Kediri

3. Jenenganana garwa Prabu Siliwangi nyaéta . . .
a. Déwi Padmawati
b. Déwi Sri
c. Déwi Banowati
d. Nyi Gambir Wangi

4. Kalimah utama dina paragraph ka opat nyaéta . . .
a. Ari éta lalayangan téh Kagungan Guriang Tujuh
b. Hiji wengi Déwi Padmawati, ibuna Mundinglaya, ngimpen kénging Lalayangan Salaka Domas ti Jabaning Langit
c. Éta impénan téh didugikeun ka Prabu Siliwangi
d. Mangpaatna tina éta Lalayangan téh, tiasa dianggo tumbal nagara Pajajaran

5. Rék naon Mundinglaya ka Muara Beres . . .
a. Nyandak Lalayang Salaka Domas
b. Nepangan Guru Gantangan
c. Perang sareng Guriang Tujuh
d. Nepangan Déwi Asri calon garwana

6. Pek, anggeuskeun rarakitan di handap ieu !

Hampelas raraga jati
Palataran babalean
. . . . . . . . . .
. . . . . . . . . . .

a. Ikhlas raga sareng Pati, ngabélaan kasaéan
b. Kamana néangan jangji, sakieu panas haténa
c. Kapan abdi ménta jangji, kunaon teu di pikiran
d. Saha éta murid kumis, leumpangna uendeuk-eundeukan

7. Anggeuskeun paribasa dihandap ieu !

Asa kagunturan madu, kaurugan . . .

a. Menyan putih
b.Taneuh beureum
c. Taneuh rugrug
d. Menyan ka manggung

8. Data :
NASKAH SOAL BAHASA SUNDA UAS KELAS 4
1. Jalan wahidin 15 Cirebon
2. Islam
3. Rizky Aditya
4. SD
5. Cirebon, 25 Januari 1998

Upami data di eusikeun kana daftar riwayat hidup anu marénah nyaéta . . . .
a. 2 – 4 – 5 – 3 – 1
b. 3 – 2 – 4 – 1 – 5
c. 3 – 5 – 4 – 2 – 1
d. 4 – 3 – 2 – 1 – 5

9. Pupuh dihandap ieu ngabogaan watek

Pupuh Wirangrong
Duh ibu hapunten abdi
Rumaos kadalon-dalon
Disakola teu junun
Diajarna bari ulin
Tungtungna kénging wiwirang
Te nana ujian gagal

a. Kadalon-dalon
b. Sedih
c. Meunang wiwirang
d. Kaget éling

10. Pupuh wiringrong diwangun ku . . .

a. 7
b. 8
c. 6
d. 5

11. Dinten ieu langit cangra, panon poé taya tédéng aling-aling hawa angkeub ti koro garing halabhab pisan. Kecap sabalikna ( antonim ) dina kecap halabhab nyaéta . . .

a. Tedeng aling-aling
b. Hanaang
c. Cangra
d. Hareudang

12. Kusabab sok ngawurukan ngaji, kang Arip sok disebut . . .

a. Wali
b.Ustadz
c. Kepala SD
d. Nabi

13. Mana kalimah nu ieusina nasihat ?

a. “Cik ujang, Ema pangmeulikeun minyak saléter mah !”
b. “Urang hirup di dunia téh kudu akur jeung batur “
c. “Angga budak akuran ka batur”
d. “Budak éta mah musuhna mani loba”

14. Lamun te usaha moal aya dahareun atawa rezeki sarua hartina jeung paribasa . . .

a. Lodong kosong ngelentrung
b. Puasa manggi lebaraan
c. Kudu leuleus jeurjeur liat tali
d. mun teu akal moal ngakel

15. Komat nyaéta pang ngajak supaya prak solat sebada adzan. Kecap saharti sinonim tina kecap sabada nyaéta . . .
a. Seméméhna
b. Sateuacana
c. Sabalikna
d. Saparantosna

16. Hadirin sadayana. Acara paturai tineng téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadyana. Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga-muga waé amal kasayan ibu miwah bapa guru kenging ganjaran anu satimpal.

Saha nu ngabiantara dina wacana diluhur téh!
a. Wakil Murid
b. Wakil Guru
c. Kepala Sekola
d. Para Siswa

17. Dina acara naon pantesna eta biantara téh di pedalkeun . . .
a. Tepung taun ibu/bapa guru
b. Paturai tineung siswa kelas VI
c. Wali matussyafar
d. syukuran nu di sunatan

18. Kacelik ka awan-awan .... ka jona pria. (kecap rundayan anu marenah pikeun ngeusian titik nyaéta)

a. Kalimpudan
b. Kahieuman
c. Kakoncara
d. Katutupan

19. Buah Semangka disebut buat kendi, sebab . . .

a. Bauna seungit
b. Sikina bisa dijien kuaci
c. Kandungan caina
d. koneng umyang

20. Desekripsi gambar anu tepat nyaéta . . .

a. Abdi seueur manpaatna kanggo ngiuhan tina panas panon poé ngalindungan tina hujan
b. Abdi dianggo nyimbutan waktos nuju nirisan
c. Abdi sok digunakeun pikeun ngiyuhan waktoas panas morérét, sareng hujan
d. Abdi di damelna tina lawon kanggo nyegah lebet angin

II. SOAL ESSAY BASA SUNDA KELAS VI

Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban nu marenah

1. Kegiatan marhabanan, solawatan, dibaan dina bulan mulud pikeun miéling lahirna Nabi Muhammad SAW istilahna?

2. Wanci panon poé mimiti némbongan watara tabuh 05.30 – 06.00 disebut wanci?

3. Tempat nyimpeun barang purbakala disebutna?

4. Kecap angpau, kincau bapao, lio, capcay

Kecap-kecap ieu tos ilahar digunakeun ku urang sunda, saleresna mah éta téh kecap serepan tina basa?

5. Dar der dor, brang bring brong, trang tring trung, kalebet kana kecap rajekan?

6. Kecap “geulis” upami di rarangkeunan kurarangkén tengah um janten?

7. "Nok nani mani jiga careuh bulan diwedak téh kandel pisan." kalimat ieu ngagunakeun gaya basa?

8. “Aduh, ieu téh ngaburuy waé” Ngaburuy hartina ngandisuguhan?

9. Jalma tukang nyieun pakarang keris disebutna?

10. Anak kuda ngarana?

11. Indung mah tunggul rahayu, bapa tangkal?

12. Nu jadi ucing kudu néangan nu nyumpud, nu pang heulana beunang dadi ucing. Kaulinan ieu namina?

13. Kembang nu sok dianggo ngahias penganten nyaéta kembang?

14. Tauco ngandung protein, bahan dasar tauco téh tina?

15. “Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh” Ibu miwah bapa guru sami rawuh, sepuh-sepuh murid anu sami hadir, reréncangan sadaya nu saruka bungah

Contoh paragraph di luruhur ka asup kana bagian .... biantara

III. Pigawe panitah di handap ieu !

1. Jieun kalimah pagawéan tina kecap lumpat !
2. Susun kalimah di handap ieu sangkan jadi paragraph nu bener !
a. Lalucu pisan komo nubuluna warna bodas mah ku bapa sareng ema mah, anak
ucing téh disebutna bilatung
b. Unggal enjing sok eong-eongan, mani reang tapi dak resep
c. Minggu kamari, kucing abdi anakan
d. Anakna aya tilu, aya nu buluna bodas, coklat jeung hideung
3. Naon hartina paribasa: “teng manengteng anak merak kakuncungan“?
4. Jien kalimah langsung tina kalimah teu langsung di handap ieu !
“neng Rina nyarita yen manéhna teu hoyong papanggih deui jeung Iwan”
5. Jelaskeun naon hartina babasan “Lesang kuras“ ?

Daftar Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 SD Untuk Soal-Soal Diatas

1. C
2. A
3. A
4. B
5. D
6. A
7. A
8. C
9. C
10.C
11.B
12.B
13.B
14.D
15.D
16.A
17.B
18.C
19.C
20.C

II. Kunci Jawaban Esay Basa Sunda Kelas 4

1. Muludan
2. Meletek srengenge
3. Museum
4. Cina
5. Trilingga
6. Gumeulis
7. Lalandian, ( metafora)
8. Cai
9. Empu
10.Belo
11.Derajat
12.Ucing – ucingan
13.Melati
14.Kacang kedele
15.Bubuka

III. Kunci Jawaban Essay

1. Neng maya lumpat ka sakola mani balap pisan, sieun kaberangan
2. 3 – 4 – 1 – 2
3. Kalakuan kolot turun ka anak
4. Uing Rina nyarih, “Kuring teu hayang papanggih deui jeung iwan!“
5. Teu bisa nyesakeun rizki