Kesenian Tari RONGGÉNG GUNUNG

“Artikel Sunda”

RONGGÉNG GUNUNG

Kesenian Ronggeng Gunung
Sumber gambar: @wikipedia

Ronggéng Gunung mangrupakeun kasenian has Ciamis anu biasa dipintonkeun di buruan imah mun misalkeun aya karaméan kayaning mun aya nu hajat atawa ngawinkeun, nyunatan, upacara ngawuluku atawa melak paré, jeung lain sajabana. Lilana pintonan Ronggéng Gunung ieu kawilang lila, jalma anu miluan dina kelompok kasenian Ronggéng Gunung ieu biasana antara 6 tepi ka 10 urang, sanajan kitu osok ogé nginjem pamaén ti kelompok nu sejen.

Biasana silih injeum pamaén téh pikeun meunangkeun sindén lulugu, nyaéta awéwé anu umurna geus kolot, tapi hadé dina ngawihna. Sinden boga pancén midangkeun lagu-lagu nu geus ditangtukeun. Waditra anu digunakeun pikeun ngiringan tari Ronggéng Gunung nyaéta ketuk tilu siki, goong, jeung gendang. Pikeun jadi ronggéng dina jaman baheula mah henteu gampang kawas ayeuna.

Rupaning sarat kudu dicumponan di antarana pangawakan kudu hadé, puasa 40 poé anu bukana téh ukur ngadahar cau raja dua siki. Latihan napas pikeun ngahadéan sora, raga, jeung rohani, tur diaping ku ahlina. Lian ti éta wungkul, ilaharna pamaén ronggéng kudu taat kana aturan misalna teu meunang waka kawin, ku sabab kitu ronggéng téh kudu lanjang atawa randa. Kamekaran Ronggéng Gunung dina période 1904 tepi ka 1945 loba ngésér ajén-ajénna.

Upamana, cara ngahormat anu asalna mah neueulkeun leungeun kana dada, kiwari diganti ku sasalaman. Tungtungna cara sasalaman ieu loba disalah gunakeun, lalaki anu ngigelan ronggéng lain wungkul sasalaman tapi ogé tepi ka nyium, ngaragap babagian awak séjénna. Ku kituna, ku sabab teu saluyu jeung adat-istiadat, dina taun 1948 kasenian Ronggéng Gunung dilarang minton hareupeun umum.

Kakarak dina taun 1950 kasenian Ronggéng Gunung ieu dihirupkeun deui ku ayana parobahan, boh dina ngibingna, organisasina, nepi ka kamungkinan timbulna hal-hal négatif kudu bisa dicegah. Pikeun nyegah hal anu négatif ngeunaan Ronggéng Gunung ieu, dilarapkeun aturan-aturan anu ngalarang ayana kontak fisik langsung antara ronggéng jeung nu ngigelanana.

Sawatara adegan anu bisa ngajurus kana laku négatif saperti nyium atawa ngaragap ronggéng teu menang sama sakali. Aturan ieu téh diayakeun sangkan teu aya anggapan masarakat yén ronggéng idéntik jeung awéwé purah ngagoda lalaki.