Kecap wancahan dalam bahasa sunda adalah kata dari hasil pemendekkan, baik itu dari beberapa kata ataupun dari satu kata, akan tetapi pemendekan kata itu bukan dari suatu kalimatnya. Kecap wancahan termasuk kependekan kata yang berupa gabungan huruf atau suku kata (akronim) dan singkatan.
Ada beberapa sebab seseorang mengucapkan kata atau kecap wancahan ini, yakni agar cepat dalam penyebutannya atau untuk mempersingkat atau untuk meringkaskan suata kata, nah dibawah ini ada beberapa contoh-contoh kecap wancahan basa sunda tersebut.
Kecap wancahan nyaeta kecap nu asalna meunang mondokeun tina sakecap atawa leuwih, tapi lain tina kalimah. Kecap wancahan teh ka asup akronim jeung singgetan. Akronim téh nyaeta wancahan nu mangrupa gabungan tina sabaraha kecap atawa bagian kecap, nepi ka jadi sakecap. Contona “comro” akronim tina “oncom di jero” sedengken ari singgetan mah ngan dicokot tina aksara awal kecapna baé, tuluy digabungkeun, contona “RO” (baca: ér-o) wancahan tina “ranginang oyék”.
Aya sababaraha sabab digunakeuna kecap wancahan teh, nyaeta ku sabab:
[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]1. Deudeuh, contona kecap geulis = jadi lis, neulis, eulis.
2. Rusuh nyebutna (gancang) contona kecap “atuh da” jadi atuda, tuda
3. Keur ngaringkeskeun kecap kantétan, upamana SMA asalna Sekolah Menengah Atas[/asap_note]
Contoh Kecap Wancahan Bahasa Sunda
Kecap wancahan:
“Geulis” wancahana kecapna jadi Lis, neulis, eulis.
“Atuh da” wancahana kecapna jadi atuda, tuda.
“Sekolah Menengah Atas” wancahana kecapna jadi SMA
“Ustad Jefri” wancahana kecapna jadi Uje
“Undang-Undang Dasar” wancahana kecapna jadi UUD
“Atuh da” wancahana kecapnajadi atuda, tuda.
“Matak téa ogé” wancahana kecapna jadi taktagé.
“Ceuk uing ogé” wancahana kecapna jadi cekénggé.
“Sakola dasar” wancahana kecapna jadi SD. jjrd
Baca juga: 30+ Contoh Gaya Basa Mijalma (Personifikasi) dan Artinya!
Contoh Kecap Wancahan Lainya:
[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]1. amang << wancahan tina mamang
2. pa << wancahan tina bapa
3. comro << wancahan tina oncom dijero
4. dé << wancahan tina dédé
5. éntong << wancahan tina céntong
6. né << wancahan tina néné
7. nyi << wancahan tina nyai
8. poldés << wancahan tina polisi Desa
9. siskamling << wancahan tina sistem kaamanan keliling.[/asap_note]
“Jadi kecap wancahan merupakan kata yang terbentuk dengan cara mempersingkat kata atau meringkas kata dalam bahasa Sunda dengan cara mengambil suku kata yang dianggap paling penting, berikut beberapa contoh kecap wancahan dalam bahasa Sunda yang lainnya.”
Kecap Wancahan tina Ngaran Kadaharan
Dalam bahasa sunda kecap wancahan itu terbilang sangat banyak sekali, contohnya saja dari nama-nama makanan, ada banyak sekali kecap wancahannya. Sebagai contoh, berikut dibawah ini adalah contoh-contoh kecap wancahan sunda beserta dengan arti yang sebenarnya dari nama-nama makanan tersebut.
“Géhu” kecap wancahanna tina kecap “togé jeung tahu”. Tahu nu diselapan ku togé, dibulen ku tarigu tuluy digoréng.
“Comro” kecap wancahanna tina kecap “oncom di jero” (Nyaeta nu mangrupakeun kadaharan nu dijieunna tina sampeu, diparud, dibuleud-buleud tuluy di jerona di eusian ku sambel oncom. Diasakeunana ku cara di goréng)
“Gurilem” wancahanna tina kecap “gurih jeung pelem”. (Nu mangrupakeun kurupuk laleutik nu sagedé emih, disamaraan. Bahanna dijieun tina aci sampeu atawa tipung tapioka. Kurupuk gurilem asalna mah ti Cililin, Kabupatén Bandung Barat)
“Misro” kecap wancahanna tina kecap “amis di jero” (Nyaeta bahan kadaharan nu sarua jeung comro, dijieun tina sampeu tuluy diparud jeung digoréng, ngan eusi dibagian jerona make gula beureum.
“Sukro” kecap wancahanna tina kecap “suuk di jero” (Nyaeta nu di jieun tina tipung, dibuleud-buleud lalaeutik, di jerona di isian maké su’uk. Ngasakena ku cara digoréng. Dina basa Indonésia gé disebutna sukro, éta jelas-jelas pangaruh tina basa Sunda.
“Colénak” kecap wancahanna tina kecap “dicocol énak”. (Mangrupakeun kadaharan tina peuyeum nu di beuleum. Méméh dihuapkeun sok dicocolkeun heula kana kinca gula beureum)
“Ciu” kecap wancahanna tina kecap “aci jeung cau”. (Kadaharan nu tina aci sampeu tuluy dibungkus ku daun cau, di jerona sok maké cau diseupan. Biasana osok aya ditukang bajigur harita mah)
“Batagor” wancahanna tina kecap “baso tahu digoréng”. (Nu mangrupa tahu nu digiling dipaké ngabulen baso, dicampuran deui ku tarigu atawa tipung tapioka, tuluy digoréng. Kaasup kadaharan béh dieu, mimiti aya kira-kira taun 1980-an di Bandung)
“Peutcang” wancahanna tina kecap “leupeut nu dikacangan”. (Mngrupakeun kadaharan leupeut nu dijerona aya kacangan. Cara nyieuna dikulub, teu jauh béda jeung leupeut)
“Ciréng” wancahanna tina kecap “aci digoréng”. (Mangrupakeun dahareun nu bahanna tina aci sampeu atawa tipung tapioka nu dipasihan pasagi, tuluy digoréng. Aya oge ciréng anu dieusian ku daging, lauk, jsb)
“Cilok” kecap wancahanna tina “aci dicolok”. (Bahanna dijieun tina aci sampeu atawa tapiok, tuluy dibuleud-buleud jeung dicolok. Ngasakenana ku cara dikulub, tapi sok aya nu digoréng)
“Baslub” kecap wancahanna tina “baso dikulub” (Nu dijieuna tina bahanna tipung jeung daging nu giling, dibuleud-buleud jadi baso, saterusna dikulub)
“Hucap” kecap wancahanna tina kecap “tahu jeung kecap”. (Nu mangrupakeun tahu jeung lontong nu meunang masian, saméméh di huapkeun sok dicocolkeun heula kana sambel kecap. Kadaharan ieu kiwari has ti Kuningan)
“Jeniper” wancahanna tina kecap “jeruk nipis peres”. (Nu mangrupakeun inuman nu asalna tina buah jeruk nipis nu diperes. Kaasup barang anyar, ku lantaran kiwari jadi inuman has ti Kuningan oge)
“Baslor” kecap wancahanna tina kecap “baso jeung telor”. (Nu mangrupa baso nu dicolokan sababaraha hiji kawas saté), nu diasupkeun kana kocokan endog hayam, tuluy digoréng)
“Géco” kecap wancahanna tina “togé jeung tauco”. (Nu mangrupa kadaharan sarupaning jeung kupat tahu, ngan ie mah bedana maké tauco jeung diwuwuhan ku togé jeung goréng kentang laleutik panjang. Kupatna sok diganti ku lontong. Kiwari kadaharan ieu jadi has di Cianjur)
“Dokling” wancahanna tina kecap “dorokdok guling”. (Dorokdok anu di guling-gulingkeun kana samara, aya anu lada aya oge nu henteu. Ieu kaasup kadaharan anu kakara muncul anyar-anyar di Bandung)
“Jibeuh” wancahanna tina kecap “hiji ogé seubeuh”. (Mangrupa kuéh nu mirip roti nu kaitung gedé bari hargana murah. Sok aya oge nu nyebutna robur, sabab wangunna siga mobil Robur (baheula).
Nah, itu saja contoh-contoh kecap wancahan atau pemendekan kata atau singkatan yang ada dalam bahasa sunda beserta dengan penjelasannya,. Semoga bermanfaat untuk belajar maupun untuk menambah wawasan kita semua agar lebih mengenal kekayaan tata bahasa sunda yang banyak sekali ragamnya.
referensi:
Buku diajar basa sunda
Jabarnews Kang Budi Rahayu Tamsya