KAGIATAN OSIS

Kagiatan di sakola teh lain ngan saukur diajar di jero kelas. Pikeun para siswa anu hayang mekarkeun kamampuhna, di sakola aya rupa-rupa kagiatan, upamana bae pramuka, PMR, PKS, kasenian, olah raga, jsb.

Eta kagiatan teh kabehanana dikokolakeun ku OSIS. Naon ari OSIS? OSIS teh minangka hiji wadah kagiatan ekstrakurikuler sakola nu aya di unggal SMP/SMA. Anu mingpin OSIS dihiji sakola, nyaeta ketuana, tangtu miboga pancen pikeun ngalaksanakeun sarta ngordinasi kagiatan-kagiatan OSIS.

Kagiatan OSIS kudu bisa mantuan kalawan aktif lumangsungna atikan upamana bae Pramuka, PMR, PKS, Paskibra, Kasenian, kudu dirojong ku OSIS sangkan hasilna nyugemakeun. Kapangurusan OSIS ilaharna diganti unggal taun dina ahir semester kadua. Siswa anu kapapancenan jadi pangurus OSIS tangtu henteu sagawayah, tapi dumasar kana hasil milih dina Musyawarah Perwakilan Kelas (MPK).

Siswa anu kapilih jadi ketua OSIS kudu boga bakat kapamingpinanan dina dirina sarta diperedih boga kaparigelan husus pikeun ngokolakeun organisasi. Kitu deui, siswa anu rek mingpin organisasi kudu mibanda sipat-sipat husus nu dipiharep ku eta organisasi, upamana bae wijaksana dina mutuskeun hiji perkara, jembar pikiran, loba ide atawa gagasan, boga sipat guyub babarengan digawe jeung nu lian, jsb.

Ari kawajiban nu jadi anggota OSIS nyaeta kudu nyekel kana aturan disiplin OSIS, nyumponan kawajiban anu geus ditangtukeun ku oraganisasi, ngalaksankeun Panca Karya Setya (kode etik OSIS), sarta tumut tur ngalaksanakeun hasil musawarah MPK.

Ilaharna para pangurus OSIS anu anyar kapilih sok dibere latihan dasar kapingpinan ku pihak sakola, pangpangna ku guru-guru anu kapapancenan jadi Pembina OSIS. Maksudna ngarah para pangurus miboga pangaweruh ngeunaan kapamingpinan sarta prak-prakan ngokolakeun organisasi.

Thanks__
sumber referensi: google.com