Hasil Teknologi

Hidep tangtu geus apal pisan kana semen, nyaeta salah sahiji bahan poko pokeun nyieun bangunan. Urang Bogor malah kudu ngarasa reueus, lantaran di Cibinong Bogor aya pabrik
semen anu kasohor, katelahna Semen Cibinong. Saha jalma anu mimiti nyieun semen teh? Naon wae mangpaat semen dina kahirupan moderen kiwari?

Kamajuan teknologi teh gede pisan mangpaatna pikeun kahirupan manusa. Salah sahiji hasil teknologi anu loba digunakeun dina kahirupan manusa kiwari nyeta semen. Jaman kiwari urang geus teu bireuk deui kana semen teh. Upamak nyieun bangunan, salah sahiji bahan pokona nyaeta semen. Ku ayana semen, nyieun bangunan jadi leuwih gampang, boh nyieun imah boh nyieun gedong-gedong nu alagreng.

Baheula samemeh aya semen, nyieun bangunan teh kawilang barabe sarta merlukeun waktu anu kaitung lila. Pangna kitu lantaran harita mah nyieun bangunan teh bahanna tina batu. Eta batu teh disusun, tuluy ditaplokan ku taneuh anu meunang nyampuran ku keusik. Tangtu wae bangunanana kurang weweg, lantaran campuran taneuh jeung keusik mah kurang pageuh, babari rengat atawa bareulah.

Sanggeus aya nu bisa nyiptakeun semen, ngawangun jadi leuwih gampang sarta leuwih gancang. Tembok-tembok bangunan bisa dijieun leuwih ipis.

Nurutkeun sajarahna, semen teh mimiti dijieun ku Joseph Apdin, urang Inggris. Bahanna tina taneuh tela anu dicampur jeung batu kapur. Eta campuran teh tuluy digiling tepi ka lembut pisan. Geus kitu tuluy dipanaskeun dina suhu anu tangtu. Sanggeus jadi.

Ieu “bahan anyar” teh tuluy dicampur jeung bahan sejen nyaeta keusik jeung cai. Hasilna matak ngajenghok. Eta campuran teh bisa nyiptakeun bahan anu kacida teuasna. Malah dina kaayaan geus garing mah sanajan dicaian oge tetep teuas kawas batu. Eta bahan teh dingaranana Portlan semen.

Disebut kitu, lantaran eta semen teh mimiti dijieunna ku Joseph Aspdin di kampung Portlan, Inggris.
Pangwangunan rohaka anu mimiti ngagunakeun bahan tina semen nyaeta pangwangunan torowongan di jero taneuh, handapeun walungan Thames di London dina taun 1828.

Nalika Perang Dunia ka-1 ngajelegur, jumlah beusi jadi ngurangan lantaran loba dipake nyieun senjata perang. Lantaran hese beusi, pabrik kapal di Inggris harita tepi ka ngararancang kapal anu bahanna tina semen . teu kungsi kacaturkeun kumaha tuluyna eta kapal semen teh. Anu sidik, jaman harita, semen teh geus jadi bahan bangunan anu pohara populerna.

Dina jaman moderen ayeuna, campuran konstruksi beusi jeung semen geus bisa nyiptakeun wangunan-wangunan tohaga, kayaning gedong-gedong ‘pencakar langit’ nu ngajungkiring, bendungan, jambatan, jsb.

Semen teh kaasup hasil teknologi anu kiwari karasa gede pisan mangpaatna pikeun kahirupan urang. Cacakan lamun teu aya semen, kacipta bakal kumaha pangwangunan di alam kiwari bisa lumangsung. Di nagara urang pabrik semen teh geus kawilang rea, dug-deg di mana-mana, upamana bae pabrik semen Padang, Gresik, jeung pabrik semen nu aya di wewengkon Bogor, nyaeta pabrik semen Cibinong.

Thanks__
sumber referensi: google.com