Dongeng Mite Dewi Sri Basa Sunda

Dongeng Mite Basa Sunda “Dewi Sri”

Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman anu endah sinareng damai, nu namina “Taman Sorga Loka”. Dina tempat eta aya cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan Ibu” nu keur nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”.

Dewi Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” nu mangrupakeun hiji kabutuhan hirup. Minareng hal eta, Sunan Ibu miwarang sangkan Dewi Sri angkat ka Buana Panca Tengah.

Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah, asalkeun mangkatna dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda‘’. Permohonan Dewi Sri dikabulkeun ku Sunan Ibu. Sateuacan angkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda calik semedi nuhunkeun petunjuk ka “Hiang Dewanata”.

Saentos angges semedi sarta menang petunjuk, sareng ku kasaktianna dina waktos sakejap, rupa Dewi Sri ngabentuk jadi sahiji endog.

Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi endog, disimpeun dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang Kencana”.

Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka onggal panjuru kaler–kidul, ngulon-ngetan anu akhirna, dina hiji mangsa endog anu disimpeun dina kotak eta murag.

Ges jadi kahayangna anu maha kawasa, endog teh murag di hiji tempat anu mana eta tempat nu dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’. Dewa Anta anu terangen di tempat cicingna aya endog, mangkana eta endog teh di ingu.

Sangges sabaraha waktos lamina, eta si endog teh netes, teras lahir hiji wanoja anu gelis kacida anu te aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta “DEWI SRI”.

Dina rupana anu gelis pisan, loba raja-raja anu ngalamar sang putri pikeun di jadikeun pemaisuri. Didinya keneh kasebar barita ka sakabeh nagara pedah kageulisannana DEWI SRI.

Nanging, DEWI Sri hente ngarasa bungah, pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus ngingkar tugas kanu dimandetkeun kamanehna.

Dewi sri ngajelaskeun ka unggal raja, maksad kalahiranana teh sanes pikeun neangan calon salaki, tapi pikeun ngalaksanakeun tugas ti “Sunan Ibu” di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo nganugrahkeun “Cihaya” ka nagara gelar Buana Panca Tengah.

Tapi, lamaran terus wae daratangan, sarta akhirna Dewi Sri menang tekanan batin. Beuki lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah, dugi ka dongkap waktos Sang Putri nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun, erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa, Dewi Sri oge maot.

Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan. Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-aki jeung nini-nini nu keur milarian suluh jeung milarian dadaunan kanggo bekel hirupna duaan.

Sawaktos aki-aki jeung nini-nini kenging menang pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jadi tangkal bubuahan, dina bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna jadi tangkal aren.

Akhiirna aya niatan ti aki-aki jeung nini-nini kanggo miara eta tangkal aneh teh, jeung dibersihkeunna pusara sakuliring tangkal eta. Ku kasabaran sarta katekunan, teu karaos waktos parantos bulan ka 5 tangkal eta teh dipiara, buah nu tadi hejo teh ngeusi pinuh, jadi buah nu sadahan eta tungkul saking ku beuratna.

Sabenerna eta teh tangkal aneh naon? Pikir aki-aki sareng nini teh. Saentos sababaraha lami bede asup ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta teh, jeung siki-siki buah tadi teh jadi koneng, alus pisan katempona.

Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan di ala eta buah teh diasaan hela, prak teh eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa kanggo meuleum menyan kanggo menta idin ka “Hiang Widi”.

Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal teh, aki jeung nini rewaseun bari ngejat pedah dina dahan anu dipotong tadi teh ngaluarkeun cai herang jeung seungit kacida.

Gaduh niatan kanggo aki-aki eta teh melak tangkal eta deui, jeug siki-siki buah tadi dipelak deui disakuliring pusara “Dewi Sri”. Kaajaibanna oge kajadian deui, kusabab ku sakerejep ge siki-siki tadi hirup jeung buahan koneng oge.

Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang sampe kakumpulkeun beungkeutan siki-siki buah koneng nu loba pisan.

Ku kajadian eta, aki jeung nini jadi lieur. Kusabab, meunang hasil loba pisan dina waktos nu tereh dina buah saadahan. Nanging maranehna can nyaho naon ngarana eta buah teh?

Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan kenging kaputusan kanggo masihan ngaranna. Ujug-ujug nini ngusulkeun ngaran “Pare” kusabab maranehna bingung kanggo milih ngaranana, pare anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah eta teh tepi ayena disebut ngaran “Pare” (padi).

#Kesimpulan:

 

Dari cerita dongeng mite diatas yang dimaksud dengan “Nagara Buana Panca Tengah” adalah sebutan untuk Tatar sunda. Sedangkan pohon yang berbuah kuning dan lebat itu dinamakan “pare” yang konon (dewi padi) yakni “Dewi Sri”, yang merupakan cita-cita “Dewi Sri Pohaci Long Kancana” untuk melengkapi hidup yang disebut “CIHAYA”.

Thanks____
Sumber Dongeng: Google.com