Dongeng Mite Singkat Nyi Roro Kidul

Dongeng Mite Singkat Nyi Roro Kidul ti Wewengkon Tasikmalaya

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan  ku sabangsa oray nu kaluar tina larangan Nyi Putri.

Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy bae ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan pamajikannana.

Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan teh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku salakina.

Ceuk sakaol, keris Nagasastra teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris, eta jalma ngagem elmu sasar, nu  teu luyu jeung papagon agama.

Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut.

Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut Nyi Putri  katelah Nyi Roo Kidul.

Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih.

Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede, sabab ku cara kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana.

Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa jagat raya.

Thanks____
Sumber Dongeng: Google.com